Rupina, dina kecap "na" (abdi sadaya) dina kalimah eta teh lain wae diri (nyawa), tapi kaasup sagala rupa kaayaan anu kaalaman ku diri. Yen satemenna eta hakekatna sadayana ti Alloh, oge pangbalikanana ka Alloh. Maksudna, diri jeung sagala rupa kaayaanan eta ti Alloh jeung ka Alloh pangbalikanana.
Anu dimaksud sagala rupa kaayaan teh kayaning panyakit, papasten nepi ka urusan ajal. Anapon anu dimaksud pangbalikanana ka Alloh nya kana katangtuan ti Alloh tea. Kaasup katangtuan ti Alloh yen panyakit teh karana kasalahan urang-urang keneh (salah barang dahar, teu miara kasehatan, jst). Oge, katangtuan ti anjeun-Na: dina ngarandapan musibah urang kudu tetep tarekah ngobatanana jeung sabar dina nandanganana. Geus lir ari musibah ajal mah. Kitu manawi Bah Wily. baktos, manAR On 2/6/06, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Baraya, ari kecap "Innalillahi Wa'inna illaihi Rojiun", teh, upami teu > lepat mah hartosna " Asalna ti Alloh, mulang deui ka Alloh". Upami > hartosna sapertos kieu, cocog kanggo anu nembe ngantunkeun mah, ngan > ceuk kuring mah kirang cocog kanggo nu teu damang atanapi keuna musibah > sanes ngantunkeun mah. > > Tah kumaha baraya? > > Baktos, > WALUYA > > > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > > [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

