Mun teu salah ingetan, aya tilu "hukum" dina teori evolusi Darwin. Salah sahijina, nya seleksi alam tea. Naon nya anu dua deui? hehehe...kudu mukaan deui buku. Padahal teu jero-jero, dina buku pangajaran biologi keur SMA oge geus disabit-sabit soal evolusi teh.
Ngeunaan kayakinan sabagean elmuwan yen asalna manusa sakaruhun jeung monyet eta salah sahiji rangrang (ranting, varian) tina teori evolusi. Loba oge elmuwan anu teu percaya kana ieu varian. Keur kuring, teori evolusi aya benerna oge, sakumaha aya buktina di alam. Ngan, palebah manusa teh sakaruhun jeung monyet, kuring teu percaya. Ku cara sejen, kuring yakin kana ciciptaan anyar sumber evolusi anu sejen. Sabab, lamun Pangeran bisa nyiptakeun sumber anu kahiji/mimiti, teu mustahil bisa oge nyiptakeun sumber anu kadua, jst. Kayakinan anu akhir teh mawa kana kayakinan turunanana, yen satemenna unggal waktu oge aya kajadian "penciptaan" (ciciptaan) anyar. Upamana, tina naon anu ku urang diteda sapopoe jadi sel, daging...jst. Hartina, Pangeran nyipta teh unggal waktu (lamun kecap waktu larap keur Pangeran, sahenteuna dina pamahaman umumna manusa wae). Hal ieu, ceuk sabagean ahli tafsir Al Qur'an, salah sahiji makna Pangeran Anu Maha Nyiptakeun. Sabalikna, anu ngagem teori evolusi dina harti manusa teh asalna sarua jeung monyet, jauhna asal muasalna tina hiji ciptaan sumber/ciptaan awal, anu terus ngaevolusi jadi mangpirang-pirang makhluk siga ayeuna, aya anu nuduh salaku ngangles kana kanyaatan Pangeran salaku Pencipta. Ieu teh dina harti: sanggeus Pangeran nyiptakeun anu kahiji, mangka Pangeran siga anu "libur", teu nyipta deui. Kayakina samodel kitu, ceuk sabagean ahli tafsir, anu dimaksud boga panyangka yen "panangan Gusti" katalingkung (Bhs Indonesia: terbelenggu, Bhs Arab: maglulah), sakumaha disindir dina Al Qur'an. Tangtu, ceuk eta para ahli tafsir, kayakina model evolusi kitu teh salah, sabab, "panangan Alloh" henteu katalikung (harti lain: AnjeunNa Maha Pencipta sawalasna). Oge dina Al Qur'an keneh dijelaskeun (dina surah Ar Rahman) yen Pangeran teh anu Maha Kreatif (dina Bhs Indonesia: anu Maha Sibuk) terus-terusan Nyiptakeun). Sakitu wae heula. baktos, manAR On 2/20/06, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kang Ono anu bageur, saleresna teu aya nu nyebutkeun manusa asalna tina > monyet, ngan ceuk teori epolusi, monyet jeung manusa teh baheulana boga > karuhun nu sarua. Teori ieu mucunghul, kulantaran aya buktos-buktos anu > nunjukkeun kaarah dinya. Teori epolusi saleresna teu ngakhususkeun > evolusi > manusa wae, tapi oge makhluk hirup nu sanesna. Inti tina teori epolusi > saleresna kieu: Keur ngajaga kalanggengan jenisna, mahluk hirup salawasna > nyaluyukeun hirupna jeung lingkungan. Mahluk hirup anu bisa nyaluyukeun > jeung lingkungan anu tetep aya (eksis), tapi nu teu bisa bakal punah. ieu > nu disebat seleksi alamiah. Nyaluyukeun jeung lingkungan, kaasup oge > fisikna > nu jadi robah (evolusi). Tapi teu sadayana mahluk hirup ngalaman epolusi > gede, Buaya kaasup sato nu bentukna teu robah geus ratusan juta taun. Ngan > buaya ayeuna jeung buaya baheula, rada beda, buaya ayeuna mah leuwih > leutik, > beda jeung buaya luluhurna, nu fosilna kapendak di Afrika. Eta buaya teh > huluna wae sagede panto. Kunaon buaya ayeuna ngaleutikan? ceuk teori > epolusi, nyaluyukeun jeung hakaneunana, nu jadi ngurangan. Lamun ukuran > buaya tetep sagede jiga luluhurna, geus lila buaya punah! > > Kitu deui jeung mahluk hirup nu sanesna. Kuring mere conto deui. Maung > Lodaya asal Sumatra, Jawa jeung Bali saliwatan mah sarua. Tapi upama > dititenan, maung Lodaya asal Sumatra leuwih gede, maung Lodaya Jawa rada > leutik, tapi nu pangleutikna mah maung Bali. Aneh pan? jiga nyaluyukeun > jeung gede Pulo. Teori Epolusi bisa ngajawab hayang nyaho urang. Pulo > leuwih > gede tangtuna oge, leuwih loba hakaneunana, tinimbang Pulo Bali anu > heureut. > Maung Lodaya anu satadina mah sarua, waktu Pulo-pulo ieu ngahiji keneh > jeung > Asia, akhirna papisah, terus nyaluyukeun jeung lingkungan anyar > masing-masing , nepi ka beda jenis, sanajan ari saliwatan mah sarua. > > Waktu Jawa, Sumatera jeung Jawa ngahiji keneh, sato diurang jiga di > Afrika. > Di Museum geologi aya fosil Kuda Nil nu kapanggih di walungan Bengawan > Solo. > Tapi waktu jaman es enggeusan, Jawa kapisah, Kuda Nil Jawa teu bisa > nyaluyukeun jeung kaayaan anu robah. Akibatna urang upami hayang terang > kuda > nil hirup, kapaksa ngimpor ti afrika .... > > Janten, teori epolusi teh, paling henteu bisa ngubaran kahayang nyahoan > manusa. Da bongan atuh manusa teh dibere otak jeung boga sifat sagala > hayang > nyaho. Tepi kadieu saleresna mah teori epolusi teh teu aya masalah, da > ukur > nyaritakeun sato. Tapi da dasar manusa, sok hayang nyaho wae. Ari manusa > sorangan asalna timana? Tah ieu nu masalah. Dina teori epolusi, manusa teh > asalna ti afrika, nu matak teori ieu teh disebat "Out of Africa" > . Sanajan > manusa asalna ti afrika, manusa teh teu saragam fisikna. Contona we dina > warna kulitna. Aya Bule, Aya koneng, Aya hideung, urang Bule mah baradag, > urang Asia Timur mah laleutik, malah aya nu leutik pisan jiga urang > Bushman > di Gurun Kalahari Afrika. Kunaon pangna jadi kitu? Teori epolusi mere > jawabanana. Saperti maung lodaya Sumatera, Jawa bali tea, fisik jeung > kulit > manusa jadi rupa-rupa, kulantaran nyaluyukeun diri jeung lingkungan. > > Tah Kang Ono, Teori epolusi teh salah sahijina keur "ngajawab" nu > kararieu. > Terus terang we, keur sakuringeun mah, teu aya deui teori nu salogis > Teori > Epolusi keur nerangkeun sababaraha "kaanehan" di alam ieu. Percaya kana > Teori Epolusi sanes hartosna teu percaya kanu Maha Kawasa. Tangtos wae > sadayana oge asal muasalna mah ti nu Maha Kawasa. Atuh perkawis Nabi > Adam, > manusa munggaran, kuring mah henteu ngartikeun sacara harfiah. Tapi kuring > lain ahli agama, teu bisa nerangkeun panjang-panjang. Nu penting > mah kuring > tetep teu leungit kaimanan kuring kanu Allah Swt, bari tetep we resep > macaan > buku pangaweruh populer atawa film Discovery. Ngan untungna kuring teh teu > didamel di widang nu aya sangkut pautna jeung teori epolusi, beda jeung > kang > Kumi, sang kuncen, nu didamel di lembaga Eykman, nu kamari "ngagorowok" > dina > postinganana : " Kuring MAKE!", cenah. > > Baktos, > WALUYA > > ----- Original Message ----- > From: <[EMAIL PROTECTED]> > To: <[email protected]> > Sent: Monday, February 20, 2006 5:34 PM > Subject: [Urang Sunda] Elmu sareng Quran (Sateuacanna : Wikipedia: > papatong > ==> Dinosaurus...??!!) > > > > Euleuh meuni rame kieu nya diskusi ngeunaan teori evolusi vs teori > > intelligent design teh...??!!Mimitina ti Abdi naroskeun ngeunaan > > dinosaurus tea, teras ngarembet ngeunaan manusa purba, kadituna deui > > ngarembet ngeunaan teori evolusi sareng intelligent design. Tetela, Abdi > > ngaraoskeun hiji mangfaat anu nyata ku ayana ieu babakan kusnet, > minangka > > media kanggo nambihan wawasan. > > > > Atuh ngeunaan teori evolusi sareng teori intelligent design, sacara > > pribadi Abdi teu gaduh gambaran teori nu mana nu leres. Ngan Abdi mah > > gaduh hiji pamadegan, Al-Quran teh asalna ti Gusti Alloh, kitu deui elmu > > asalna ti Gusti Alloh. Kusabab dua-duana damelan Alloh SWT, pasti moal > aya > > elmu anu patukangtonggong jeung eusi Al-Quran atawa sabalikna. Mun > misalna > > oge aya elmu anu teu sajalan jeung Al-Quran, ieu nandakeun yen elmu-na > > manusa masih aya watesna. > > > > Sabenerna mah, dina Al-Quran sorangan 'sarat' atawa pinuh ku elmu > > pangaweruh. Ngan elmu pangaweruh ieu aya nu jentre disebatkeun dina > > Al-Quran, aya oge anu disilokakeun (dikiaskeun). Pami teu lepat mah aya > > dawuhan Gusti Alloh anu unggelna kirang langkung kieu (punten pami lepat > > pang lereskeun) : > > > > "Jeung saenyana Kami geus ngulang sababaraha kali ka manusa dina > Al-Quran > > ieu, ngeunaan sagala rupa hal siloka (kiasan), ngan hanjakal teu saeutik > > manusa anu ingkar" (Al-Israa : 89). > > > > "Jeung saenyana Kami geus nurunkeun hiji kitab (Al-Quran) ka maranehna, > > anu dina eta kitab Kami jentrekeun ngeunaan 'dadasar' pangaweruh Kami, > anu > > jadi pituduh jeung rohmat pikeun jalma-jalma anu ariman." (Al-A'raaf : > > 52). > > > > Tah, dumasar kana hal eta, ngeunaan asal muasal mahluk hirup nu aya di > > alam dunya ieu, sakuduna teu patukangtonggong jeung Al-Quran. Misalna we > > ngeunaan asal muasalna manusa. Apanan dina Al-Quran oge disebatkeun yen > > Nabi Adam AS didamel ku Gusti Alloh tina taneh, langsung kun fayakun, > > sanes katurunan tina 'monyet' jeung sabangsana. Kitu oge urang sadaya > > didamel ku Gusti Alloh, hakekatna mah, tina taneh (saripati taneh). Ngan > > bedana jeung Nabi Adam, ari urang mah aya proses-na ti mimiti saripati > > taneh, teras janten 'segumpal darah', jst.... > > > > Kawajiban urang sarerea, ngagali elmu pangaweruh Gusti Alloh, kujalan > > neleman 'ayat-ayat' Mantenna, boh ayat-ayat Al-Quran atanapi ayat-ayat > anu > > nyampak di alam dunya katut eusina ieu. > > > > Cag ah...teu karaos geuning tos ngayayay seratan teh. Punten sanes > > mamatahan ngojay ka meri....rumaos Abdi mah teu bodo-bodo acan.... > > Sakali deui bilih aya anu lepat, punten pang lereskeun. > > > > > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

