ari kitu si emang..!!
ari eta motor Garuda..? sanes eta teh buatan indonesia..?
ngan saurna teh,harga jual motor Garuda teh teu beda jeung motor merek
jepun,jadi beh teu laku lantaran urang sadaya oge geus terang yen rakyat
indonesia teh lewih percaya merek jepun anu geus puguh boga ngaran ti
lila ning baheula...tibatan merek dalam negri anu gues puguh hasil karya
anak bangsa..

si emang teh pernah ningali iklan motor Gruda henteu..??
eta gening anu modelna Jihan fahira..!!

eleuh eleuh...!!!




-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of mh
Sent: Wednesday, 01 March, 2006 10:53 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Investasi Jepang, Malaysia, Indonesia


Urang tambahan deui ngacaprukna.
Baraya, cing sugan aya nu apal, ari urang kira-kirana bisa teu nyieun
motor? Naha naon hesena nyieun motor teh, geuning ari nyieun kapal
ngapung bisa? Noong kana motor, upama urang ngilikan sababarah tahun ka
tukang, ayeuna  nu ka tingggali boa-boa aya puluhan merek motor teh.
Ngan duka teuing naha aya motor nu dijieun di urang. Padahal upama
dibandingkeun jeung nyieun pesawat, nyieun motor mah geus puguh pasti
aya nu meulina, teu kudu dijual ka batur. (mh)

Akos Kosasih <[EMAIL PROTECTED]> wrote:     Nyabit-nyabit Jepang, jadi
katoel hoyong ngiring mairan...
 Dina bisnis bangsa Jepang aya istilah zaibatsu (ramat lancah keuangan)
anu tungtungnga ngalahirkeun keiretsu (ramat lancah pausahaan). Model
ramat lancah ieu hartina meh sarupa jeung konglomerat di negara urang,
hanjakalna  teu pati atra katingal ku urang anu henteu ngiringan ancrub
di eta pausahaan.  Anu kungsi kaalaman sorangan salila meh 10 taun
kuring digawe di 2 pausahaan konglomerat Jepang. Dihandapeun hiji
pausahaan gede (siga Toyota, Yamaha, Sony, Matsuhita jrd) aya sababaraha
lapis balad-balad eta pausahaan anu miboga fungsi nyumponan pangabutuh
pausahaan indung eta. Pausahaan anu aya dina lapis kahiji biasana
nyumponan bahan baku utama jeung spareparts anu  diperyogikeun ku
pausahaan indung. Pausahaan-pausahaan di lapis kadua biasana nyumponan
pangabutuh pausahaan lapis kahiji. Lapisan katilu biasana miboga fungsi
anu diluar proses produksi siga nyadiakeun sistem logistic,  machinery,
jsb.  Balad-balad pausahaan ieu sumebar di sakuliah dunia, utamana di
nagara berkembang, diadu maniskeun jeung di olo ku tawaran
alih-teknologi. Namung hanjakal dina prakna, sumebarna eta pausahaan teh
teu jauh tina itung-itungan kauntungan ti murahna tanaga buruh jeung
harga taneuh di nagara berkembang. Alih teknologina mah mung konsep
wungkul. Biasana departemen riset & teknologina masih keneh muser di
kantor pusat Jepang.  Kumaha di nagara urang? nya sami bae kitu oge
kaayanana. Geus meh saparampat abad boga kerjasama jeung nagara Jepang
dina industri otomotif, angger bae teu matak industri otomotif urang
jadi mandiri. Teu aya alih teknologi.  Urang mung saukur kabagean
produksi jeung miceun hasil produksi (pasar).  Konsep jeung teknologi
angger eta mah bagean bangsa deungeun. Beda jeung malaysia anu ayeuna
geus tegep pisan kana proyek proton-na. Enya salah sorangan, urang teu
boga visi dina ngawangun industri di nagara sorangan.  Urang masih keneh
fokus kana duit investasi, anu sipatna jangka pendek. Urang tacan mikir
siga kumaha bentuk industri anu berkonsep jangka panjang.
 
 Cag sakitu bae heula, bisi loba salahna..
 Baktosna pun akos  



=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
                
---------------------------------
Brings words and photos together (easily) with
 PhotoMail  - it's free and works with Yahoo! Mail.

[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links



 






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke