Para saderek baraya KUSnet sadaya. urang teh ayeuna mani "hog hag" nyarioskeun perkawis pornografi, play boy, aya nu pro, aya nu kontra, aya oge anu cicing wae. Tapi uninga heunteu, naon ari definisi porno teh? Kuring mostingkeun perkawis "erotisme sareng pornografi" kenging "mulungan" ti buku seratanana pa Benny H. Hoed. Judul bukuna teh nyaeta "Dari Logika Tuyul ke erotisme" anu diterbitkeun 2001.
Ieu mah pangalaman rerencangan kuring (istri anu pangawakanana alit), hiji mangsa ditugaskeun ku pausahaanana (grup media majalah wanita) ka Las vegas, ngaliput hiji acara. dihiji kios buku, anjeunna teh ningalian majalah Play Boy. sabada ningali eusiana, teras wae meser eta majalah. Si Tukang jaga buku kios mani mencrong teu ngiceup-ngiseup, bari (meureun ngagerentes na jero hatena, ieu aya budak leutik awewe/dibawah umur, bangsa kulit berwarna,meuli majalah jalma dewasa), teras naros ka rerencangan kuring. "jang naon maneh meuli majalah Play Boy?" Rerencangan kuring teh ngawaler kalayan kalem "dina majalah ieu, aya hiji wawancara, eusina alus pikeun conto jurnalistik." Sababaraha wengi kapengker, dina hiji stasiun televisi, aya dialog perkara majalah Play Boy. Anu ngawawancarana teh istri, ari nara sumberna teh Arswendo sareng wawakil ti MUI. sipewawancara teh ari masihkeun (contoh) majalah play Boy ka Arswendo biasa wae. Tapi ari masihkeun majalah eta ka wawakil ti MUI, make bari jeung ditutupan sagala. tina dua conto eta aya anu "menarik". Aya masalah budaya anu mangaruhan kana dua kajadian eta. Conto anu kahiji budaya anu bebas, tapi bari jeung nyaho wates-watesna. ari conto anu kadua, si pewawancara teh katingali dipangaruhan ku pipikiran "diskriminasi". Arswendo mah meunang ningali eusi majalah, tapi wakil ti MUI mah teu meunang (da ahli agama mah "suci", teu pantes nginali gambar anu teu uni - meureun, ieu mah sawangan kuring). Conto anu katilu ieu mah, nunjukkeun kayaan budaya urang di taun 1980 an. Lamun jaman harita, sok remen nongton pilem di bioskop mah pasti kenal ka bentang pilem anu ngaranna Edwige Fenech, anu sok ngabintangan pilem-pilem "panas". Salah sahiji pilemna teh judulna "Lady Chatterley's Lover". Kang Maman Gantra "pastilah" tos nongton pilem eta. Tapi "daek medu" kuring mah heunteu nongton pilem siga nu kitu. (Ngan nongton pilem "CALIGULA" wae he...he...he....). baktos, mrachmatrawyani __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
Erotisme dan Pornografi.doc
Description: 1310809044-Erotisme dan Pornografi.doc

