Lah.... meni resep kang Oman kadeh ah dina sajarah mah saurna para 
sohabat sapertos Abu Bakar, Umar Bin Khotob jst. Kenging jabatan teh 
kalahka nyegruk bakating ku sieun...
Angot kang Oman apanan janten inohong di Geologi, mana teuing 
langkung nga-Geol... nya... da upami teu lepat mah Geologi teh ilmu 
tentang nga-Geol  hehehehe

Wilujung ah... mung sing atos2 kang!

Deny
--- In [email protected], indung peuting <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Wilujeng kang Oman, wilujeng janten pajabat. 
>   Ngiring bingah, mugia eta amanah teh janten manfaat kanggo 
sadayana.....Amin
>    
>   ipeut
> 
> oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>     Heuheuheu....dasar harewos SATENGAH bojong nya....aya anu 
leresna, aya anu lepatna. Mangga, seja ngalereskeun, bilih janten 
lepat informasi.
>    
>   Dinten Senen anu karek liwat, memang sim kuring dilantik deui 
dina jabatan anu anyar. Sacara eselon mah teu naek jabatan teh, ngan 
posisi sigana rada naek. Ti heula si kuring minangkana mah kasub 
bagean dokumentasi & informasi (eselon IV), direktorat tata 
lingkungan geologi dan kawasan pertambangan (eselon II). Ayeuna, 
jabatan teh salaku kasubag Penyiapan Rencana Kerja (eselon IV) di 
bagean Sekertariat Badan Geologi (eselon III), Badan Geologi (eselon 
I). Jadi, ti heula mah di salah sahiji kantor unitna, ayeuna di 
pusatna. 
>    
>   Anapon Badan Geologi eta hasil reorganisasi tina Direktorat 
Jenderal Geologi jeung Sumber Daya Mineral (DJGSM). 
Jadi........tugas ayeuna teh kabagean ngararancang program Badan 
Geologi anu mayungan 5 unit eselon II (Sekertariat, Pusat Sumber 
Daya Geologi, Pusat Lingkungan Geologi, Pusat Survey Geologi, Pusat 
Vulakonologi dan Mitigasi Bencana Geologi, jeung Balai Penyelidikan 
dan Pengembangan Teknik Gunungapi). 
>    
>   Aya anu seja diguar leuwih teleb, nyaeta ngeunaan Badan Geologi 
(BG). Ieu instansi lahir kulantaran pangdesek sangkan geologi leuwih 
mandiri, teu ukur dikaitkeun keur kaperluan neangan mineral 
(sarupaning barang tambang) wae siga anu enggeus-enggeus. Ayana 
kajadian bencana alam saperti tsunami, lini (gempa bumi), tanah 
longsor, jst, anu tambah ngaronjta, enas-enasna mah mangrupa masalah 
tata ruang anu kurang nimbang-taraju pangaweruh geologi. Hal ieu  
nimbulkeun pamenta sangkan lingkungan sakabeh aspek geologi  tambah 
atra kinerjana (gawena). Leuih jauh, hal ieu meredih sangkan geologi 
jadi tambah mandiri ngebrehkeun icikibungna boh dina widang sumber 
daya mineral (geo-resources), bencana alam (geo-hazards), jeung 
lingkungan geologi (geo-environment). Nya dina tangtungan instansi 
eselon I mah hal eta teh ngarupakeun pamenta sangkan sagancangna 
diwangun Badan Geologi tea. Nya karek kamari dikukuhkeun Badan 
Geologi teh. 
>    
>   Kahayang para geolog mah ieu Badan Geologi teh langsung 
disahandapeun Presiden (jadi Badan Geologi Nasional), lain 
sahandapeun hiji departemn. Orokaya, pikeun ka dinya teh lain proses 
anu gampang jeung tereh. Sabab, instansi-instansi anu pakait jeung 
geologi teh lain ukur di sadepartemen (ESDM atawa Pertambangan, 
baheula mah). BMG jeung LIPI oge icikibung dina geologi. Kukituna, 
samemeh ieun Badan Geologi sifatna Nasional, nya ditempatkeun heula 
disahandapeun Dep. ESDM, minangka indungna. Engkena mah, cenah, rek 
jadi Badan Geologi Nasional. 
>    
>   Sakitu para wargi. Hapunten, ieu mah wawar soteh lain rek agul 
ku payung butut, tapi seja ngalelempeng harewos satengah bojong wae. 
Pamugi aya manfaatna.
>    
>   baktos,
>   manAR 
>    
>    
>    
>   
> 
>  
>   On 1/26/06, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:   
Nguping wartos sonten kamari, Kang Oman nembe
> diistrenkeun janten Kabid anu aya pakaitna sareng
> Lingkungan di Direktorat Geologi. Ieu teh institusi 
> enggal di lingkungan kantor Kang Oman mah. (punten
> Kang Oman nami lengkapna kuring kirang paos).
> 
> Jigana Kang Oman dina tugas anu enggal ieu teh
> sapertos, "bedog asup ka sarangkana". Ari saur pun 
> bojo mah, Kang Oman kantos damel di Kementrian
> Lingkungan Hidup.
> Mangga geura guar rarancang anu bade dipidamel di Jawa
> barat.
> 
> baktos,
> 
> mrachmatrawyani
> 
> 
> 
> 
> __________________________________________________ 
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
> http://mail.yahoo.com
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> 
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> 
> 
> 
> 
>   SPONSORED LINKS 
>         Corporate culture   Business culture of china   
Organizational culture     Organizational culture change   Jewish 
culture 
>     
> ---------------------------------
>   YAHOO! GROUPS LINKS 
> 
>     
>     Visit your group "urangsunda" on the web.
>     
>     To unsubscribe from this group, send an email to:
>  [EMAIL PROTECTED]
>     
>     Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of 
Service. 
> 
>     
> ---------------------------------
>   
> 
>   
> 
> 
> Send instant messages to your online friends 
http://uk.messenger.yahoo.com
>






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke