Sateu acanna sim kuring nyungkeun panghapunten ti para wargi sadaya, ku
margi basa
Sunda sim kuring kacida awonna. Janten upami aya lepat-lepat kecap atanapi
pamaksadan
supados ngamaklum sareng kersa ngoreksi/ngalereskeun.

Nepangkeun Sim kuring wasta Ari R. Fikri, linggih di Ciwidey anu kawentar
ku situ Patenggangna. Dupi yuswa nembe 27 tahun, parantos nikah, sareng ku
Gusti
nu Maha Suci di percanten amanah kagungan putera hiji nu yuswa na nembe opat
sasih.
Padamelan kuring software developer nu kantorna namina SET-INDO di Buah
Batu, Bandung.
Nampi info tina milis koran PR, yen geuning urang sunda teh aya porumna,
janten nyobian
hoyong ngiringan kana milis ieu.
Ari tujuan sim kuring ngiringan milis ieu teh, bade balaka we, ku margi basa
sunda sim kuring kacida
awonna, bari di borojolkeun sareng di ageungkeun mah di tatar sunda,
sadidinten malah nyangem
basa sunda, malah mah teu acan kantos ninggalkeun pulau Jawa, tapi upami
nyangem nganggo
undak-usuk basa mah kacida ngisinkeunna. Eleh ku para wargi anu tos
ninggalkeun tatar Sunda taun-taun
ngumbara di nagara deungeun. Ku margi kitu sugan-sugan ku jalan ngiring
milis ieu basa sunda sim kuring
tiasa improve (naonnya basa sunda na ?), sareng nambih dulur urang Sunda di
sakuliah dunya.

Mugi-mugi wargi sadaya kersa nampi sim kuring lebet kana milis ieu.

Wassalam,

Ari R. Fikri






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke