Mangga kalebet kang dudi, sok geura lahdi jamin betah di dieu mah.

Abdi ge kapungkur mah mani tiiseun di dieu tehh, ayeuna mah sumanget ka tempat damel tehh, da bade mukaan surelek ti US tea..hehehe

Nepangkeun abdi nu katelah (boh di milis, di padamelan atanapi di lembur) Yosep tea…eh teu nganggo tea deng..kawit ti Sumedang (asli suerrrrr)

Sami nuju kokoreh cok di lembur batur anu tebih ti tatar sunda, persis n amah di oman.

Sakali deui PRUNG ah…urang ramekeun ieu milis….geura pedar lalakon di sudan..

 

Baktos,

Yosep

 

 

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of dudi mulyadi
Sent: Saturday, January 14, 2006 1:46 PM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Nepangkeun

 

Assalamu'alaikum ...

 

Punten..., ieu sim kuring nepangkeun warga anyar millis urang sunda.

Duh mani asa mendak suung sagunung, mendak millis  ieu teh.

Kawitna mah, muka " Apa dan Siapa"na Pikiran Rakyat online. Eh aya  seratan tentang mang Jamal anu janten kuncenna millisna urang sunda, anu anggotana pang ageungna sadunya tea.Sanes kitu kang Jamal? Teu diengkekeun deui ah der we daftar.

Puguh ieu sim kuring teh keur  cuang cieung we di lembur batur di tatar Sudan.  Sanes di tatar  Sunda .Ieu mah di Afrika. Ari seratanna mah leres teu aya bentenna. Persis sami limalimaan hurupna teh  , tapi jalmina teu aya nu tiasa basa parahiangan.

Janten kumendakna millis ieu jadi asa teu di lembur batur. Asa di Garut we.

Aeh ..., muhun ,nepangkeun tea. Sim kuring Dudi, Asgar. Umur tos cueut ka handap. Ayeuna keur koreh-koreh cok  di nagarana mendiang John Garang tea.

Nuhun ah ka PR ,anu tos masihan wartos ieu millis.

Sakitu we heula, Insya Allah engke dipajeng deui....

 

Wassalamu'alaikum

 

Dudi Mulyadi

   


Yahoo! Photos – Showcase holiday pictures in hardcover
Photo Books. You design it and we’ll bind it!


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke