punten ngiring ngengklokan. punten mun sabalangbentor.

Sim kuring nolak kapitalismeu kusabab sababaraha hal ieu:
1. Kapitalismeu ngukur yen kabebasan indvidu jadi hal anu utama, khususna
dina ngadegkeun demokrasi. beuki gede kabebasan eta diadopsi, beuki gede
nilai demokrasi hiji nagara. Ceuk kuring, kompetisi individu saperti kieu
nyababkeun ayana kateuadilan. sabab, ngaibaratkeun sakabeh jalma sarwa
posisi jeung sagalana. komo deui mun asup kana lebah parebut "kue" ekonomi.
Deuh...anu pangkuatna anu bakal kumawasa. Ieu teh, cenah ngarupakeun sikap
liberal tea. Duka leres hanteunamah

2. Kusabab diturunkeun tina falsafah saha anu kuat eta anu meunang, maka
kapitalisme geus nyiptakeun hiji dunya versi manehna, anu sering disebutkeun
salaku nagara maju vs nagara berkembang. tapi anu paling penting nyaeta,
relasi antara dua kategori dunya ieu asimetris, alias, salilana nu leutik
hirup jang ngagedekeun nagri maju. conto:  mun urang meuli McD (salah sahiji
produk kapitalisme), saha anu paling diuntungkeun? nya anu boga eta di
Amrik.

3. Pan eta mah mekanisme pasar? kitu meureun argumena. enya argumen eta oge
anu dipake ku kaum kapitalis jang ngarutagkeun pasar tradisional,
kelembagaan lokal, jrrd. Tapi, kuring nanya? naha bener pasar teh bener2
aya? jeung naha bener ari pasar teh bener2 adil?  Naha nalika CArefour
nyieun hipermarket manehna bener-bener geus adil ka anu disabudereuna? naha
mampu ngajamin yen usaha masyarakat moal bangkrut? terus, naha yakin yen
kauntungan eta bisa mere kasajahteraan ka balarea?

4. Kapitalismeu oge anu nyababkeun ruksakna ekologi jeung nilei-nilei
lokalitas anu jadi ciri budaya urang. Atas nama "trend", "fashion", "mode",
"in", jrrd, kapitalismeu ngarurud gunung, walungan, sistim hirup, jsb, anu
akhirna nyababkeun kalaparan, kakurangan giji, jeung sajabana. kasusna kieu:
samemeh nilei-nilei kolektivitas pudar, masyarakat urang ngabogaan "early
warning system" anu geus embedded dina kasapopoeana. Tapi, kusabab
kapitalismeu geus ngancurkeun eta nilei ku logika kabebasan individu-na,
hal sarupaning kitu teu bisa katohyan, komo ka-atasi.

sakitu heula punten mun teu nyambung!




