On 2/20/06, [EMAIL PROTECTED] <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Tah, dumasar kana hal eta, ngeunaan asal muasal mahluk hirup nu aya di > alam dunya ieu, sakuduna teu patukangtonggong jeung Al-Quran. Misalna we > ngeunaan asal muasalna manusa. Apanan dina Al-Quran oge disebatkeun yen > Nabi Adam AS didamel ku Gusti Alloh tina taneh, langsung kun fayakun, > sanes katurunan tina 'monyet' jeung sabangsana. Kitu oge urang sadaya > didamel ku Gusti Alloh, hakekatna mah, tina taneh (saripati taneh). Ngan > bedana jeung Nabi Adam, ari urang mah aya proses-na ti mimiti saripati > taneh, teras janten 'segumpal darah', jst....
Narima katrangan yen Nabi Adam diciptakeun ku Pangeran tina saripati taneuh, basa keur bolon keneh mah na sawangan kuring teh langsung kagambar Pangeran keur ngemplé2 taneuh, kawas urang nyieun papatungan tina taneuh. Padahal, Kangjeng Nabi Adam a.s. teh mimiti gumelarna di sawarga, lain di dunya. Ari taneuh nu dimaksud, taneuh sawarga atawa taneuh dunya? Dina ayat sejen disebutkeun yen manusa teh diciptakeunana tina getih. Dina surat nu sejen disebutkeun deui, yen manusa teh diciptakeun dina rupa-rupa seke seler jeung bangsa. Tah, dina leresan ieu, saha nu tiasa ngadadarkeun yen ayat2 eta teh ngandung harti saujratna, lain siloka atawa umpama, atawa konteks/jihat anu beda? neleman neleman --> neuleuman, tina "teuleum" -- sikandar kumincir.multiply.com <http://www.urang-sunda.or.id>su.wikipedia.org [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

