huehueheu..bade ngiringan ngawaler ah, ieu kaleresan, bouncingna tos caguer 
deui...bouncing teh mani unggal dinten di dieu mah...

eta carita teh panginten teu benten sareng ..upami urang sunda sakola kaluar 
negri, ka universitas anu hade.....uih kalembur teh...masih nuang keneh jengkol 
ngora....
tapi bentenna nyaa...ari eta urang afrika mah, kacida atuh da,...bade nuang 
manusa...jauh2 sakola ka oxford ti africa, sukses janten kepala suku, tapi 
kabiasaannana mah gening teu robah....

Nia

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Behalf Of Waluya
Sent: Thursday, March 02, 2006 2:16 PM
To: [email protected]; [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Tamatan "Oxford"


Baheula, di jero benua Afrika, aya missionaris Nasrani katewak ku suku
primitif nu masih kanibal. Para kanibal ieu kacida aratoheunana, geus lila
maranehna teu ngadahar daging manusa, komo ieu mah daging urang bule,
kacida meureun empukna. Para kanibal teh nyiapkeun kuali nu gede pisan,
keur ngulub Bapa Pastur. Ger seuneu dihurungkeun, keur ngagolakkeun cai.
Geus cai ngagolak, Bapa Pastur nu ditalian teh disered dibawa ka deukeut
kuali. Tapi  samemeh dicemplungkeun kana kuali, Pupuhu (Kepala) Suku, pok
ngomong : "Naon pamenta anjeung pangakhirna, hey bapa pastur?

Kacida ngajenghokna pastur teh, kaget, naha kepala suku teh tiasaeun
nyarios ku Basa Inggris. Poho kana pamenta akhirna, pastur malah malik
nanya ka kepala suku:" Geuning tiasa Basa Inggris? dimana diajarna?"

"Kuring pan tamatan Oxford!", ceuk Kapala Suku teh, kalem.


Tambahan ti Kuring:
1) Oxford : Universitas nu kasohor di Inggris
2) Moral humor ieu, naon nya? cikan aya nu terang?

Baktos,
WALUYA






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links



 





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke