Saleresna aya elmuna anu tiasa medarkeun perkara ieu,
nyaeta  dialektologi tea anu dikembangkeun ku
(alm)Mang Ayat. Dina elmu eta teh heunteu samata-mata
ningali tina basa anu digunakeun ku penduduk setempat,
tapi oge dugi ka nami-nami tempat di wewengkon eta
tiasa nunjukkeun kapungkurna di tempat eta teh
pendudukna migunakeun basa naon.
Pami aya waktos mah ke ku abdi dipostingkeun pidatona
mang Ayat waktos diistrenkeun janten Guru Besar.


baktos,

mrachmatrawyani


--- waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Upami urang turun tina Feri di Bakauheni Lampung sok
> hawar-hawar 
> kadangu lagu-lagu Sunda nu nunjukkeun yen di
> Bakauheni Lampung, 
> seueur urang Sunda nu asalna Ti Banten. Dina
> sajarahna Lampung Kidul 
> lebet wilayah Kasultanan Banten. Janten memang leres
> di Lampung kidul 
> salian ti penduduk asli teh aya urang Banten. Urang
> Banten nu garaduh 
> kebon "rempah-rempah" (cengkeh jeung lada) di
> Lampung. Dina novelna 
> Mutatulli, Saija jeung Adinda, dicarioskeun Saija
> teh lumpat ka 
> Lampung waktu diudag-udag ku bupati Lebak. ( Tapi
> lamun teu lepat, 
> kuring hilap deui). Urang asli Lampung oge, sok
> reueus lamun manehna 
> aya hubungan jeung urang Banten boh dina karuhun
> atawa kungsi guguru 
> ka "guru sakti" di Banten.
> 
> Tapi ayeuna Lampung geus jadi Provinsi "Jawa Utara"
> , ku loba-lobana 
> urang Jawa didinya ......hehehehe
> 
> Baktos,
> WALUYA


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke