Punten postingan ieu rada serius, kanggo nambih wawasan dina hal "berargumentasi/berdebat". Pedah minggu kamari ngabandungan paguneman bah Willy sareng Kang Yudi Irmawan, perkawis "liberalisme vs Islam...." Teras aya deui topik perkawis "megapolitan", anu sakitu ramena, diantawisna aya hal anu "mendasar" didugikeun ku Teh Ika perkawis konsep megapolitan.
Kuring janten emut, sababaraha dinten anu kalangkung, pa Fuad Hasan (mantan Mendiknas, Guru Besar Fakultas Psikologi UI) "orasi ilmiah" dina raraga Dies Natalis UI ka-56 kaping 2 Februari 2006. Anjeunna ngajukeun dua "paper" salah sawios diantawisna perkawis Kabebasan Mimbar Akademik. Aya buku anu diserat ku Anjeunna, nyaeta "Filsafat Yunani Kuno". Tah dina makalah anu dipostingkeun ku kuring dipedar perkawis sajarah kabebasan mimbar, civitas academica, lectiones (kuliah), disputationes (pembahasan) sareng quaestiones (pertanyaan). Mugi tiasa nambih wawasan urang. baktos, mrachmatrawyani __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

