Hatur nuhun Kang Heri kana waleranana. Janten upami kitu mah Adam
teh parantos nganggo raksukan. Upami wae urang Irian atawa
suku-suku primitif nu sanes, katurunan Adam, tangtosna oge
diraksukan. Tapi ieu mah geuning henteu? malah budaya nganggo
raksukan teh teu acan aya dimaranehna  Maranehna nembe kenal
sareng nu namina baju teh saatosna urang luar "mamaksa" kudu
nganggo raksukan. Adam parantos nganggo raksukan, hartosna
parantos gaduh peradaban nu luhur ngalangkungan katurunana.
Padahal ceuk elmu pangaweruh mah, peradaban manusa teh teh aya
tahapanana, samemeh majeng jiga ayeuna. Manusa cenah mah mimitina
nganggo perkakas tina batu, laun-laun nembe terang bahan sanes
jiga parunggu jeung beusi. Kitu deui dina raksukan, manusa,
supaya ulah tiris, ngamanfaatkeun kulit sato atawa kulit kai keur
raksukanana. Tapi aya oge anu tetep bulucun, supaya ulah tiris
awakna dibalur ku gajih sato. Urang Dani ngabalur awakna ku gajih
babi supaya ulah katirisan.

Sareng seueur deui, saleresna mah, lamun nganggo logika, janten
teu nyambung, sapertos kieu, naha riwayat Adam manusa munggaran
teh ngan aya di wewengkon Timur Tengah ( Ras Semit) , tapi teu
aya di wewengkon nu sanes? Folklore nu aya di wewengkon sanes,
tara nyabit-nyabit Adam, tapi rupa-rupa, malah aya dongeng nu
nyaritakeun luluhurna teh asalna manuk, Anjing/beruang (Korea,
dongeng Ua Siddik) jrrd. Upami umat manusa di sadunya ieu turunan
Adam, aneh upami di wewengkon sanes teu terangeun, iwal di ras
Semit.

Upami Adam diturunkeun sabage Kalifah (pamingpin), kakara lebet
kana logika, nu hartosna di dunya ieu, saleresna mah geus aya
manusa sejen. Sabab upami teu aya manusa nu sejen, saha nu bade
dipimpinna?. Lebet logika oge lamun Adam sabage pamimpin parantos
nganggo raksukan.

Punten ah ngacaprukna nambahan deui .............


Baktos,
WALUYA


----- Original Message -----
From: "Heri Heryadi" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Tuesday, February 21, 2006 12:49 PM
Subject: RE: [Urang Sunda] Elmu sareng Quran (Sateuacanna :
Wikipedia: papatong ==> Dinosaurus...??!!)


> H >> dina surah al araf ayat 26 :
>    "  hai anak adam sesungguhnya Kami telah menurun kepadamu
pakaian
> untuk menutupi auratmu dan pakaina indah untuk perhiasan dan
pakaian
> Taqwa itulah yang paling baik,yang demikian itu adalah sebagian
dari
> tanda tanda kekuasaan Alloh,mudah mudahan mereka selalu ingat."
>
> lamun di tingal tina ayat sateuacana jeung saentosna iue teh
ngarujuk
> kana yen nabi adam teh turun ka bumi tos nganggo
raksukan,henteu boregel
> siga suku dani di irian jaya..



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke