Nuhun pisan kang Ono kana bongbolongannana. Numawi pun
anak teh hoyongna ka Teknik Kimia sanes Kimia Murni.
Upami ngirin SPMB salian ti usaha kursus "bimbel" teh,
kumaha cara milih universitas supaya bisa katarima.
Ari kahayang mah di PTN nu hade sapertos UI, UGM, tapi
bayaranna rada murah, anu kahontal ku panghasilan
sorangan tina gajih bulanan. Kumaha saena tah kang Ono
(mun bisa mah di Jkt da pun anak teh awewe bisi
heureut lengkah).

Wassalam
Jaka

--- [EMAIL PROTECTED] wrote:

> Kang Jaka (oge nu sanesna)....
> 
> Abdi bade mairan sakedik ah. Kaleresan Abdi
> kapungkur kantos kuliah di 
> Jurusan Teknik Kimia. 
> 
> Kieu Kang, jurusan "Kimia (murni)" benten pisan
> sareng jurusan "Teknik 
> Kimia". Kimia (murni) mah kirang langkung neuleuman
> ngeunaan pangaweruh 
> alam nu aya patula-patalina sareng parobihan sifat
> hiji zat sacara 
> kimiawi. Cindekna mah, jiga pangajaran elmu kimia di
> SMU ngan langkung 
> diteuleuman deui. Elmu pangaweruh nu diteuleuman
> 'cenderung' skala 
> laboratorium. Tah, pami Teknik Kimia mah kirang
> langkung neuleuman 
> ngeunaan teknologi 'pemrosesan' atanapi ceuk bahasa
> sadidinten mah 
> teknologi kumaha carana ngarobih hiji 'bahan baku'
> janten 'produk' anu 
> ngagaduhan nilai tambah tur nguntungkeun sacara
> ekonomi. Elmu pangaweruh 
> nu diteuleuman 'cenderung' skala industri (atanapi
> komersil). Sanes elmu 
> kimia-na wungkul, nanging kedah ngagaduhan oge dasar
> elmu fisika, 
> matematika sareng ekonomi. Di jurusan Teknik Kimia,
> mung sakedik 
> pangajaran elmu Kimia-na mah, kinten-kinten 8-10 SKS
> tina total 144 SKS 
> (di Teknik Kimia ITB).
> 
> Pami putra Kang Jaka seneng ka elmu Kimia, jigana
> langkung cocok lebet ka 
> jurusan Kimia (murni) we atanapi Farmasi. Teu
> sakedik da rerencangan Abdi 
> oge anu kapungkur waktos SMU seneng elmu Kimia,
> teras kuliah nyandak 
> jurusan Teknik Kimia, teras ngaraos teu cocok.
> Ahirna mah kuliah na janten 
> teu optimal, margi teu saluyu sareng minat tea. 
> 
> Ketang Kang Jaka, da Abdi oge kapungkur waktos SMU
> teh paling seneng kana 
> pangajaran elmu Kimia. Teras, Abdi hoyong lebet
> jurusan Teknik Kimia, 
> margi seneng Kimia tea....hehehe....Ngan
> alhamdulillah Abdi mah tiasa 
> 'adaptasi'....
> Malihan ayeuna ngaraos 'bogoh' pisan ka Teknik Kimia
> teh...Teu nyalahan 
> geuning milih jurusan teh...
> 
> Aaah eta mah kumaha putra Kang Jaka wee...Abdi mah
> darma masihan terang 
> yen Kimia benten pisan sareng Teknik Kimia. Oh
> sumuhun Kang, di Indonesia 
> jumlah insinyur teknik kimia masih sakedik
> dibandingkeun sareng jumlah 
> insinyur teknik-teknik anu sanes,  misalna we
> insinyur teknik sipil sareng 
> teknik elektro. Paguron-paguron luhur anu ngagaduhan
> jurusan Teknik Kimia 
> oge masih jarang, pami teu lepat mah ITB, ITS, UGM,
> UI sareng UNDIP. Teras 
> 'lowongan padamelan'-na insya Alloh seueur Kang,
> janten dosen, konsultan, 
> atanapi process engineer di pausahaan-pausahaan oil
> and gas, 
> petrochemical, refinery, sareng rea-rea deui.
> 
> Tos ah bilih panjang teuing seratan-na. Hatur
> nuhun....
> 
> 
> Salam Baktos,
> 
> 
> 
> Ono Taryono
> Process System Engineer
> PT Inti Karya Persada Tehnik
> Jl. MT Haryono Kav. 4 - 5 Jakarta Selatan
>  
> 
> 
> 
> "joko tingkir" <[EMAIL PROTECTED]> 
> Sent by: [email protected]
> 02/22/2006 08:05 AM
> Please respond to
> [email protected]
> 
> 
> To
> [email protected]
> cc
> 
> Subject
> Re: [Urang Sunda] Nyuhunkeun informasi
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> Hatur nuhun kang Dedi.
> Numawi pun anak teh bingung milih jurusan saurna.
> Senengna "pelajaran" Kimia, hoyong ka Teknik Kimia
> atanapi Farmasi, tapi alim Kimia Murni saurna, aya
> kahoyong oge lebet ka FKG atanapi FK.
> Nuju nyobi-nyobi ngiring PMDK oge.
> 
> Baktos
> Jaka
> > --- dedistea <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > 
> > > Kang Joko eh Kang Jaka.... kamari teh kenging
> > > informasi ti 
> > > rerencangan anu putrana kuliah di
> Semarang(Undip),
> > > saurna mah biaya 
> > > kosna 3 jt satauneun, ari anjeuna mah biaya
> > bulanana
> > > teh sok ngintun 
> > > antara 500 rewu dugi ka 600 rewu sasihna. Kitu
> > deui
> > > upami di Malang 
> > > (Unibraw) saurna mah kos-kosan hampir sami, mung
> > > 'biaya hidup' rada 
> > > mirah, sakali tuang teh 2000 dugi ka 3000
> (standar
> > > mahasiswa/wi).
> > > Nya eta pun anak ge masih nimbang-nimbang...!
> Duka
> > > ka UI, Unpad, 
> > > atanapi Brawijaya... kolotna mah ngan saukur
> > ngadu'a
> > > we... atuh 
> > > syukur-syukur tiasa ka STAN anu tanpa biaya...!
> > > 
> > > Salam
> > > 
> > > Dedi 
> > > 
> > > --- In [email protected], joko tingkir
> > > <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > > >
> > > > Informasi sarupi punten upami aya mah sabaraha
> > > biaya
> > > > di daerah sanesna sapertos :
> > > > 
> > > > 1. Yogyakarta (upami bade kuliah di UGM)
> > > > 2. Semarang (UNDIP)
> > > > 3. Bogor (IPB)
> > > > 
> 
> 
> 
> [Non-text portions of this message have been
> removed]
> 
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda -->
> http://www.Urang-Sunda.or.id
>  
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
>     [EMAIL PROTECTED]
> 
>  
> 
> 
> 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke