Nambihan Kang Kumi, dina milis Islam nu liberal ( ceuk kang Oman mah), kungsi aya padungdengan soal Adam manusa munggaran. Aya nu naroskeun, jiga heureuy tapi hese ngajawabna. Teu pira naroskeunana mah, naha Adam teh bulucun atawa nganggo raksukan?. Jigana mah nu naroskeun teh pedah kakara balik ti Irian, ningali urang Irian nu masih primitif, henteu dibaju, tapi ukur bulucun, lalakina ukur make "solobong", awewena ukur nutupan "nu paling penting" wungkul.
Salah saurang, aya nu ngajawab, dina Al Qur'an (benten sareng tina Perjanjian Lawas) Adam henteu disebatkeun manusa munggaran, tapi kalifah (pamingpin). Tapi kuring henteu apal, dina surat naon eta teh ayana. Manawi aya baraya anu terang?. Oge cenah mah proses jadina dunya /alam, nu disebatkeun diciptakeun dina 7 dinten. Teu aya dina Al Qur'an, eta mah aya dina Perjanjian Lawas / Taurat. Kanggo informasi, Urang Yahudi gaduh kalender, nu benten sareng kalender Masehi. Kalender Yahudi sami sareng kalender Islam, didasarkeun kana bulan sanes panonpoe. Kalender Yahudi diitung mimitina ( Taun enolna) ti mimiti Adam diciptakeun. Ceuk kalender Yahudi lamun teu lepat mah ayeuna teh geus taun genep rewuan, nu hartosna Adam, ceuk urang Yahudi mah, diciptakeun kirang-langkung 6000 taun kapengker! Baktos, WALUYA --- In [email protected], kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

