Komentar sim kuring diselipkeun dina seratan Kang Yudi : ----- Original Message ----- From: "Yudi Irmawan" <[EMAIL PROTECTED]> > Mairan ah sakedik, mugi2 nambihan pupurieun. > > Ceuk sawatara inohong mah ceunah Coca Cola jdd (jeung dulur2na) teh > dipikangewa lain ku barangna tapi ide satukangeunna. Ceuk maranehna > oge produk2 ieu teh siloka ti na ideologi numpuk harta (capitalisme). > Sanajan enya pausahaan2 ieu mere lapangan kerja, merlukeun bahan baku > tapi di sisi lian pausahaan2 ieu maehan usaha2 sejen ku lantaran teu > kuat modal pikeun 'ngalawan'. Antukna loba pausahaan nu paeh nu > ngakibatkeun loba jelma nu robah tina 'sodagar' jadi 'kuli' nu renghap > ranjugna gumantung ka pausahaan2 eta!! Nya ai nu gaduh TNC MNC na mah > langkung mereqis kanjut kundangna atuh!
WALUYA : Leres pisan eta teh perushaan gede modal tiasa maehan perusahaan leutik. Tapi kang Yudi, sakali deui urang kudu NYONTO ka urang kulon kumaha maranehna ngatur supaya ngirangan kajadian jiga kieu. Di Amerika aya undang undang anti monopoli. Sing saha wae nu perusahaanana rek ngawasa pasar, pasti kudu dibeulah/dipecah. Tong boro perusahaan nu jiga Coca Cola (lawanna anu ageung pepsi Cola), perushaan nu urusanana keur publik wae jiga perusahan telepon jeung listrik wae teu meunang dikeukeuweuk ku sorangan. Bill Gate jeung Microsoftna, sabenerna kareueus Amerika, tapi urang Amerika teu mikeun lamun Bill Gate ngeukeuweuk kauntungan sosoranganan. Microsoft kantos didenda jutaan dollar gara-gara Opertaing system Window aya internet Explorerna da maehan perusahaan software nu sejen nu nyieun software keur lalayayaran di internet nu sarua jeung Internet Explorerna Microsoft. Di urang? ...............rarasaan teh kabeh perusahaan gede nu bogana eta-eta keneh. Lamun teu si "eta" nya si "itu". Ti mimiti pausahaan nu nyieun mie, sanajan merkna beda-beda tepi ka perusahaan telekomunikasi. Janten dimana aya kapitalisme teh? rarasaan kuring mah di dieu, di lembur urang, pangusaha numpuk modal, tepi ka usahana ngaracabang kamana-kamana, maehan pausahaan leutik. Teu percanten? mangga we taroskeun kanu usaha leuleutikan ........ Nolak kapitalisme sanes ku ukur kukulutus, ngabaikot nu teu puguh, tapi ku regulasi pamarentah jeung taat hukum pangpangna mah. Ngalawan "icon" wungkul, tungtungna jadi piseurieun. KFC, McD sabenerna mah geus "dibaikot" ku model kuring mah nu geus umurna rek ngaleuwihan satengah abad mah. "Image" KFC atawa McD keur kalangan nu geus aya umuran mah, eta teh kadaharan keur budak leutik jeung ABG ! > Aya oge inohong2 nu manghanjakalkeun cara pausahaan ieu neangan pasar > jeung barang. Baheula ieu teh dilakukeun ku ngadatangan langsung make > bedil. Ayeuna? Globalisasi teh ceuk inohong2 ieu mah cenah 'cultural > imperialisme' alias ngajajah pikir! Gombalisasi teh dikampanyeukeun > pikeun ngarobah pola pikir jelema, digiring pikeun mikir yen naon bae > nu datang ti beulah 'kulon' teh leuwih pinunjul. Tujuanna jelas: mun > pola pikir robah, gaya hirup oge robah, beh dituna pola konsumsi > tangtuna robah. Antukna barang2 jieunan maranehna nu tadina teu > diperlukeun oge jadi ujug2 payu. Conto nu pangentengna mah barudak > generasi MTV nu ngadadak jadi perlu meuli sketbor pikeun ngaganti > congklak! Pan kedah meser ti manehna sanes? Atuh tukang congklakna mah > ngegel curuk da manehna moal ujug2 bisa nyieun sketbor lin? WALUYA : Ieu oge satuju. Tapi saha nu bisa nolak? contona tong jauh-jauh kuring we. Baheula kuring teu pati butuh telepon, tapi ayeuna, lamun telepon di imah kuring ngadat, kuring gagancangan "kukulutus" ka Telkom. Geus aya telepon imah, jebul telepon seluler. Tadina mah kuring nahan diri, teu make. Tapi da lila-lila mah jadi perlu, da unggal kawawuhan nanya nomer HPna sabaraha. Indung barudak oge hayang, ngarah gampang "dihubungi" cenah, meuli deui. Budak nu sakola, sakolana rada jauh, melang, ngarah gampang komunikasi, bisi aya naon-naon, meuli deui. Nu babantu di imah, kabita, ngarenghik hayang dipangmeulikeun HP, hayang gaya ari lebaran balik ka lemburna. Jadi ..........di kulawarga kuring ayeuna aya alat komunikasi 5 siki!. Kulantaran kuring perlu email, salian keur ngobrol di Kusnet, tapi oge ku pagawean, kuring langgananan internet ka ISP. Tah nu dilakukeun ku kuring, pan sabenerna mah ngabeungharkeun kaum "kapitalis" sanes? da sadayana oge eta produk teh kentel modal gede ti nagara maju! Kuring oge sadar sasadar-sadarna, ieu teh dibentuk ku pola konsumerisme, tapi terus terang kuring teu bisa nolak ku arus ieu, paling-paling sabisa-bisa nahan diri, kitu oge lamun bisa. Manawi sugan kang Yudi terang, kumaha tah carana nolak hal nu kararieu? ............nutup diri jiga Korea Utara wae kitu? > Tungtungna mah nu ngewa ka pausahaan kieu jadi loba, lain di urang > wungkul tapi di kulon oge siga kitu. Conto nu panggampangna mah nya si > Penguin Linux tea nu digratiskeun pikeun ngancurkeun MikroSop. Boikot? > eta mah salahsahiji cara narik perhatosan we, contona Universitas > Unipersitas Edinburgh di Sekotlan ngalarang Coca Cola dijual di > lingkungan kampusna! > > Cag ah nyanggakeun, > Baktos > YI > > Baktos, WALUYA Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

