Kang Dudi, Ade Nasution teh nyebatkeun Sifat Urang Aceh beda sifat sareng Urang sunda, sabab urang Sunda mah cukup we dibere lilin, moal palarotes, (nu hartosna ka urang sunda mah gampang, teu hese, teu jiga ka urang Aceh). Saleresna nyariosna soal masalah Aceh, tapi dasar jelema atah warah alias teu nyakola, hayoh deuih mamawa urang Sunda nu teu aya hubunganana. Anggota DPR di urang, kadang-kadang lain jelema nu terang sopan- santun dina nyarios teh. Jadi wajar we aya nu ngagebug teh da nyariosna teu beda jeung preman di sisi jalan.
Baktos, WALUYA --- In [email protected], dudi mulyadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Punten wae maklum si kuring mah kirang terang dongengna. Eta Ade Nasution teh ngahina ka US teh kumaha kitu pokpokannana teh. Punten ah dongengkeun > si kuring hoyong terang > > Nuhun > Dudi Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

