On 2/15/06, [EMAIL PROTECTED] <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Sumuhun di TV oge sering dipidangkeun, nanging sok aya gerentes na hate, > rasa panasaran jeung cangcaya heuheu2....Eta acara TV nu ngaguar sasatoan > jaman baheula teh damelan urang barat (Yahudi). Bisi, kasus-na jiga manusa > heubeul (manusa purba) tea. Apanan numutkeun teori evolusi Darwin mah > manusa teh hasil evolusi-na 'manusa-kera', anu jelas-jelas hal ieu > nyalahan sareng ayat Allah SWT (sakumaha diguar ku Harun Yahya dina bukuna > : "Runtuhnya Teori Evolusi").
Ulah kaleuleuwihi, Kang. Teu sadayana nu datang ti urang Yahudi goreng. Alus gorengna hiji jalma mah lain dumasar asal-usulna, tapi dumasar amalanana. Rekonstruksi dinosaurus teh pan tina fosil nu puguh bungkeuleukanana, lain jijieunan. Kusabab fosilna aya, tangtu atuh eta mangkeluk teh kungsi hirup di alam dunya. Anapon teori evolusi, kapan eta mah ukur teori, tina hasil ngaduga-duga. Lamun dina istilah urang mah, sebut bae KIRATA, dikira-kira tapi nyata. Pangira eta bisa bae bener, bisa oge nyalahan. Prosesna mah euweuh jalma nu kungsi nyaksian, tapi mun dipapantes, bet asa enya geuning nya? Boa eya, ah duka teuing ketang... Tong boro pantar kuring nu taya kanyaho, nu papada boga gelar doktor ge hoghag bae. Tong boro nyipta-nyipta jaman dinosaurus nu jutaan taun ka kutang, eh, tukang, dalah kahirupan urang Sunda mangsa Tarumanagara ge kuring mah can aya kelemeng2na acan. Mun hayang apal, nya meureun urang teh kudu nanya ka ahlina, nu pagaweanana ngulik eta elmu. Mun sajarah Sunda tea mah, nya urang teh kudu nanya ka Mang Ayat (muga2 sing enggal damang), Prof. Edi Ekajati, jeung nu lianna. Nya kitu oge ngeunaan mangkeluk2 nu kungsi kumelendang di marcapada ieu, urang kudu nanya ka ahlina, ka anu sapopoe icikibung dina eta widang. Lamun urang rek ngabantah teori nu payu ayeuna, nya bantah ku elmuna, ulah ku Qur'an, da kapan batur mah can tangtu iman ka Qur'an teh. Dina artikel dinosaurus eta disabit2 oge ngeunaan bantahan golongan kreasionis, tapi da eta mah (jihat kayakinan/kapercayaan/agama) lain lawaneun dunya ilmiah. Eh sumuhun, diluhur aya kecap 'manusa-kera'. Pami basa Sundana 'kera' teh > kunyuk sanes...??!!Monyet kumaha tah...??!!Punten panglereskeun bilih aya > kalepatan. Duka tah dina basa Sunda mah. Kera teh nujul ka sabangsaning momonyetan nu ilaharna teu buntutan, leumpangna ku dua suku rada ajeg. Ari monyet mah nu buntutan, leumpangna make opat anggota gerakna. Ape & monkey, kera & monyet. Nya basa Sunda ge mending nuturkeun nu basa Indonesia bae, kera & monyet. isk [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

