Di sagara Atlantik, deukeut Amerika Tengah, aya kumpulan pulo-pulo, 
nu 
disebut kepuloan Hindia Barat. Pulo-pulo ieu lain tadina bogana 
India nu 
jauhna rewuan kilometer ti India, tapi tina salah sangka Columbus nu 
nyangka 
manehna tepi ka India. Columbus boga kayakinan yen dunya teh buleud, 
jadi 
rek berlayar ka arah wetan atawa ka kulon oge, engkena bakal nepi ka 
India, 
tujuan petualang-petualang bule jaman harita. Columbus memang 
nimukeun 
daratan, tapi lain India, tapi benua anyar nu akhirna diaranan 
Amerika ( 
Aran Amerika dicandak tina nami jurutulis Columbus dina 
petualanganana). 
Salah sangka ieu oge ka jelema aslina nu disangkana urang India, 
tepi ka 
ayeuna urang asli benua Amerika disebutna teh INDIAN.

Jadi leres ceuk MJ, istilah "Greater Sunda" sareng "Lesser Sunda" ti 
para 
petualang /pelaut Eropa abad ka 14/15. Ngan jigana keur jaman harita 
teh, nu 
disebut Sunda ( duka kota atawa duka pelabuhan) kaasup nu kasohor di 
pulo-pulo nu ayeuna disebut Indonesia. Naha kasohorna kulantaran 
perang 
Bubat? nya tiasa wae. Tapi tiasa oge, kulantaran eta palabuhan/kota 
teh rame 
pisan, pusat eknomi anu ageung tepi ka jadi jugjugan timana-mana 
ditambah 
deuih pangawasana oge someah kanu datang, sanajan nu datang teh 
awakna gede 
jeung warna kulitna beda.

Nu kaduana, aya kamungkinan, palabuhan-palabuhan di pantura nu 
galalede 
(jiga Semarang, Lasem, Gresik) pangawasana geus ngagem agama Islam 
jadi teu 
pati resep ka pelaut-pelaut urang Eropa nu agamana Katholik. Beda 
jeung 
palabuhan Sunda Kalapa atawa nu sanesna, nu masih dikawasa ku 
pangawasa 
Pajajaran nu agamana Hindu. Nu matak teu aneh, para petualang GGG ( 
Glory, 
Gold and Gospel) ieu berlabuhna di palabuhan-palabuhan Pajajaran ( 
Contona 
Tom Pires). Kuring kungsi maca, yen raja Pajajaran teh kungsi nyieun 
perjanjian jeung Protugis keur ngalawan pasukan Islam ti arah wetan. 
Tapi 
waku bala tantara Protugis balik deui ka Sunda Kalapa, Sunda Kalapa 
geus 
dirurug ku tantara ti Demak jeung aranna geus diganti jadi Jayakarta.

Meureun eta oge .............hehehehehe

Baktos,
WALUYA


----- Original Message ----- 
From: "MRachmat Rawyani" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Tuesday, January 24, 2006 2:52 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Sunda Ageung jeung Sunda Alit


> Rek miluan ngalokan ah.
>
> Ceuk mang Hasan Djafar, dosen arkeologi FIB UI, di
> Indonesia teh kerajaan anu pangkolotna aya di
> wewengkon Jawa Barat (Tarumanagara tea). Harita oge
> tos aya palabuan laut. Para palaut asing anu ngahaja
> balayar neangan rempah-rempah teh pangheulana nya
> balabuh di sunda kalapa (padahal ceuk Mang Ayat lamun
> "taat asas" kana struktur basa sunda, kuduna "Kalapa
> Sunda"). Tah para bule teh, langsung wae nyieun peta
> pulau-pulau di Nusantara make dadasar/acuan ti Sunda
> kalapa tea, dimana maranehanana mimiti nincak pulo.
>
> Perkara ngangaranan "Sunda ageung, sunda alit" ieu oge
> bisa disaliksik ka jaman kiwari. Pan wewengkon di
> dunya ieu teh dingaranan Asia Barat, Asia Tengah,
> Timur Jauh, Asia Tenggara, Eropa Barat, Eropa Timur,
> timana cing patokanana? Ti nagri barat (eropa barat).
> Tah upama ningali perkara kieu teh, katingali
> egosentrisna urang barat teh, pusat dunia ayana nya di
> Barat. Padahal ceuk urang Jepang mah di Jepang. Ari
> ceuk urang Mesir, pusat dunya aya di Mesir. (tapi aya
> urang Jepang anu nalungtik, ceuk cenah peuseur dunya
> teh ayana di Bandung, deukeut pasantrenna AA Gym, nya
> ditempat eta dijieun pusat internet(?)}
>
> Lamun baheula para pelaut Eropa barat nganjang ka
> Nusantara, terus "terdampar" kasasar di Bali, bisa
> jadi bakal aya Kepulauan Bali gede jeung Kepulauan
> Bali leutik.
>
>
> mrachmatrawyani









Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke