Nitenan postingan ti wargi-wargi anu nembe (enggal keneh) lalebet ka ieu milis,
henteu sakedik anu tujuanana hoyong diajar atanapi hoyong ngalancarkeun basa
Sunda, namung duka teuing kumaha dugi ka ayeuna asana teu acan aya anu kersa
mitembeyan ngaguar palajaran basa Sunda.
Kajurung ku kaayaan sareng tekad ngamumule basa Sunda, bari ngucap "Lahaola",
sim abdi sok sanaos ngan saukur nyandak bekel sagede beunyeur, ma'lum teu elmu
teu pangaweruh, teu bodo-bodo acan ku elmu basa Sunda teh , malah mandar
kapayun aya wargi sanes anu kersa sareng haat ngabantos ngalereskeun
kalepatanana, sareng nambihan kakiranganana, hayu urang babarengan diajar basa
Sunda.
Langkung tipayun sim abdi salaku kuncen ka 6, ngahaturkeun rawuh kum kapara
wargi anu nembe ngiringan ieu milis.
Sok anu bade sasarengan diajar basa Sunda marajeng kapayun, kaluarkeun sabak
sareng geripna (heuheu.....asa keur sakola SR.)
Urang ngawitan ku hurup sora (vokal), anu seueur keneh pabaliut dina
ngalarapkeunana, nya eta, hurup ; "e", "e' " (pepet) sareng "eu", margi lepat
nyerat eta tilu hurup sok janten robih hartosna, contona ;
bebek sareng be'be'k,
Bebek = sabangsa meri
Be'be'k = tutu, sapertos; rujak be'be'k..
be'ne'r sareng beuneur,
Be'ne'r = le're's
Beuneur = pinuh ku eusi, sapertos ; buah pare beuneur..
lebet sareng leubeut,
Lebet = asup
Leubeut = pinuh/seueur buah, sapertos ; tangkal dukuh leubeut ku buah
sesep sareng seuseup
Se'se'p = roko (le'me's)
Seuseup = angseu (bhs. Indonesia;hirup), sapertos ; nyeuseup seungit kembang
jejer sareng jeujeur
Jejer = jangjrang (keur barang) (le're's kitu ?)
mataholang (keur padungdeungan/sawala)
Jeujeur = paranti nguseup (joran bhs. Indonesia)
Tos ah sakitu heula engke urang teraskeun deui (tetela geuning hese ngajar
basa Sunda teh....)
Pihatur
ssw
Cing tulungan, kumaha cara ngetik "e' " pepet teh, raraosan kapungkur kantos
aya anu mostingkeun perkawis ieu teh.....??
[Non-text portions of this message have been removed]
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/