Kang Ari... akang teh aya di kota naon di Jermanna? Biasana upami hoyong tepang sareng sasama urang Indonesia, dongkap wae ka Mensa - kantinna mahasiswa di Universitas. Sisiangan aranjeuna sok ngarumpul amakan siang tah di Mensa teh. Mun tos kapendak didinya biasana informasi teh tambih lancar. Salam N'day
--- "Ari R. Fikri" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Sateu acanna sim kuring ngahaturkeun nuhun kana > pamapag (--sambutan ? %-( --) ti para wargi sadaya > kana > panepang sim kuring. > Nembe sababaraha dinten ngiringan geuning mani > murudul posting na, > bari ku abdi teh di set kana daily digest, ieu teh > tangtos nandakeun yen > milis ieu kacida aktifna. > Sim kuring teh di damel di perusahaan nu gaduhna > urang Jerman, mung > ari garwana ( atanapi istrina ?) mah urang sunda. > Janten upami komunikasi > teh sok via istrina bae. > Hoyong pisan sim kuring teh tiasa basa Jerman, > milarian batur urang Jerman > kanggo > diajar anu ngartos kana bahasa inggris oge mani ka > sesah. (Kantos milari > dina Friendster) > Komo deui nu tiasa basaSunda mah. Ku kitu na kumargi > sim kuring terang yen > aya wargi urang nu linggih > di Jerman, mugi kersa nunjukeun kinten-kinten dimana > sim kuring tiasa > milarian > jalmi nu kersaeun janten sahabat pena ( naon nya > basa sundana ?) anu lancar > bahasa Jermanna, sareng upami teu tiasaeun basa > Indonesia atanapi Sunda mah > basa Inggris sim kuring teu patos ngisinkeun teuing. > (Janten upami > pamaksadan anu > sesah di kedalkeun dina basa Jerman, tiasa di > kedalkeun ku basa Inggris). > > Hatur nuhun nu kasuhun sateu acanna. > > Wasalam, > > Pun Ari thea. > > > > > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

