Kang Faisal....
Sunda Ageung sareng Sunda Alit teh eta sebatan
konvensional ti para geographer pikeun ka sakumpulan
pulo-pulo di Nusantara anu aya kaitanana sareng
kondisi geologi. Pulo-pulo nu aya di Paparan Sunda,
kacuali Sulawesi, nyaeta Sumatera, Jawa, sareng
Kalimantan lebet ka kalompok Sunda Ageung. Ari paparan
sunda teh nyambung ti samananjung Malaya sareng asia
tenggara. Ari sebatan sunda alit nya pikeun ka
pulo-pulo di Nusa Tenggara. Kunaon namina Sunda Ageung
atanapi Sunda Alit? Na sanes Jawa Ageung sareng Jawa
Alit? Duka teuing eta mah teu terang...hehehe
Salam
N'day

--- faisal akbar <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Saha nu terang sabab sabab na, Baheula "semenanjung
> Indonesia" kalebet oge "semenanjung malaysia"
> disebat
> sunda ageung jeung alit ??
> Aya sajarawan anu tiasa ngungkapeun ieu ?? Leres ieu
> teh ngan masalah "terminologi" hungkul atanapi aya
> pangakuan kana sajarah sunda anu ageung ??
> 
> Dina buku sajarah nu kapengker abdi pernah maca yen,
> Sumatra (include Malaysia), Kalimantan (include
> malaysia), Sulawesi sareng Jawa (ayeuna),
> disebatkeun
> SUNDA AGEUNG.
> Pulau2 alit dibelaheun timur jawa, bali, NTT/NTB,
> timor sareng Irian (upami teu lepat) disebatkeun
> SUNDA
> ALIT.
> 
> Dina bahasa Perancis, 
> SUNDA AGEUNG disebatna "les grandes Iles de la
> sonde".
> SUNDA ALIT disebatna "les petits iles de la sondes".
> 
> Aya sajarawan anu tiasa ngajelaskeun ieu ?? 
> Naha urang bule wantuneun nyebatkeun yen, Indonesia
> sareng Malaysia nu kapengker teh SUNDA AGEUNG sareng
> SUNDA ALIT. Enya bener eta teh kasalahan kolot urang
> nu baheula (sareng urang bule nu baheula). Upami aya
> nu nyebatkeun eta aya kasalahan, Naon dasar na ??
> 
> Naha dina buku2 Sajarah Indonesia nu ayeuna "istilah
> terminologi" ieu, saolah2 disumputkeun.
> 
> Naha ayeuna Indonesia, sok disebat2keun NUSANTARA.
> anu
> kalebetna pamanggih GAJAHMADA (nu sajabana teu
> berhasil maksadna alias cacak hukum) da di u-udag ku
> pamarentah MAJAPAHIT. 
> 
> Sanes eta teh upaya kanggo ngalihkeun peran urang
> SUNDA ?? Supados urang sunda teu uningaeun kana
> SAJARAH-na ?
> 
> Sok ahh urang harudang....
> 
> 
> 
> 
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam
> protection around 
> http://mail.yahoo.com 
> 
> 
> 
> 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke