Bral kang Kumi geura miang tandang,
 
Soal bahan presentasi, sakitu oge geus cukup metet, bisa-bisa waktuna teu nyukupan.
Ieu mah ukur tawis katineung wae aya sababaraha hal, kieu:
 
1) Dina ngaguar atawa presentasi peupeujeuh posisikeun urang salaku anu engeuh dina urusan teknologina wae (TI), kitu oge karek saeutik dina lebah ngamanfaatkeunana. Anapon urusan subtansina (basa Sunda, sejarah Sunda, aksara Sunda, jst), rupina di Simpay seueur anu langkung ahli ti urang;
 
2) Samemehna, luyu jeung materi-materi anu rek ditepikeun sewang-sewangan, aya alusna upama anu salila ieu naratas atawa matuh ngagarapan eta materi-materi dihubungan heula. Upamana, e-pupuh, TQBS, Koropak ka Mh, digitalisasi PS ka Mh jeung Pituin (salira mah teu kedah dihubungan deui, geus dalit :)  anu geus maneuh ngagarapanana. Wikipedia mah garapan salira ku anjeun, geus teu kudu dibejer-beaskeun deui. Teu aya sanes bisi aya tambahan atawa talatah anu alus lamun ditepikeun wae.
 
3)  Ngeunaan Unicode intina mangga bae bade dikenalkeun mah. Namung hal eta teh masih atah keneh. Masih mangrupi proses nu kedah dibadantenkeun ku seueur pihak margi peryogi kaahlian khusus sareng dukungan beaya nu ageung. Bilih bae aya jalmi atawa hiji lembaga nu nyanggeman ngalaksanakeun proyek unicode nya mangga bae, ngan poma supaya konsekuen dipigawe nepi ka anggeus, dugi ka junun.
 
4) Ngeunaan manusa Sunda anu aktif sareng rancage di milist seueur pisan. Upama eta disebat KUSnet, nya aya anu tos gabung dina hiji lembaga sapertos yayasan atanapi masih nyorangan. Mugi kaangken wae sadayana. 
 
5) Bisi si kuring teu bisa hadir ngaluuhan eta acara, tawakufna wae. Kalawan catetan:  si kuring rek miluan hadir di alam maya ngalagkungan YM atawa milist. Pamugi wae dina eta acara teh tiasa oge kapidangkeun dina tangtungan online-na.
 
Sakitu wae Kang
baktosna,
manAR

On 1/19/06, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya, saptu ayeuna teh insyaAlloh bade aya riungan SIMPAY di UI Depok.
Hususon sasih ieu, SIMPAY ngulem Kusnet salaku panyatur. Pami teu aya
halangan, simkuring spk. baris midangkeun sababaraha hal nu pakait jeung
basa Sunda di Internet:

* Basa Sunda di Internet sacara umum: loka/situs nu nembongan dina basa
Sunda, boh nu resmi ti organisasi/media massa, milis2 Sunda, oge loka2
pribadi samodel blog nu midang make basa Sunda
* Kusnet jeung kagiatanana: Profil Kusnet-Yayasan Perceka (& proyek2na),
digitalisasi pustaka2 Sunda, e-pupuh, TQBS, Wikipedia, aksara Sunda dina
komputer (+ proposal unicode), sareng naon deui nya?

Bilih aya anu bade sumbang pamendak, diantos pisan. Oge simkuring hoyong
terang, kinten2na saha bae anu bade sumping ti urang2.

Sakitu heula anu kapihatur, diantos pisan pamendak2na...

--
sikandar


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
   http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
   [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
   http://docs.yahoo.com/info/terms/






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke