Ku ayana larangan udud ieu kuring ayeuna mah rek Narkoba we...narikan roko batur...lumayan ngirit keur nambahan mayar oplet jeung ojeg anu ongkosna beuki nyekek tisaprak harga bbm luncat...kitu oge keur iuran jang tukang ngamen jeung baramaen anu miluan menta dileuwihan...ari teu dileuwihan maranehna sok kukulutus..."masa cuman segini, tambah lagi dong, pan bbm udah naek, harga2 juga naek tau!"...edas siah...olo-olo pisan nya...padahal lain uing nu naekkeun harga bbm...naha jadi uing nu kudu maraban maranehna...maranehna mah sugan meunang BLT tapi uing mah pan henteu...barina oge saha nu nitah maranehna nyanyi, da uing mah boga mp3 player nu sorana leuwih alus tibatan sora maranehna nu sakapeung bau AO jeung kelek...komo engke TDL naek...pasti maranehna menta naek deui...padahal gajih uing can tangtu milu naek...nu aya oge pabrikna bangkrut!!!
sakapeung mah hayang ngadek...ngan sok ras emut ka Tamara Blezinski...kumaha lamun manehna jadi janda?...heheh... cag heula ngacaprukna [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

