Leres pisan Bah Jaka, aurat dina Islam benten sareng ceuk urang 
Katholik, ngan hanjakalna teh Urang Indonesia henteu sadayana Islam. 
Upami RUU ieu "digulkeun" jadi UU. Hartosna Warga Negara Indonesia 
jeung nu netep di wilayah Indonesia kaiket ku UU ieu. Kumargi kitu 
urang Irian, Dayak di di jero pedalaman, Urang Bali, bule make bikini 
nu keur moe maneh di basisir kudu ditewakan da ngalanggar UU Republik 
Indonesia.

KItu deui, nu ngagem Islam tapi teu "acan" ngartos, model nini-nini 
dilembur nu kadang-kadang ukur dikutang wungkul, atawa Ibu-ibu nu 
nyusuan orok dina beus umum tiasa ditewak kumargi ningalikeun 
pinareup dipayuneun umum.

Ibing Jaipongan oge kedah di"renovasi", imbit teu kenging 
ngiring "maen" jeung seueur deui. Pokona mah upami UU ieu digulkeun 
pulisi bakal nambahan padamelan nu geus seueur .......


Baktos,
WALUYA 



--- In [email protected], joko tingkir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Bah, dina hal ieu sanajan saur bah Willy teu
> nyabit-nyabit agama, tapi soal pamadegan dina hal
> "pornoggrapi + porno aksi" eta tetep moal beda sareng
> "latar belakang" eta jalma. Batesan "orat" ceuk Islam
> mah tos jelas, mung urangna nu tos "biasa" henteu
> ngalaksanakeun aturan numutkeun ajaran Islam eta, jadi
> we kabiasaan salah anu dianggap "bener"; nya salah
> kaprah tea (kaasup di kulawarga kuring can sadaya
> ngalaksanakeun nutup orat numutkeun ajaran Islam).
> Urang terang, ngarti jeung ngarasa salah tapi masih
> tetep ngalakukeun, alesanna mungkin ngarasa salahna
> teu gede-gede teuing, lain kaasup dosa gede.
> 
> Leres henteuna, mangga taros ati sanubari urang sadaya
> disarengan ku kaimanan, kumaha walerannana aya di
> salira masing-masing.
> 
> Baktos
> Jaka
> 






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke