Tuh geuning sae nami 'Siti Rohmah" teh .Ulah hariwang ceu Eros...! sakaterang teteh sami sareng anu tos disanggeumkeun ku kang Adi, eta nami anu awon duka tah ngawitan nana ti mana...? Anu pasti mah upami wanoja indonesia di sebat Siti Rahmah, sadaya teu aya anu protes, panginten eta teu awon. ipeut
Pituin <[EMAIL PROTECTED]> wrote: ************************************* Haturan Baraya. Asa kagero ieu mah, mangpang keur bubuara di sagara keusik. Aceukkk... teu kedah janten emutan perkawis wasta teh, dapon nu janten kokolot urang maparinkeun kakasih kitu teh, minangkana mah sabage Pangdung'a, nya oge Harepan aranjeunana sangkan urang rahayu dina lalampahan di ieu buana panca tengah..... keun bae urang sanggakeun ka Gusti nu Murbeng Asma. Kapan Inyana mah maha uninga sumawonna maha welas tur asih mah. .... sakateran kuring mah ari SITI teh hartosna PUTRI, pon kitu... dupi RAHMAH mah nya sahartos sareng RAHMAT atanapi NYAAH/KANYAAH /PIKANYAAH .... janten numutkeun hartos eta, nu disebat SITI RAHMAH teh nya eta PUTRI nu DIPIKANYAH/NYAAHAN/kagungan KANYAAH. ..... numutkeun kasauran Abah Willy (haturan Abah), nya aya leresna ..... dumasar kasauran rerencangan ti padagang di Pasar Seng mah, upami Haji Wanoja ti Endonesia teh sok resep pusar-peser dugi ka mulang deui ka lemah caina teh meni angkaribung ...hehehhehehe.... Janten ku padagang di Pasar Seng mah Jamaah Haji Wanoja ti Endonesia teh di sebatna PUTRI nuNYAAH ka aranjeunnana da pedah daganganna payu. ..... nya kitu oge panimu ti Kang "urang subang teureuh panjalu" (punten nya Kang) , panginten oge leres (sihapuntena bae) pami aya sawatara wanoja nu asalna ti Endonesia nu janten "samodel kitu" .... nu hartosna nya sami Putri nu kagungan kanyaah.... namung dina hartos nu teu uni/haram. ...... nyambung oge kana mairanna Kang Yosep (kumaha wartosna Oman Nun?? di dieu mah dinten ieu sigana nembe haneteun).... panginten kirang langkun sami di Oman sareng Abu Dhabi mah, da salian teu tebih, oge pikeun ka Oman ti Abu Dhabi kitu oge sawangsulna teu sesah. Di dieu oge aya samodel sindikat nu sok nampung TKW kaburan teras cenah na mah sok diasong2 keun. Sanen urang arab nu lepatna mah, da urang urangna oge nu sok nanawiskeun, boh si wanojana boh si germona. Cobi bae tingali urang pilipin jeun malaya di dieu, kusabab papadana ngajaga oge teu dimurah-mareh, wanoja pilipin sareng malaya mah arang langka nu ditoel sakarepna ku urang arab, banglades, pakistan atawa india nu didieu. Tah kitu Aceuk!! sok bae geura emutan... nu penting mah urang mah ulah lali bae kana purwadaksi urang sabage urang sunda... insyaalloh nu disebat "kaarifan lokal" (ceuk legegna mah) baris nungtun urang, yen urang teh mibanda "harga diri" jeung "prinsip", oge "prilaku" tangtuna.... tos heula ah, bilih janten ngabibisini .... hehhehe rampes nun, -pun adi- ************************************* On 3/4/06, rosma_ilyas <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Punten,ngiring ngaramekeun... > Rerencangan kantor nembe ngiringan ibadah Haji taun ieu. > Anjeuna ngadongeng pangalamana nuju diditu, nyarios ka abdi,"Ro, > nama kamu disana sering banget dipanggilin, apalagi kalo shafnya > nggak lurus/beres...Siti Rohmah!...Siti Rohmah! sambil minta shafnya > diberesin". Kaleresan nami abdi pamasihan ti eyang teh saleresna > Roro Siti Rohmah (rosma)...Astagfirullahaladzim, hartosna eta teh > geuningan WTS??!!! Terang kitu mah basa abdi nuju alit teh protes... > > rosma > nunembeterangnaminaawon > ---xxx [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id SPONSORED LINKS Corporate culture Business culture of china Organizational culture Organizational culture change Jewish culture --------------------------------- YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group "urangsunda" on the web. To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. --------------------------------- Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

