heuheu udud-udud
beneran lah Kang Syam, ari ngomongin DPR mah (DPR naon sih?)
pikasebelen pisan ningalina...diuk ngabahehay udud bari jeung hape dina
ceuli....
make pasea deuih, anjiiiiiiirrrr 

untung uing macul di petrokimia, udud dilarang keras jeung lamun kring HP
eukeur miting didenda 50rebu.
bari na oge uing mah teu beuki udud iyeuh






-----Original Message-----
From: syam ridwan [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Friday, February 10, 2006 9:44 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] UDUD


Kuring ge sok keuheul mun ningali nu kitu, malahan sok hayang pok pisan
ngomong ngan tara kebat, Naon ngeunahna udud dijero beus keur pasesedek,mana
ngelekeb hareudang, keur mah bau tujuh rupa katambah bau BELENOK da aya nu
ngepluk udud. Jero hate ngan ukur bisa ngagerentes " Iraha insapna eta
jalma?"

Kaharti ku uteuk, mun udud bari sidengdang dina korsi malas, hareupeun
cikopi lekoh, bari ngararasakeun tiisna hawa pagunungan, juru panon ret deui
ret deui ka wanoja gigireun anu satia maturan. Hmmm.....wanoja keur sumedeng
ligar!
Tah nukitu meureun UDUD anu ni'mat lahir jeung batin.

Dina tipi keur rapat komisi DPR, sok katingali aya nu ngelepus udud, diukna
panghareupna sigana jejedugna meureun. Ningalina asa sareukseuk, cik atuh
ari nek ngelepus mah keur waktuna rehat, da moal kapaehan teu udud sajam dua
jam mah. Duka meureun pamikirna daripada NUNDUTAN mending udud.
----- Original Message ----- 
From: "Reddy Aprianto" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Wednesday, February 08, 2006 7:10 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] UDUD


> Kaasup hak asasi teh mun ceuk nu ngaroko, da mun ceuk nu sabudeureunna mah
> jelas ngalanggar. Coba we bayangkeun mun urang keur aya dina beus nu pinuh
> tur
> panas (da euweuh AC-na), tuluy aya nu ngusiwelkeun roko, disundut,
> disedot,... buulllll... haseupna kamana-mana.... uuuhhhh nikmat kanu
> ngaroko, balangsak kanu sagigireunna
>
> Punten yeuh, lain nyalahkeun kanu ngaroko, da kuring ge ngaroko... :-)



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links



 






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke