Seren taun nu diayakeun di sindang barang ieu, naha tos ti kapungkur-na, sapertos di banten selatan ?
--- hangjuang bodas <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kampung Sindang Barang jeung Seren Taun > > > Kampung Sindang Barang nu ayana di suku gunung > Salak, lebet ka desa Pasir Eurih kacamatan > Tamansari, salah sahiji lembur nu aya di wewengkon > kabupaten Bogor, di behkuloneun tilas ibukota Pakuan > Pajajaran (henteu tebih ti padumukan Apih Siddik di > Ciapus). > > Ditingal tina sistim budaya jeung karakteristik > warga masarakatna, masih keneh aya > rundayan/katurunan ti gegeden-gegeden(bangsawan) > Pakuan Pajajaran, nu mangsa Pakuan digempur ku > pasukan Banten (oge Cirebon tur Demak) kantos > ngungsi ka wilayah Sukabumi Kidul. Aya babaraha > rombongan nu marulih deui ka tilas wilayah kampung > halaman-na, namung henteu langsung ka kompleks tilas > Pakuan. Maranehanana milih nangtungkeun pakampungan > di sabudeureun tilas kuta (benteng) Pakuan. > Diantarana di lembur Taman dipingpin ku Ki Susul > Tunggak, lembur Cibeureum dipingpin ku Ki Ranggah > Gading, lembur Pakancilan dipingpin ku Ki > Mangparang, oge masih aya babaraha kampung lianna nu > ngagaduhan kokolot sabage pamingpinna. > > Dugi ka kiwari eta lokasi jeung ngaran lembur > masih dianggo, malihmah kalah ngalegaan. Saperti nu > kapungkurna disebat lembur Taman, ayeuna katelahna > Tamansari --ngaran hiji kacamatan enggal hasil tina > pamekaran Ciomas-- nu samemehna ka lebet desa Pasir > Eurih. > > Nami para kokolot tadi sanes nami pituin > aranjeunna nalika jadi gegeden di Pakuan, namung > mangrupi nami enggal nu disaluyukeun jeung posisi > oge fungsi anjeunna di tempat nu enggal. Anjeunna > nempatkeun dirina salaku masarakat biasa, mung dina > sistim budaya kahirupanna masih tetep dina tradisi > sunda anu agraris. > > Sawios warga masarakat kampung Sindang Barang, > Cibeureum, Cijulang, Kutabatu, Cisalobak, jrrd, > kiwari tos 'pareumeun obor' ka karuhun manehna jaman > klasik, namung titinggal "pranata" budaya karuhunna > masih tetp leket (akrab), oge kapalire dina > kahirupan sapopoena. Hal ieu ditunjukeun ku masih > ayana hiji kagiatan anu sipatna tradisi taunan nu > disebut seren taun atawa seren taun sidekah bumi, > oge sakapeung sok sidekah bumi wungkul, nu > kagiatanna henteu dipuseurkeun di hiji tempat, > tapina dilakukeun di masing-masing > kelompok/wewengkon saperti di daerah Cisalobak, > Cijulang, Giri Jaya, jrrd. > > Nilik kana istilahna jeung pasipatan kagiatanana > anu taunan, seren taun (sidekah bumi) nu masih > dipilampah ku babaraha wewengkon ieu, masih > ngagaduhan "benang beureumna" jeung upacara seren > taun nu memang tos aya di jaman Karajaan Pajajaran. > Namung sajalan jeung parobihan jaman, boh istilah, > sipat kagiatan, oge sistim nileyna tos seueur > parobihanana. > > Dumasar kana hal ieu, oge pakait sareng kasadaran > budaya warga masarakatna, upacara taunan ieu > diupayakeun ditata deui dina kagiatan warga > masarakat nu langkung ageung. Sawios nganggo konsep > "gelaran kiwari" tapi filosofi-jiwana masih ngarujuk > ka upacara seren taun, sakumaha nu ayeuna masih > keneh "eksis" di babaraha warga masarakat katurunan > Sunda Pajajaran lianna, nu gaduh predikat masarakat > adat. Sabari miharep ngawujudna deui tradisi budaya > sunda nu balukarna tiasa ningkatkeun karaharjaan > hirup lahir batin pikeun wargana. > > Cag, > > Baktos, > hendra > > NC > bilih teu acan maos reportase ti media ngenaan > seren taun sindang barang, mangga tiasa ditingali > di: > > http://www.kompas.co.id/kompas-cetak/0602/06/metro/2416090.htm > > http://www.pikiran-rakyat.co.id/cetak/2006/022006/06/0301.htm > > > > --------------------------------- > > What are the most popular cars? Find out at Yahoo! > Autos > > [Non-text portions of this message have been > removed] > > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

