Induktif sareng deduktif resoning  teh tina ilmu logika Bah, salah sawios 
cabang Matematika,  sanes ti ilmu sosial. Padungdeng urang tiasa diteraskeun 
tapi kedah aya  nu ngelehan, ganti 'raket' tina deduktif kana induktif. Ari  
'lapangan'-na mah tetep sami wae 'kapitalisme salaku sistem ekonomi'.
  
  Kapitalisme.
  Lain abdi teu satuju kana kahayang makmur tapi  justru ku lantaran 'sarakah' 
hayang leuwih ti makmur tapi adil tur ajeg  (sustainable). 
  
  Hayu urang tingali fakta nu  saleresna. Ayeuna di Amerika-nagara embahna 
kapitalis- sekitar 50% tina  kakayaan nagara Amerika dicepeng ku 1% ti total 
populasi. Kirang  langkung 15% rakyat Amerika jeung 20% anak-anakna aya dina 
kaayaan  miskin (perpetual poverty). Di Inggris, pausahaan Gate Gourmet mecat  
800 karyawanna ngan dibere beja sababarahe menit samemehna. Kyoto  protocol nu 
menta supaya tiap nagara ngurangan emisi gas buang fosil 5%  tiap taun sampe 
taun 2012, sampe ayeuna teu diaku ku Amrik, nagara  panggedena ngaluarkeun gas 
buang karbon. Bayangkeun, ku tingkat produksi siga ayeuna sampai iraha  sumber 
energi urang bisa tahan? Kumaha anak-incu urang?  Di  Inggris, ayeuna di 
rencanakeun SPP, universitas Cambridge jeung Oxford  bakal narik SPP nu teu 
kahontal ku jelma 'miskin' Inggris.
  
  Kadua,  "nagara  nu nganut faham kapitalis teh, ngatur kaayaan sosial- 
ekonomi rakyatna,  jauh ......leuwih alus tinimbang nu make sistem mana". Enak 
pisan nya  jadi kapitalis? Inggris makmur ku kapitalisme? Ke heula, Amerika,  
Inggris, Perancis dsb nerapkeun sistem sosialisme dina kabijakan  sosialna 
(social-welfare). Kunaon bet ieu dinisbahkeun kana sistem  ekonomi kapitalisme? 
  
 Hasil tina kapitalisme di nagara2 eta:  kesenjangan sosial, ngan kulantaran 
nagarana make sistem sosialisme  jadilah rakyat aya saeutik katulungan dina 
'hak2 dasarna'. Mun kapitalisme tos  'disaluyukeun' makes sistem lain? Naha 
pantes dipuja tos mikeun  kasajahteraan ka nagara eta? 
  
 Katilu, tong hilapkeun sajarah ekonomi nagara2 eta. Kapitalisme  muncul 
dibarengan ku ngajajah batur sabab nurutkeun itung2an rasio  nyieun bedil 
pikeun maksa batur supaya ngajual murah taneuh, minyak,  karet, kalapa, cengkeh 
jst ti nagara batur tur maksa manusana jadi  pagawe (rodi, romusha) teh leuwih 
murah dibandingkeun kauntungan nu  bakal dikeruk tur tibatan jual beuli sacara 
normal. Ieu maksadna  itung2an nu rasional teuing teh sanes mung ngukur ngitung 
 jual-meuli=untung.
  
  Kadieunakeun, sabada ngajajah nagara2 eta teh jadi kaya (bayangkeun we  350 
taun jual beuli ongkos meuli murah, ngajualna mahal). Ku lantaran  kaya atuh 
tiasa soson-soson konsentrasi ka hal2 sejen (elmu, HAM,  keadilan sosial jst). 
Ari nagara tilas jajahan? Tong bororaah mikiran  kaadilan sosial, nu kalaparan 
keneh oge aya. Ayeuna, sabada kapitalisme  dikritik nagara2 eta bade dijieun 
conto sukses: "Yeuh tempo nagara saya  makmur gara2 kapitalisme nu geus 
disaluyukeun".... hehehe janten palay  seuri maur abdi mah.
  
  Ayeuna kana Islam vs kapitalisme,  cape bulak-balik nandingkeun ajaran 
kapitalis tur Islam mah, teu teurak  geuning. Ayeuna mah kieu we lah logika 
Abah teh kieu: Islam cocok jeung  kapitalis "Sabab nyaeta fakta (deui) aya nu 
agamana Islam tapi  oge kapitalis". Cik tina logika Abah di luhur urang 
modipikasi sakedik:  "Islam" digentos janten "budaya Sunda", "urang Islam" 
janten "Urang  Sunda" sareng "kapitalis" janten "Materialis". Kalimah di luhur 
janten:  "Budaya Sunda cocok sareng materialis sabab  nyaeta fakta (deui) aya 
Urang Sunda nu Materialis". Mun logika di luhur  leres, tangtos pernyataan 
kadua ieu ditampi atuh nya?
  
  Imperialisme..
  Bingung abdi mah ku kalimah ieu: "nya mangga bade diheureutkeun kana widang 
ekonomi mah". Naha bet abdi janten disebat bade ngaheureutkeun kana ekonomi pan 
ti payun oge abdi teh nyebatkeun istilah ieu dina konteks ekonomi sanes? 
Kaduana, "Ngan nu jelas mah dina kecapna oge budaya sareng ekonomi mah benten." 
Asana teh nu  langkung penting dia frase imperialisme budaya teh kecap  
"imperialisme"-na sane "budaya"-na. Keun we lah eta mah keur engke deui  mun 
aya waktos.
  
  Baktos,
  Yudi
     --- In [email protected], "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  >
  > Hatur nuhun waleranana kana "debat kusir" urang (kunaon tah pangna 
  > disebat "debat kusir"?, jigana jaman baheula aya delman tabrakan, 
  > kusirna paadu-adu omong .....hehehehe). Ngaos waleran Kang Yudi, 
  > wah ...kuring mah teu ngartos istilah deduktif sareng induktif 
  > sagala. Maklum teu kantos sakola elmu sosial. Janten kieu Kang Yudi, 
  > memang cara ningalina benten jigana mah. Kuring mah didasarkeun  heula ku 
fakta, ari kang Yudi mah, ngaos teorina heula, ari fakta mah  bade aya bade 
moal, da "saur bukuna" kitu, nya pokona mah kedah kitu.
  > 
  > Margi kang Yudi bolak-balik bin keukeuh sureukeuh perkawis kapitalis 
  > awon, nya kuring mah nyanggakeun we, eta mah pamandegan Kang Yudi. 
  > ARi kuring mah malah teu percaya aya nu disebut "kapitalismeu" teh. 
  > Teu percaya bisa diteoritiskeun jiga kitu. Sabab nya eta ningali 
  > fakta yen nu disebut kapitalismeu teh geuning dina praktekna mah, 
  > disalulyukeun jeung jaman. Ceuk cohagna terus dibebener. Tepi ka nu 
  > disebut nagara nu nganut faham kapitalis teh, ngatur kaayaan sosial-
  > ekonomi rakyatna, jauh ......leuwih alus tinimbang nu make sistem 
  > mana wae. Kang Yudi oge pan teu kersa ngajawab, waktos ditaros ku 
  > kuring, mana nagara Kapitalis teh nu saluyu jeung kriteria kang  Yudi. > 
Jadi ceuk pamikiran kuring mah, naha ari "ismeu" teu tiasa  dikoreksi > kitu, 
tetep we jiga definisina nu baheula. Tah upami  kapitalismeu > tetap definsina, 
hartosna ayeuna mah teu aya atanapi  ampir teu aya di > nagara asalna.
  > 
  > Perkawis Imperialismeu budaya, nya mangga bade diheureutkeun kana 
  > widang ekonomi mah. Ngan nu jelas mah dina kecapna oge budaya sareng 
  > ekonomi mah benten.
  > 
  > Atuh perkawis Islam sareng kapitalismeu. Ieu oge dina ningalina 
  > benten. Kang Yudi ningalina Islam sabage Ideologi ari kuring mah 
  > sabage Agama. Sabab nyaeta fakta (deui) aya nu agamana Islam tapi  oge > 
kapitalis. DUka naon hartosna ieu, naha si Kapitalis ieu tiasa  
  > disebat henteu Islam, kurang Islam atawa Islam sempalan. Tapi meureun > 
ceuk maranehna mah, manehna oge Islam.
  > 
  > Perkawis urang Islam seueur jiga Bah Uki, eta sanes hartosna teu 
  > hoyongan jadi "kapitalis" ngan kasempetan kanggo "ageung"na we teu 
  > aya. Da buktosna (fakta deui) sueuer ayeuna di urang urang Islam nu 
  > ngadamel franchise, sapertos ayang Bakar Wong Solo, buka resto  dimana-> 
mana. Pinter deuih, istri-istrina anu nyepeng cabang-cabang  resto ieu, teu 
kudu ngagajih manager. Kitu deui sababraha resto Sunda, 
  > SIndangreret, Ciganea ...jrrd nu muka resto leuwih ti hiji. 
  > 
  > Perkawis "jurig" kapitalismeu nu diserat ku Kang Yudi:
  > 
  > (1) dimeunangkeunna sawatara jelma ngawasaan  faktor produksi 
  > (2) pagawe dianggap faktor produksi 
  > (3) itung2an rasio  dijadikeun dasar utama pikeun neangan kauntungan 
  > ekonomis. 
  > 
  > Jawaban kuring :
  > (1). Naha make teu kenging? teras kedahna saha atuh nu gaduh faktor 
  > produksi teh (teu pati ngartos nu disebat faktor produksi teh). 
  > Dicepeng ku Nagara, jiga BUMN di urang?. Atawa sahamna diicalna ka 
  > balarea?. Nagra-nagara maju apan ngayakeun aturan keur proteksina 
  > supaya ulah dimonopoli wae ku sosorangan. Punten kuring kapaksa 
  > lumpat deui ka nagara, sabab sadayana oge teu leupas ti nagara kumaha 
  > ngaturna. ATuran nu dijieun ku nagara ngarefleksikeun kumaha sikep 
  > rakyatna. Lamun rakyatna teu resep aya monopoli, nagara (nagara 
  > demokratis, anu ngadenge sora rakyatna) kudu nyieun aturan nu 
  > dipikahyang ku rakyatna. Contona di urang masyarakat teu resep 
  > pornografi, pan rek dijieun tah UUna.
  >  
  > (2). Perkawis padamel dianggap faktor produksi, memangna kedahna 
  > kitu, pan padamel nu ngahasilkeun produksi teh. Perkawis padamel ulah 
  > dianggap "budak belian", nya didamel aturanana. Usaha-usaha modren 
  > nganggap karyawanana aset perusahaan, nu kudu dimumule. Janten 
  > pandangan karyawan oge aset pausahaan teh, lepat?. Sakaterang sim 
  > kuring, malah nu bahaya keur padamel mah, lamun didadmel di pausahaan 
  > leutik, nu jalmina kurang ti 10 urang. Biasana didieu nu sok 
  > nyangsarakeun padamel teh.........komo lamun jadi TKW mah, teu ka 
  > kontrol.
  > 
  > (3). Ieu oge aneh, dagang ulah teuing nganggo ratio. Rugi atuh teu 
  > nganggo itung-itungan mah. Malah ceuk kuring mah dina usaha mah, kudu 
  > puguh untung-rugina. Da usaha mah sanes urusan sosial.
  > 
  > Perkawis "eksperimen". Kuring teu nyebutkeun Islam dipake eksperimen. 
  > Kuring ngan nyebutkeun nyieun sistem sorangan, embung nyonto ka 
  > batur, da ngarasa sistem nu sorangan teh pangbenerna. Tapi contona 
  > teu acan aya. Kuring mere conto eksperimen "komunis" tea. Buktina 
  > ayeuna, kumaha? Tah eta panginten conto kumaha lamun urang mraktekeun 
  > ukur ceuk "text-book" wungkul!
  > 
  > Bank Syariah? ....... kuring oge nabung di Bank Muamalat, keur 
  > bayaran budak sakola. Tapi ceuk kuring mah asa teu jauh beda jeung 
  > bank konvesional, ngan beda dina ijab Qobulna wungkul. Ceuk beja oge, 
  > duka leres henteuna mah, sistem bank Syariah ieu, ditolak di Timur 
  > Tengah, di nagara-nagara Arab, margi ceuk urang ditu mah angger teu 
  > cocog jeung sumanget anti riba. Tapi panginten nu ayeuna di Timteng, 
  > langkung terang ( kumaha akang2 sareng Teteh2 nu aya di Timteng 
  > kumaha sistem perbankan di Timteng?).
  > 
  > Panutup, margi saur kang Yudi, "beda frekuensi", mangga bade diwaler 
  > deui oge, nuhun pisan. Tapi upami teu diwaler oge teu nanaon. Da ieu 
  > mah ukur resep wungkul, pedah keur rada suwung we teu pakepuk teuing.
  > 
  > BAktos,
  > WALUYA


--
>> yudi irmawan <<
[EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]    






                        
---------------------------------
 Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses.

[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke