Kang Jaka (oge nu sanesna)....

Abdi bade mairan sakedik ah. Kaleresan Abdi kapungkur kantos kuliah di 
Jurusan Teknik Kimia. 

Kieu Kang, jurusan "Kimia (murni)" benten pisan sareng jurusan "Teknik 
Kimia". Kimia (murni) mah kirang langkung neuleuman ngeunaan pangaweruh 
alam nu aya patula-patalina sareng parobihan sifat hiji zat sacara 
kimiawi. Cindekna mah, jiga pangajaran elmu kimia di SMU ngan langkung 
diteuleuman deui. Elmu pangaweruh nu diteuleuman 'cenderung' skala 
laboratorium. Tah, pami Teknik Kimia mah kirang langkung neuleuman 
ngeunaan teknologi 'pemrosesan' atanapi ceuk bahasa sadidinten mah 
teknologi kumaha carana ngarobih hiji 'bahan baku' janten 'produk' anu 
ngagaduhan nilai tambah tur nguntungkeun sacara ekonomi. Elmu pangaweruh 
nu diteuleuman 'cenderung' skala industri (atanapi komersil). Sanes elmu 
kimia-na wungkul, nanging kedah ngagaduhan oge dasar elmu fisika, 
matematika sareng ekonomi. Di jurusan Teknik Kimia, mung sakedik 
pangajaran elmu Kimia-na mah, kinten-kinten 8-10 SKS tina total 144 SKS 
(di Teknik Kimia ITB).

Pami putra Kang Jaka seneng ka elmu Kimia, jigana langkung cocok lebet ka 
jurusan Kimia (murni) we atanapi Farmasi. Teu sakedik da rerencangan Abdi 
oge anu kapungkur waktos SMU seneng elmu Kimia, teras kuliah nyandak 
jurusan Teknik Kimia, teras ngaraos teu cocok. Ahirna mah kuliah na janten 
teu optimal, margi teu saluyu sareng minat tea. 

Ketang Kang Jaka, da Abdi oge kapungkur waktos SMU teh paling seneng kana 
pangajaran elmu Kimia. Teras, Abdi hoyong lebet jurusan Teknik Kimia, 
margi seneng Kimia tea....hehehe....Ngan alhamdulillah Abdi mah tiasa 
'adaptasi'....
Malihan ayeuna ngaraos 'bogoh' pisan ka Teknik Kimia teh...Teu nyalahan 
geuning milih jurusan teh...

Aaah eta mah kumaha putra Kang Jaka wee...Abdi mah darma masihan terang 
yen Kimia benten pisan sareng Teknik Kimia. Oh sumuhun Kang, di Indonesia 
jumlah insinyur teknik kimia masih sakedik dibandingkeun sareng jumlah 
insinyur teknik-teknik anu sanes,  misalna we insinyur teknik sipil sareng 
teknik elektro. Paguron-paguron luhur anu ngagaduhan jurusan Teknik Kimia 
oge masih jarang, pami teu lepat mah ITB, ITS, UGM, UI sareng UNDIP. Teras 
'lowongan padamelan'-na insya Alloh seueur Kang, janten dosen, konsultan, 
atanapi process engineer di pausahaan-pausahaan oil and gas, 
petrochemical, refinery, sareng rea-rea deui.

Tos ah bilih panjang teuing seratan-na. Hatur nuhun....


Salam Baktos,



Ono Taryono
Process System Engineer
PT Inti Karya Persada Tehnik
Jl. MT Haryono Kav. 4 - 5 Jakarta Selatan
 



"joko tingkir" <[EMAIL PROTECTED]> 
Sent by: [email protected]
02/22/2006 08:05 AM
Please respond to
[email protected]


To
[email protected]
cc

Subject
Re: [Urang Sunda] Nyuhunkeun informasi







Hatur nuhun kang Dedi.
Numawi pun anak teh bingung milih jurusan saurna.
Senengna "pelajaran" Kimia, hoyong ka Teknik Kimia
atanapi Farmasi, tapi alim Kimia Murni saurna, aya
kahoyong oge lebet ka FKG atanapi FK.
Nuju nyobi-nyobi ngiring PMDK oge.

Baktos
Jaka
> --- dedistea <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> > Kang Joko eh Kang Jaka.... kamari teh kenging
> > informasi ti 
> > rerencangan anu putrana kuliah di Semarang(Undip),
> > saurna mah biaya 
> > kosna 3 jt satauneun, ari anjeuna mah biaya
> bulanana
> > teh sok ngintun 
> > antara 500 rewu dugi ka 600 rewu sasihna. Kitu
> deui
> > upami di Malang 
> > (Unibraw) saurna mah kos-kosan hampir sami, mung
> > 'biaya hidup' rada 
> > mirah, sakali tuang teh 2000 dugi ka 3000 (standar
> > mahasiswa/wi).
> > Nya eta pun anak ge masih nimbang-nimbang...! Duka
> > ka UI, Unpad, 
> > atanapi Brawijaya... kolotna mah ngan saukur
> ngadu'a
> > we... atuh 
> > syukur-syukur tiasa ka STAN anu tanpa biaya...!
> > 
> > Salam
> > 
> > Dedi 
> > 
> > --- In [email protected], joko tingkir
> > <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > >
> > > Informasi sarupi punten upami aya mah sabaraha
> > biaya
> > > di daerah sanesna sapertos :
> > > 
> > > 1. Yogyakarta (upami bade kuliah di UGM)
> > > 2. Semarang (UNDIP)
> > > 3. Bogor (IPB)
> > > 



[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke