Assalamu'alaikum ...
Punten..., ieu sim kuring nepangkeun warga anyar millis urang sunda.
Duh mani asa mendak suung sagunung, mendak millis ieu teh.
Kawitna mah, muka " Apa dan Siapa"na Pikiran Rakyat online. Eh aya seratan tentang mang Jamal anu janten kuncenna millisna urang sunda, anu anggotana pang ageungna sadunya tea.Sanes kitu kang Jamal? Teu diengkekeun deui ah der we daftar.
Puguh ieu sim kuring teh keur cuang cieung we di lembur batur di tatar Sudan. Sanes di tatar Sunda .Ieu mah di Afrika. Ari seratanna mah leres teu aya bentenna. Persis sami limalimaan hurupna teh , tapi jalmina teu aya nu tiasa basa parahiangan.
Janten kumendakna millis ieu jadi asa teu di lembur batur. Asa di Garut we.
Aeh ..., muhun ,nepangkeun tea. Sim kuring Dudi, Asgar. Umur tos cueut ka handap. Ayeuna
keur koreh-koreh cok di nagarana mendiang John Garang tea.
Nuhun ah ka PR ,anu tos masihan wartos ieu millis.
Sakitu we heula, Insya Allah engke dipajeng deui....
Wassalamu'alaikum
Dudi Mulyadi
Yahoo! Photos Showcase holiday pictures in hardcover
Photo Books. You design it and well bind it!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

