Tah kitu, kuring rada ngartos ari nganggo data mah, da teu nganggo data/fakta mah, kuring teu tiasa ngabayangkeun. Janten nu disebat nagara kapitalis teh Amerika jeung konco-koncona. Kuring oge satuju aya teu kaadilan didieu, kakayaan numpuk di sakumpulan jelema. ABah Jou nu di New York oge kantos nyerat di salah sahiji postingna. Ieu meureun nu mere teuing kabebasan kanu daekan, pinter, licik supaya tambah beunghar. Ngan kang Yudi, masalahna ayeuna, aya kitu nagara anu leuwih alus (relatif sabenerna mah) tinimbang nagara-nagara eta? Kunaon Rakyat Amerika, Inggris jeung konco-koncona teu barontak wae ari kateken ku sistem "bangkawarah" ieu mah? teu boga kawani kitu rakyat di nagara-nagara ieu, tepi ka nurut wae?................eta nu teu kaharti ku kuring mah. Kunaon ideologi komunis teu laku di nagara-nagara barat ari kapitalismeu "neken" pisan rakyatna?. Kunaon ideologi komunis malah laku di Rusia atawa di nagara-nagara nu kurang maju?
Perkawis nagara-nagara maju baheula ngajajah terus baleunghar, memang leres sabagian, tapi eta 50 taun kapengker. Tapi teu sadayana nagara barat tukang ngajajah. Amerika, ngan kungsi "ngajajah" Philipina dina waktu kurang ti 100 taun, eta oge kompensasi ti Spanyol kulanataran eleh perang. Kitu oge Philipina boga otonomi waktu dijajah Amerika. Nu disebut Presiden di Philipina geus aya ti samemeh Perang Dunya II. Jerman oge teu gaduh nagara jajahan komo eta mah nagara eleh perang jiga Jepang, tapi geuning bisa hudang deui, bisa sajajar deui jeung nagara-nagara nu meunang perang. Nagara-nagara Skandinavia sami teu gaduh jajahan. Bung Karno baheula keur jaman penjajahan pidato, nagara urang merdeka, nagari Walanda Bangkrut. Tapi buktosna? kalahka urang menta bantuan kaditu!. Tah Kang Yudi, cik pangjawabkeun, kumaha tah, kuring mah weleh teu kaharti!. Oh sareng ulah hilap, samemeh perang Dunya ka II, Amerika teh sanes nagara nu ageung pangaruhna di dunya. Amerika malah keur ripuh ku resesi jeung para gangster ngawasa dimana-mana. Amerika jadi "gede" saentasna Perang Dunya II. Perkawis rodi, budak belian kuring oge satuju eta kudu dileungitkeun di muka bumi ieu. Tapi balik deui, saha nu mimiti boga kasadaran kieu teh? Pan balik deui ka "kulon". Ti baheula oge rodi alias "budak" teh diperyogikeun keur sistem ekonomi jaman baheula. Jadi saleresna mah sistem ekonomi tradisional oge tetep nganggap jelema teh bagian tina sistem produksi jiga sistem kapitalismeu. Tah kulantaran kapanggih mesin-mesin keur ngaganti jelema, ti dieu mimiti aya kasadaran yen teu meunang "memperbudak" jelema. "Perang Saudara" di Amerika antara bagian kaler nu kapitalis industri jeung bagian kidul nu ekonomina ditunjang ku perkebunan nu perlu "budak-belian" disababkeun ku beda kapentingan. Urang Amerika kaler (Yankee), geus robah etikana yen "memperbudak" jelema teh salah. Amerika ngahapus sistem "perbudakan" saatosna perang Saudara ieu (Abraham Lincoln), ditarurutan ku nagara sanesna. Nagara nu pangahirna ngahapus "perbudakan", Arab Saudi di taun 1960'an!. Kuring lain rek manjangkeun "debat kusir" nyebut budak belian sagala, tapi kulanataran ieu aya hubunganana jeung "rodi" nu ceuk cenah mah salah sahiji sistem kapitalismeu. Tah kitu Kang Yudi, kunaon kuring jiga pro ka "kulon", padahal sabenerna mah kuring mah acan nincak-nincak acan nu disebut nagara kulon teh. Ngan kuring mah nyandak pikiran-pikiran positifna urang Kulon. Sabab rek nganggo teori naon wae, ismeu naon wae, angger ......... maranehna nu ngawasa dunya ieu, satungtung urang ...........teu nurutan cara mikir maranehna. Aya hiji conto sabenerna mah, Urang Korea Selatan (atawa oge Jepang ngan jepang mah samemeh PD II oge jelemana geus maju ngaleuwihan bangsa-bangsa Asia nu sejenna). Urang Korea Selatan ceuk cenah mah ditaun 1960'an masih kaasup nagara miskin. Tapi ayeuna, malah bisa ngayakeun Olympaide sagala. Kuring teu terang, naha urang Korea bisa maraju teh, kulantaran nyieun "ismeu" anyar atawa nurutan urang "kulon" nyieun kapitalis? Nu jelas di lembur urang, nerekab barang Merk "Samsung", "Hyundai", "LG" jrrd nyaingan barang-barang Jepang jeung barang-barang ti nagara "kulon". Ua Siddik panginten langkung terang kunaon Korea Selatan dugi ka jadi kitu. Baktos, WALUYA (Nu cangcaya kana sagala "ismeu", salian ti........pragmatismeu) ---- Original Message ----- From: "yudi" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Sent: Tuesday, February 07, 2006 4:03 PM Subject: [Urang Sunda] Re: Padungdeng atw debat kusir (tadina:.......... > Induktif sareng deduktif resoning teh tina ilmu logika Bah, salah sawios > cabang Matematika, sanes ti ilmu sosial. Padungdeng urang tiasa > diteraskeun tapi kedah aya nu ngelehan, ganti 'raket' tina deduktif kana > induktif. Ari 'lapangan'-na mah tetep sami wae 'kapitalisme salaku sistem > ekonomi'. > > Kapitalisme. > Lain abdi teu satuju kana kahayang makmur tapi justru ku lantaran > 'sarakah' hayang leuwih ti makmur tapi adil tur ajeg (sustainable). > > Hayu urang tingali fakta nu saleresna. Ayeuna di Amerika-nagara embahna > kapitalis- sekitar 50% tina kakayaan nagara Amerika dicepeng ku 1% ti > total populasi. Kirang langkung 15% rakyat Amerika jeung 20% anak-anakna > aya dina kaayaan miskin (perpetual poverty). Di Inggris, pausahaan Gate > Gourmet mecat 800 karyawanna ngan dibere beja sababarahe menit samemehna. > Kyoto protocol nu menta supaya tiap nagara ngurangan emisi gas buang > fosil 5% tiap taun sampe taun 2012, sampe ayeuna teu diaku ku Amrik, > nagara panggedena ngaluarkeun gas buang karbon. Bayangkeun, ku tingkat > produksi siga ayeuna sampai iraha sumber energi urang bisa tahan? Kumaha > anak-incu urang? Di Inggris, ayeuna di rencanakeun SPP, universitas > Cambridge jeung Oxford bakal narik SPP nu teu kahontal ku jelma 'miskin' > Inggris. > > Kadua, "nagara nu nganut faham kapitalis teh, ngatur kaayaan sosial- > ekonomi rakyatna, jauh ......leuwih alus tinimbang nu make sistem mana". > Enak pisan nya jadi kapitalis? Inggris makmur ku kapitalisme? Ke heula, > Amerika, Inggris, Perancis dsb nerapkeun sistem sosialisme dina kabijakan > sosialna (social-welfare). Kunaon bet ieu dinisbahkeun kana sistem > ekonomi kapitalisme? > > Hasil tina kapitalisme di nagara2 eta: kesenjangan sosial, ngan > kulantaran nagarana make sistem sosialisme jadilah rakyat aya saeutik > katulungan dina 'hak2 dasarna'. Mun kapitalisme tos 'disaluyukeun' makes > sistem lain? Naha pantes dipuja tos mikeun kasajahteraan ka nagara eta? > > Katilu, tong hilapkeun sajarah ekonomi nagara2 eta. Kapitalisme muncul > dibarengan ku ngajajah batur sabab nurutkeun itung2an rasio nyieun bedil > pikeun maksa batur supaya ngajual murah taneuh, minyak, karet, kalapa, > cengkeh jst ti nagara batur tur maksa manusana jadi pagawe (rodi, > romusha) teh leuwih murah dibandingkeun kauntungan nu bakal dikeruk tur > tibatan jual beuli sacara normal. Ieu maksadna itung2an nu rasional > teuing teh sanes mung ngukur ngitung jual-meuli=untung. > > Kadieunakeun, sabada ngajajah nagara2 eta teh jadi kaya (bayangkeun we > 350 taun jual beuli ongkos meuli murah, ngajualna mahal). Ku lantaran > kaya atuh tiasa soson-soson konsentrasi ka hal2 sejen (elmu, HAM, > keadilan sosial jst). Ari nagara tilas jajahan? Tong bororaah mikiran > kaadilan sosial, nu kalaparan keneh oge aya. Ayeuna, sabada kapitalisme > dikritik nagara2 eta bade dijieun conto sukses: "Yeuh tempo nagara saya > makmur gara2 kapitalisme nu geus disaluyukeun".... hehehe janten palay > seuri maur abdi mah. > > Ayeuna kana Islam vs kapitalisme, cape bulak-balik nandingkeun ajaran > kapitalis tur Islam mah, teu teurak geuning. Ayeuna mah kieu we lah > logika Abah teh kieu: Islam cocok jeung kapitalis "Sabab nyaeta fakta > (deui) aya nu agamana Islam tapi oge kapitalis". Cik tina logika Abah di > luhur urang modipikasi sakedik: "Islam" digentos janten "budaya Sunda", > "urang Islam" janten "Urang Sunda" sareng "kapitalis" janten > "Materialis". Kalimah di luhur janten: "Budaya Sunda cocok sareng > materialis sabab nyaeta fakta (deui) aya Urang Sunda nu Materialis". Mun > logika di luhur leres, tangtos pernyataan kadua ieu ditampi atuh nya? > > Imperialisme.. > Bingung abdi mah ku kalimah ieu: "nya mangga bade diheureutkeun kana > widang ekonomi mah". Naha bet abdi janten disebat bade ngaheureutkeun kana > ekonomi pan ti payun oge abdi teh nyebatkeun istilah ieu dina konteks > ekonomi sanes? Kaduana, "Ngan nu jelas mah dina kecapna oge budaya sareng > ekonomi mah benten." Asana teh nu langkung penting dia frase imperialisme > budaya teh kecap "imperialisme"-na sane "budaya"-na. Keun we lah eta mah > keur engke deui mun aya waktos. > > Baktos, > Yudi Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