On 2/7/06, yudi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Induktif sareng deduktif resoning  teh tina ilmu logika Bah, salah sawios
> cabang Matematika,  sanes ti ilmu sosial. Padungdeng urang tiasa diteraskeun
> tapi kedah aya  nu ngelehan, ganti 'raket' tina deduktif kana induktif.
> Ari  'lapangan'-na mah tetep sami wae 'kapitalisme salaku sistem ekonomi'.
>
>   Kapitalisme.
>   Lain abdi teu satuju kana kahayang makmur tapi  justru ku lantaran
> 'sarakah' hayang leuwih ti makmur tapi adil tur ajeg  (sustainable).
>
>   Hayu urang tingali fakta nu  saleresna. Ayeuna di Amerika-nagara embahna
> kapitalis- sekitar 50% tina  kakayaan nagara Amerika dicepeng ku 1% ti total
> populasi. Kirang  langkung 15% rakyat Amerika jeung 20% anak-anakna aya dina
> kaayaan  miskin (perpetual poverty). Di Inggris, pausahaan Gate Gourmet
> mecat  800 karyawanna ngan dibere beja sababarahe menit samemehna.
> Kyoto  protocol nu menta supaya tiap nagara ngurangan emisi gas buang fosil
> 5%  tiap taun sampe taun 2012, sampe ayeuna teu diaku ku Amrik,
> nagara  panggedena ngaluarkeun gas buang karbon. Bayangkeun, ku tingkat
> produksi siga ayeuna sampai iraha  sumber energi urang bisa tahan? Kumaha
> anak-incu urang?  Di  Inggris, ayeuna di rencanakeun SPP, universitas
> Cambridge jeung Oxford  bakal narik SPP nu teu kahontal ku jelma 'miskin'
> Inggris.
>
>   Kadua,  "nagara  nu nganut faham kapitalis teh, ngatur kaayaan sosial-
> ekonomi rakyatna,  jauh ......leuwih alus tinimbang nu make sistem mana".
> Enak pisan nya  jadi kapitalis? Inggris makmur ku kapitalisme? Ke heula,
> Amerika,  Inggris, Perancis dsb nerapkeun sistem sosialisme dina
> kabijakan  sosialna (social-welfare). Kunaon bet ieu dinisbahkeun kana
> sistem  ekonomi kapitalisme?
>
> Hasil tina kapitalisme di nagara2 eta:  kesenjangan sosial, ngan
> kulantaran nagarana make sistem sosialisme  jadilah rakyat aya saeutik
> katulungan dina 'hak2 dasarna'. Mun kapitalisme tos  'disaluyukeun' makes
> sistem lain? Naha pantes dipuja tos mikeun  kasajahteraan ka nagara eta?
>
> Katilu, tong hilapkeun sajarah ekonomi nagara2 eta. Kapitalisme  muncul
> dibarengan ku ngajajah batur sabab nurutkeun itung2an rasio  nyieun bedil
> pikeun maksa batur supaya ngajual murah taneuh, minyak,  karet, kalapa,
> cengkeh jst ti nagara batur tur maksa manusana jadi  pagawe (rodi, romusha)
> teh leuwih murah dibandingkeun kauntungan nu  bakal dikeruk tur tibatan jual
> beuli sacara normal. Ieu maksadna  itung2an nu rasional teuing teh sanes
> mung ngukur ngitung  jual-meuli=untung.
>
>   Kadieunakeun, sabada ngajajah nagara2 eta teh jadi kaya (bayangkeun
> we  350 taun jual beuli ongkos meuli murah, ngajualna mahal). Ku
> lantaran  kaya atuh tiasa soson-soson konsentrasi ka hal2 sejen (elmu,
> HAM,  keadilan sosial jst). Ari nagara tilas jajahan? Tong bororaah
> mikiran  kaadilan sosial, nu kalaparan keneh oge aya. Ayeuna, sabada
> kapitalisme  dikritik nagara2 eta bade dijieun conto sukses: "Yeuh tempo
> nagara saya  makmur gara2 kapitalisme nu geus disaluyukeun".... hehehe
> janten palay  seuri maur abdi mah.
>
>   Ayeuna kana Islam vs kapitalisme,  cape bulak-balik nandingkeun ajaran
> kapitalis tur Islam mah, teu teurak  geuning. Ayeuna mah kieu we lah logika
> Abah teh kieu: Islam cocok jeung  kapitalis "Sabab nyaeta fakta (deui) aya
> nu agamana Islam tapi  oge kapitalis". Cik tina logika Abah di luhur urang
> modipikasi sakedik:  "Islam" digentos janten "budaya Sunda", "urang Islam"
> janten "Urang  Sunda" sareng "kapitalis" janten "Materialis". Kalimah di
> luhur janten:  "Budaya Sunda cocok sareng materialis sabab  nyaeta fakta
> (deui) aya Urang Sunda nu Materialis". Mun logika di luhur  leres, tangtos
> pernyataan kadua ieu ditampi atuh nya?
>
>   Imperialisme..
>   Bingung abdi mah ku kalimah ieu: "nya mangga bade diheureutkeun kana
> widang ekonomi mah". Naha bet abdi janten disebat bade ngaheureutkeun kana
> ekonomi pan ti payun oge abdi teh nyebatkeun istilah ieu dina konteks
> ekonomi sanes? Kaduana, "Ngan nu jelas mah dina kecapna oge budaya sareng
> ekonomi mah benten." Asana teh nu  langkung penting dia frase imperialisme
> budaya teh kecap  "imperialisme"-na sane "budaya"-na. Keun we lah eta mah
> keur engke deui  mun aya waktos.
>
>   Baktos,
>   Yudi
>      --- In [email protected], "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>   >
>   > Hatur nuhun waleranana kana "debat kusir" urang (kunaon tah pangna
>   > disebat "debat kusir"?, jigana jaman baheula aya delman tabrakan,
>   > kusirna paadu-adu omong .....hehehehe). Ngaos waleran Kang Yudi,
>   > wah ...kuring mah teu ngartos istilah deduktif sareng induktif
>   > sagala. Maklum teu kantos sakola elmu sosial. Janten kieu Kang Yudi,
>   > memang cara ningalina benten jigana mah. Kuring mah didasarkeun  heula
> ku fakta, ari kang Yudi mah, ngaos teorina heula, ari fakta mah  bade aya
> bade moal, da "saur bukuna" kitu, nya pokona mah kedah kitu.
>   >
>   > Margi kang Yudi bolak-balik bin keukeuh sureukeuh perkawis kapitalis
>   > awon, nya kuring mah nyanggakeun we, eta mah pamandegan Kang Yudi.
>   > ARi kuring mah malah teu percaya aya nu disebut "kapitalismeu" teh.
>   > Teu percaya bisa diteoritiskeun jiga kitu. Sabab nya eta ningali
>   > fakta yen nu disebut kapitalismeu teh geuning dina praktekna mah,
>   > disalulyukeun jeung jaman. Ceuk cohagna terus dibebener. Tepi ka nu
>   > disebut nagara nu nganut faham kapitalis teh, ngatur kaayaan sosial-
>   > ekonomi rakyatna, jauh ......leuwih alus tinimbang nu make sistem
>   > mana wae. Kang Yudi oge pan teu kersa ngajawab, waktos ditaros ku
>   > kuring, mana nagara Kapitalis teh nu saluyu jeung kriteria kang  Yudi.
> > Jadi ceuk pamikiran kuring mah, naha ari "ismeu" teu tiasa  dikoreksi >
> kitu, tetep we jiga definisina nu baheula. Tah upami  kapitalismeu > tetap
> definsina, hartosna ayeuna mah teu aya atanapi  ampir teu aya di > nagara
> asalna.
>   >
>   > Perkawis Imperialismeu budaya, nya mangga bade diheureutkeun kana
>   > widang ekonomi mah. Ngan nu jelas mah dina kecapna oge budaya sareng
>   > ekonomi mah benten.
>   >
>   > Atuh perkawis Islam sareng kapitalismeu. Ieu oge dina ningalina
>   > benten. Kang Yudi ningalina Islam sabage Ideologi ari kuring mah
>   > sabage Agama. Sabab nyaeta fakta (deui) aya nu agamana Islam tapi  oge
> > kapitalis. DUka naon hartosna ieu, naha si Kapitalis ieu tiasa
>   > disebat henteu Islam, kurang Islam atawa Islam sempalan. Tapi meureun
> > ceuk maranehna mah, manehna oge Islam.
>   >
>   > Perkawis urang Islam seueur jiga Bah Uki, eta sanes hartosna teu
>   > hoyongan jadi "kapitalis" ngan kasempetan kanggo "ageung"na we teu
>   > aya. Da buktosna (fakta deui) sueuer ayeuna di urang urang Islam nu
>   > ngadamel franchise, sapertos ayang Bakar Wong Solo, buka
> resto  dimana-> mana. Pinter deuih, istri-istrina anu nyepeng
> cabang-cabang  resto ieu, teu kudu ngagajih manager. Kitu deui sababraha
> resto Sunda,
