Kuring ge sok keuheul mun ningali nu kitu, malahan sok hayang pok pisan ngomong ngan tara kebat, Naon ngeunahna udud dijero beus keur pasesedek,mana ngelekeb hareudang, keur mah bau tujuh rupa katambah bau BELENOK da aya nu ngepluk udud. Jero hate ngan ukur bisa ngagerentes " Iraha insapna eta jalma?"
Kaharti ku uteuk, mun udud bari sidengdang dina korsi malas, hareupeun cikopi lekoh, bari ngararasakeun tiisna hawa pagunungan, juru panon ret deui ret deui ka wanoja gigireun anu satia maturan. Hmmm.....wanoja keur sumedeng ligar! Tah nukitu meureun UDUD anu ni'mat lahir jeung batin. Dina tipi keur rapat komisi DPR, sok katingali aya nu ngelepus udud, diukna panghareupna sigana jejedugna meureun. Ningalina asa sareukseuk, cik atuh ari nek ngelepus mah keur waktuna rehat, da moal kapaehan teu udud sajam dua jam mah. Duka meureun pamikirna daripada NUNDUTAN mending udud. ----- Original Message ----- From: "Reddy Aprianto" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Sent: Wednesday, February 08, 2006 7:10 PM Subject: Re: [Urang Sunda] UDUD > Kaasup hak asasi teh mun ceuk nu ngaroko, da mun ceuk nu sabudeureunna mah > jelas ngalanggar. Coba we bayangkeun mun urang keur aya dina beus nu pinuh > tur > panas (da euweuh AC-na), tuluy aya nu ngusiwelkeun roko, disundut, > disedot,... buulllll... haseupna kamana-mana.... uuuhhhh nikmat kanu > ngaroko, balangsak kanu sagigireunna > > Punten yeuh, lain nyalahkeun kanu ngaroko, da kuring ge ngaroko... :-) Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

