|
Budaya ? aduh raraosan mah..teu cocok
abdi nyarioskeun anu kitu….teu biasa abdi
mah… Tapi urang cobian di pedar atanapi
di korek sakeudik kaayaan di tempat anu
ku abdi di
tincak ayeuna, KIEU GEURA : (Punten bilih aya anu
langkung apal, nyuhunkeun di lereskeun). Barudak Sareng aya hiji aturan anu matak
molohok, tapi ieu aturan henteu
terlalu di patok (tiasa nego),
sigana mun eta aturan berlaku
di urang teu kabayang kumaha
jadina nagara. Kieu , di dieu
amun rek NIKAH, kudu sadia duit minimal 10.000 Real Hidup ngawayuh…sok
saha anu bade yeuuuh…hehehe Rahayat Tah dugika kituna nya pamarentah keur nyiptakeun lowongan pagawean keur rahayatna…kumaha ari di
urang? Tapi di dieu mah karaos pisan
saling ngahargaan sareng ngahormati di antawis muslim sareng anu non-muslim teeh. Eta teu leupas ti kuatna hukum
anu aya di
dieu. Janten teu aya wee anu
hog-hag marebutkeun lauk, marebutkeun awewe, ngaributkeun soal agama, komo deui pembunuhan
sareng perkosaan mah. Estuning adem ayem enggelenggem, tiis ceuli herang mata
ceuk paripaosna mah. Kumahara ari di Urang ? gara gara
lauk / kejo ribut, gara gara
awewe, maehan batur (saingana), muslim sareng non muslim pasea, kitu
deui muslim sareng muslim hog hag…(punten ahhh sakali
deui). Atos ah capek ngacaprukna….punten ieu mah punten,
sanes abdi bade ngabandingkeun kaayaan di dieu sareng
di nagara urang, ieu mah
anu saena nya keur pi eunteungeun
urang anu awon na nya
kanggo pelajaran. Da boh kitu
boh kieu ge abdi tetep urang Indo sanajan ngarasa kuciwa ku kaayaan
ayeuna di urang. Sakali deui punten, ieu mah ngan
ngacapruk….kusabab teu aya padamelan…ngantosan di uihkeun
ka lembur matuh banjar karang pamidangan…heheheheehe Kulantaran kitu urang tutup wae lawang
si gotaka…jrek-jrek-nooooonnngg….TAMAT CAG ah… -----Original Message----- Muhunnya kang Yosep, bilih aya anu nyiwit, ulah
nyarioskeun nyandung, tapi pek wae ari hayang mah.....he he. Sok urang nyarioskeun, budaya waenya...Cing di oman,
budaya anu perlu di conto ku urang eta naon .? Cing ah. pedar...? ipeut (urang nyonto budaya batur seperti jepang, budaya
kerja efektif, atanapi managemen berbasis kinerja) Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
|
- [Urang Sunda] Oman oooh Oman.... Yosep Hania
- Re: [Urang Sunda] Oman oooh Oman.... Nenny Nenden Nenong
- Re: [Urang Sunda] Oman oooh Oman.... oman abdurahman

