Ngiring mairan ah kang Syam, sumuhun abdi penah ninggali eta anggota dewan meni pepelenyunan udud, geus poho ka temahwadi pisan sakitu dicorong ku kamera asa beuki pe de.......
Urang bagi2 pangalaman weh nya, didieu di Saudi (duka tah di Dubai atanapi di nagri sanes, sukur2mah anu di Singapur atanapi di Walanda) urusan udud masih keneh bebas dimana mendi teh pek weh teuing, asal ulah di daerah masjidil haramain (masjid makah sareng madinah). Tapi keur ngawatesan kanu tukang udud jeung nu tara nyaeta di pengnyieunkeun tempat khusus mangrupa bangku panjang dimejaan, mereun maksudnamah udud bari ngabako tea. Lumayan atuh rada katara hasilna, anu sok udud bari kukulamprengan teh rada katahan, da eraeun mereun. Terus dikantor2 nya kitu deui malahan meja tempat udud na oge rada di alus alus, nyaeta karasa, pama tukang udud rada haseum sungutna sok ngingkig heula ti tempat gawe na nuju ka tempat ngudud, tos beres ngudud atuh baralik deui ngahanca pagaweanana. Tangtuna bae tempat udud ieu ayana diluareun rohangan, si haseup udud teh moal ngaganggu batur anu tara udud. Asa pernah ngadenge yen di urang oge ceunah solusi keur tukang udud taya deui lian ti dikieukeun, duka tah bisa henteu nya???............ -----Original Message----- From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of syam ridwan Sent: 10 February 2006 05:44 To: [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] UDUD Kuring ge sok keuheul mun ningali nu kitu, malahan sok hayang pok pisan ngomong ngan tara kebat, Naon ngeunahna udud dijero beus keur pasesedek,mana ngelekeb hareudang, keur mah bau tujuh rupa katambah bau BELENOK da aya nu ngepluk udud. Jero hate ngan ukur bisa ngagerentes " Iraha insapna eta jalma?" Kaharti ku uteuk, mun udud bari sidengdang dina korsi malas, hareupeun cikopi lekoh, bari ngararasakeun tiisna hawa pagunungan, juru panon ret deui ret deui ka wanoja gigireun anu satia maturan. Hmmm.....wanoja keur sumedeng ligar! Tah nukitu meureun UDUD anu ni'mat lahir jeung batin. Dina tipi keur rapat komisi DPR, sok katingali aya nu ngelepus udud, diukna panghareupna sigana jejedugna meureun. Ningalina asa sareukseuk, cik atuh ari nek ngelepus mah keur waktuna rehat, da moal kapaehan teu udud sajam dua jam mah. Duka meureun pamikirna daripada NUNDUTAN mending udud. ----- Original Message ----- From: "Reddy Aprianto" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Sent: Wednesday, February 08, 2006 7:10 PM Subject: Re: [Urang Sunda] UDUD > Kaasup hak asasi teh mun ceuk nu ngaroko, da mun ceuk nu sabudeureunna mah > jelas ngalanggar. Coba we bayangkeun mun urang keur aya dina beus nu pinuh > tur > panas (da euweuh AC-na), tuluy aya nu ngusiwelkeun roko, disundut, > disedot,... buulllll... haseupna kamana-mana.... uuuhhhh nikmat kanu > ngaroko, balangsak kanu sagigireunna > > Punten yeuh, lain nyalahkeun kanu ngaroko, da kuring ge ngaroko... :-) Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links ___________________________________________________________ Win a BlackBerry device from O2 with Yahoo!. Enter now. http://www.yahoo.co.uk/blackberry Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

