Hatur nuhun oge ka kang WAG...
Nembe abdi tos nelp deui ka bapak (mitogag...heheheh). nya rada sakedik
nyarankeun ka anjeuna. Cekeng teh, bapak kan polisi, sudah tau itu
melanggar peraturan UU, kenapa di setujui. Terus ku abdi di jelentrekeun
sakumaha anu di saranakeun ku baraya sadaya tadi enjing. Nya
alhamdulillah, pun bapak bade tegas, moal waka di satujui ceunah, dugika
sadayana beres. Da tadi namah nurut ka ibu, anu keukeuh kedah di
laksanakeun.
Hatur nuhun kana saran sareng bongbolongan ti sadayana, upami teu di
pasihan bongbolongan mah, boa abdi tehh moal wantun nelp / rada
mamatahan ka pun bapak. Heheheheh

Baktos
Yosep


-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of Akhmad Gunawan
Sent: Wednesday, February 22, 2006 11:31 AM
To: [email protected]
Subject: RE: [Urang Sunda] Re: tumaros : kanggo ahli agama....

Eeeee etah kang Yosep omat ah ulah sakali-kali deui ngabuka rusiah
kulawarga  teh nya kasep.
  
  Muhun sakumaha anu ku bah Willy dicarioskeun yen aya masa idah salami
3  kali bersuci kanggo anu henteu nuju kakandungan atuh upamu nuju
kakandungan mah pan masa idahna oge dugi ka ngalahirkeun. Kahade ah
omat  teu meunang pisan kanggo istri nikah dina eta masa idah teh.
  Kang Yosep  wartoskeun ka adi ipar yen seuseueurna alesan  lalaki  rek
nyerahkeun istrina teh ngan saukur ekol  wungkul.   
  Kang Yosep eta masa idah teh tiasa oge disebat masa tunggu sugan jeung
sugan bae dina perioda eta teh bisa alakur deui pan pipirakan teh
kalakuan anu  paling dibendu ku Gusti narajang dimeunangkeun oge.
  
  Cag ah,
  WAG
   

Yosep Hania <[EMAIL PROTECTED]> wrote:          Hatur nuhun kang
kana saran na. 
  Nembe ku abdi tos di telp ka pun bojo sareng ka rai tea. Ku abdi ge di
  carioskeun yen nikah siri the ceuk agama mah meunang tapi di urang mah
  aya UU na. nya kedah resmi ka KUA tea, upami henteu aya surat mah di
  anggap kumpul kebo ku balarea oge. Sanes kitu....
  Pun bapak oge rada kirang sapagodos, pami ibu mani sumanget pisan.
  Terus terang ibu mah rada "silau ku harta", ti payun ge abdi hampir
teu
  cios ka pun bojo, da teu kengingeun ku ibuna. Enya eta gara2 abdi
jalmi
  teu gaduh, terus urang sunda, pajarkeun teeh tukang kawin,,eh tukang
  nikah.
  Alhamdulillah Ayeu namah tos di tampi...heheheheheh
  
  Baktos
  Yosep
  
  Ah jadi ngabongkar rusiah sorangan yeuh...
  
  -----Original Message-----
  From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED]
On
  Behalf Of waluya56
  Sent: Wednesday, February 22, 2006 8:48 AM
  To: [email protected]
  Subject: [Urang Sunda] Re: tumaros : kanggo ahli agama....
  
  Ngiring ngawaler, sanaos sanes ahli agama sareng ahli hukum oge. Kang 
  Yosep ari teu acan resmi pipirakan mah, atuh teu kenging nikah 
  (resmi) deui, komo keur istri mah, da tiasa dianggap ngalakukeun 
  poliandri (gaduh caroge leuwih ti hiji), tiasa dihukum margi 
  ngalanggar UU Perkawinan RI nu ngalarang Poliandri.
  
  Duka ari nikah siri/ "nikah agama" mah. Tapi jigana mah tetep teu 
  sah, margi pan teu acan pipirakan. Sareng saatosna pipirakan oge aya 
  masa idah anu lamina lamum teu lepat mah 3 sasih. Ngan ari ceuk 
  kuring mah, nikah siri teh langkung seueur mudaratna tinimbang 
  manfaatna kanggo pihak istri. Margi ku nagara mah tetep dianggap teu 
  sah (kumpul kebo). Nu janten masalah engke lamun kagungan putra 
  atawa  harta gono-gini. Dina perkawis ngadamel akte kelahiran anak nu 
  lahir wae, tos janten masalah, margi saratna pan kedah nganggo serat 
  nikah. Upami teu gaduh serat nikah dina akta kelahiran teh 
  diserat "ANAK HARAM". Masalah oge upami aya pancekadan dugi ka 
  pipirakan, biasana pihak istri deui nu dirugelkeun, da teu kapayungan 
  ku hukum nagara.
  
  Saran si Kuring mah ........salabar we kituh ...dugi ka beres 
  sadayana, dugi ka nikah resmi di KUA.
  
  Baktos,
  WALUYA
  
  
  --- In [email protected], "Yosep Hania" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  >
  > Terus terang wae lah, 
  > Bieu sim kuring di telp ku pun bojo , ceunah mah rain a (adik ipar) 
  rek
  > "Nikah Siri" dinten minggu enjing. Padaha ku pun bojo tos di larang
  > (kaleresan anjeuna mah rada ulet ka agama na tehh.alhamdulillah)
  > 1.      Eta adi ipar the teu acan resmi pisah / cerai sareng
carogena,
  > ceunah mah, "sebelum kamu mendapatkan yg lebih segalanya dari aku, 
  ga 
  
  
            

    Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
    

                      

          SPONSORED LINKS    
                                                        Corporate
culture                                          Business culture of
china                                          Organizational culture
Organizational culture change
Jewish culture

        
---------------------------------
    YAHOO! GROUPS LINKS  
  
      
    Visit your group "urangsunda" on the web.
     
    To unsubscribe from this group, send an email to:
 [EMAIL PROTECTED]
     
    Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

  
      
---------------------------------
  
  
          

Send instant messages to your online friends
http://uk.messenger.yahoo.com 

[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links



 





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke