Baraya saalam dunya, Ayeuna geus ragrag vonis ka urut menag anu kungsi ngarogahala titinggal budaya Sunda, 5 taun dibui. Nya ari geus asup ka bui mah sarua wae jeung palaku kajahatan sejenna: diwatesan kabebasanana. Kagigirkeun heula soal sangkaan yen kalan-kalan sistem bui urang ukur akon-akon, sabab mindeng kajadian anu dibui teh nyatana sarua wae jeung teu dibui. Anu jelas, ieu urut menag anu kungsi ngaluluguan ngarugrag prasasti batu tulis teh ayeuna geus divonis 5 taun dibui: http://www.antara.co.id/seenws/?id=27434
Aya kasaruaan antara kasus menag "bui" (urut menteri agama anu kungsi ngali prasasti Batutulis anu ayeuna inyana meunang vonis dibui 5 taun) jeung kasus Ade "tampiling" (Ade Nasution anu kungsi nyebutkeun kira-kira kieu: "yen ngurus urang sunda mah gampang, bere lilin wae ...jst", anu saterusna dak dumadak aya anu nampiling) dina lebah "ngarogahala" budaya jeung "hukumanana". Menag bui ngahina US ku cara nyisikudi titinggal budayana kaasup ajen-inajen poko cecekelan hirup US baheula (sakuma kandungan Prasasti Batutulis). Saterusna, inyana ayeuna meunang hukuman sok sanajan tina kasus sejen (korupsi di Depag). Ade tampiling ngahina US ku cara ngagampangkeun atawa stereotip tea: yen urang Sunda mah dibere lilin ge repeh, teu siga Aceh (anu karek repeh lamun geus ngarandapan bancangpakewuh anu kacida badagna?). Saterusna, Ade tampiling oge sarua, aya anu nampiling (siga ngahukuman) kalawan eta kajadian teu pakait jeung kasus ebrehan stereotipna ka US. Aya anu ngahubung-hubungkeun ieu dua kajadian anu pakait jeung US, jembarna: ngaruksak tanda jeung ajen-inajen katut ka anu nyangking budayana, jeung Dangiang Sunda anu geus harudang, sumebar tur ngaping ngajaring bebenran jero masyarakatna. Aya oge anu nyebutkeun yen eta mah fenomena biasa wae: yen unggal manusa- saha wae - anu dolim ka pribadi atawa masyarakat manusa hiji waktu di ieu dunya keneh pasti baris ngarandapan pangbales. Gede leutikna pangbales kumaha kadar kadolimanana. Si kuring mah percaya kana dua pamadegan di luhur teh. Anu ngaping ti alam arwah, bisa wae ku modus do'a ka anu Maha Kawasa (maksudna: hakekatna anu ngahukuman teh tetep Pangeran Anu Maha Kawasa, Anu Maha Taliti Balitunganana). Sabab, mungguh dina Islam oge kapercayaan tradisional, anu maot teh ukur jasad, ari roh mah tetep hirup jeung sarua boga karsa. Sedeng, ari roh-roh manusa anu geus kumereb (caket ka anu Nyiptakeunana, eta makbul do'ana). Dina Al Qur'an ditetelakeun, silih tulungan antara sasama manusa anu ariman teh eta henteu kawatesan nalika di alam dunya wae. Do'a antara manusa anu ariman teh tiasa ti antara aranjeunna nalika duanana jjarumeneng keneh di alam dunya, tiasa ti anu masih hirup di dunya ka anu tos ngantunkeun; tiasa oge ti anu tos ngantunkeun ka anu masih hirup di dunya. Dangiang Sunda......teu mungguhan ti antara karuhun-karuhun Sunda anu tos teu aya dikieuna teh aya anu kalintang caketna ka Pangeran, dugi ka sagala do'ana tiasa dikabulkeun. Diantarana: nyanggakeun ka Pangeran kaadilan pikeun jelema anu geus ngahina masyarakat Sunda jeung budayana. Anapon ari hukuman di dunya keneh karana kadoliman mah geus teu kudu dipanjangcaturkeun. Sakitu pabalatakna dina Al Qur'an ayat-ayat anu netelakeun anceman ka sing saha wae anu lumaku dolim. Ti ayeuna, hayu urang papada ngajaga masyarakat jeung budayana, masayarakat mana wae, kum. Jalaran mataholang kamanusaan mah sarua wae. Cag. Baktos, manAR [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