>   > SIndangreret, Ciganea ...jrrd nu muka resto leuwih ti hiji.
>   >
>   > Perkawis "jurig" kapitalismeu nu diserat ku Kang Yudi:
>   >
>   > (1) dimeunangkeunna sawatara jelma ngawasaan  faktor produksi
>   > (2) pagawe dianggap faktor produksi
>   > (3) itung2an rasio  dijadikeun dasar utama pikeun neangan kauntungan
>   > ekonomis.
>   >
>   > Jawaban kuring :
>   > (1). Naha make teu kenging? teras kedahna saha atuh nu gaduh faktor
>   > produksi teh (teu pati ngartos nu disebat faktor produksi teh).
>   > Dicepeng ku Nagara, jiga BUMN di urang?. Atawa sahamna diicalna ka
>   > balarea?. Nagra-nagara maju apan ngayakeun aturan keur proteksina
>   > supaya ulah dimonopoli wae ku sosorangan. Punten kuring kapaksa
>   > lumpat deui ka nagara, sabab sadayana oge teu leupas ti nagara kumaha
>   > ngaturna. ATuran nu dijieun ku nagara ngarefleksikeun kumaha sikep
>   > rakyatna. Lamun rakyatna teu resep aya monopoli, nagara (nagara
>   > demokratis, anu ngadenge sora rakyatna) kudu nyieun aturan nu
>   > dipikahyang ku rakyatna. Contona di urang masyarakat teu resep
>   > pornografi, pan rek dijieun tah UUna.
>   >
>   > (2). Perkawis padamel dianggap faktor produksi, memangna kedahna
>   > kitu, pan padamel nu ngahasilkeun produksi teh. Perkawis padamel ulah
>   > dianggap "budak belian", nya didamel aturanana. Usaha-usaha modren
>   > nganggap karyawanana aset perusahaan, nu kudu dimumule. Janten
>   > pandangan karyawan oge aset pausahaan teh, lepat?. Sakaterang sim
>   > kuring, malah nu bahaya keur padamel mah, lamun didadmel di pausahaan
>   > leutik, nu jalmina kurang ti 10 urang. Biasana didieu nu sok
>   > nyangsarakeun padamel teh.........komo lamun jadi TKW mah, teu ka
>   > kontrol.
>   >
>   > (3). Ieu oge aneh, dagang ulah teuing nganggo ratio. Rugi atuh teu
>   > nganggo itung-itungan mah. Malah ceuk kuring mah dina usaha mah, kudu
>   > puguh untung-rugina. Da usaha mah sanes urusan sosial.
>   >
>   > Perkawis "eksperimen". Kuring teu nyebutkeun Islam dipake eksperimen.
>   > Kuring ngan nyebutkeun nyieun sistem sorangan, embung nyonto ka
>   > batur, da ngarasa sistem nu sorangan teh pangbenerna. Tapi contona
>   > teu acan aya. Kuring mere conto eksperimen "komunis" tea. Buktina
>   > ayeuna, kumaha? Tah eta panginten conto kumaha lamun urang mraktekeun
>   > ukur ceuk "text-book" wungkul!
>   >
>   > Bank Syariah? ....... kuring oge nabung di Bank Muamalat, keur
>   > bayaran budak sakola. Tapi ceuk kuring mah asa teu jauh beda jeung
>   > bank konvesional, ngan beda dina ijab Qobulna wungkul. Ceuk beja oge,
>   > duka leres henteuna mah, sistem bank Syariah ieu, ditolak di Timur
>   > Tengah, di nagara-nagara Arab, margi ceuk urang ditu mah angger teu
>   > cocog jeung sumanget anti riba. Tapi panginten nu ayeuna di Timteng,
>   > langkung terang ( kumaha akang2 sareng Teteh2 nu aya di Timteng
>   > kumaha sistem perbankan di Timteng?).
>   >
>   > Panutup, margi saur kang Yudi, "beda frekuensi", mangga bade diwaler
>   > deui oge, nuhun pisan. Tapi upami teu diwaler oge teu nanaon. Da ieu
>   > mah ukur resep wungkul, pedah keur rada suwung we teu pakepuk teuing.
>   >
>   > BAktos,
>   > WALUYA
>
>
> --
> >> yudi irmawan <<
> [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED];
> [EMAIL PROTECTED]
>
>
>
>
>
>
>
> ---------------------------------
> Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses.
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>


[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke