Kahatur kang Yudi jeung kang Yani

Punten, kang, ari kamus Sunda-Perancis engke heulaanan 

he..he..he...ieumah mangrupa proyek nu bade lumangsung mangtaun-taun dugi 

ka mangsa pangsiun kuring. Kedah sabar sateuacanna diwedalkeun nya? Kunaon 

hiji kamus Sunda-Perancis? Numawi teu acan aya kamus sapertos kitu, basa 

diperyogikeun ku kuring janten mutuskeun medalkeunana. Ari kasaruaan 

antara basa Sunda jeung basa Perancis teh benten pisan langkung benten 

tinanding eujeung Perancis/Inggris atawa Indonesia/Sunda. Tapi duanana, 

Sunda jeung Perancis, mangrupa basa nu harese dikawasakeun. 

Puguh wae, kuring tos nguningakeun karya-karya Pa Mikihiro Moriyama, salah 

sahiji ahli linguistik nu manggung jadi mani sohor di widang elmu basa; 

abdi teh mung saurang lumrah nu beuki kana basa Sunda wungkul, hanjakal 

atuh kuring sanes sakaliberna..he..he..he..

Kuring isin pisan kulantaran curekna dilalaworakeun ku kuring sanaos 

sakedahna malire : contona aya bentenna antawis "keplek" (gelo), "keplék" 

(kaulinan) jeung "képlék" (ngéplék leungeun).

Ari jumlah kecap dina database teh kieu : unggal kali pesen di milis 

diaos ku kuring, unggal kali hiji buku diaos, unggal kali ngomong sareng 

garwa kuring, upami maos atawa ngadangu kecap nu anyar, eta kecap 

dipilarian heula dina kamus kangge ngimpleng hartosna teras ditambih dina 

databasa sareng tarjamahan jeung konteksna (kalimah-kalimah sabudeureun). 

Eta sababna nepi ka dieu ngandung langkung tina sapuluh rebu kecap.

Enya, leres, kuring seja ngadadarkeun tugas ieu (kamus) ka masalah 

narjamahkeun kana basa Perancis (disebutkeun Traité de stylistique dina 

basa Perancis)...tapi saatosna kamus geus rengse wae..he..he..he...upami 

abdi masih keneh hirup.

Ari cara kumaha ditambih dina database : aya entri kangge unggal kecap 

turunan sanes mung kecap dasar wungkul(contona : aya entri kangge 

kadaharan, padaharan, pangdaharan  sanes mung dahar wae). Kulantaran 

sasaruanana dina basa Perancis dibebenah sapertos kitu (kecap turunan). 

Leres seueur ahli linguistik teh, mangsa abad ka-18 ka-19, urang Perancis 

kawas Saussure, Benvéniste, Vandryes, Marouzeau jsb, beken pisan 

terutamina dina widang filologi. Bapa Labrouse, ahli basa di
wewengkon Asia Tenggara, pangaran kamus Indonesia-Perancis pangsaena teh, 

saurang Perancis oge. Ku kituna, naon sababna urang deugeun katarik 

diajar basa Sunda? Ari pangiten kuring, kulantaran basa Sunda mangrupa 

panangtang nu panghesena. Saha wae tiasa diajar basa Inggris teterehan 

tapi meryogikeun sabaraha lami kangge ngawasakeun basa Sunda? 

mangtaun-taun komo kedah toh tohan. Teras kaayaan basa Sunda di 

beulah sosiologi teh aheng : dipisah antawis basa Wetan jeung basa Kulon, 

dipisah antawis basa alus di Sumedang jeung basa kasar di Banten, diangge 

dina dunya moderen tapi sareng aturan tatakrama nu kolot, diangge ku 

tilu puluh juta pamuduk tapi teu gaduh koran nu penting, diancam ku basa 

nasional (Indonesia) jeung basa internasional (Inggris). Ieumah mangrupa 

panangtang nu mani geugeut ka kuring kawas ka saban pangguna basa luar 

biasa eta.

Baktos, Kang Denis

  ----- Original Message ----- 
  From: MRachmat Rawyani 
  To: [email protected] 
  Sent: Thursday, March 02, 2006 9:53 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Naros hartos -kang Denis


  Kuring jadi inget obrolan jeung kang Mumu (pananggung
  jawab kagiatan SIMPAY) sawatara katukang. Soal bangsa
  deungeun anu soson-soson ngulik perkara basa Sunda,
  nepi ka aya anu nalungtik perkara hurup basa Sunda "e"
  anu aya curek di luhur jeung "e" anu teu aya curek di
  luhurna. Terus ngabandingkeun sora/ vokal urang Sunda 
  jeung vokal urang Jawa jeung urang Sulawesi.Nyata
  katingali kabeungharan kosakata basa Sunda teh
  geuning. Terus pananya anu leuwih jero deui teh, jang
  naon maranehana neuleuman basa Sunda nepi ka jero siga
  kitu? Naon nangpaatna pikeun maranehanan? 
  Ayeuna wae tos katingali, ahli basa Sunda sakaliber
  Mikihiro Moriyama geus "mendunia". Sigana maranehanana
  (bangsa deungeun) kalebet didieu kang Denis Rivard,
  tos mikir jauh ka hareup, basa sunda teh hiji potensi
  anu kaya pisan pikeun kamekaran pengaweruh basa dunya.
  Terus kuring jadi inget ka Mongin-Ferdinand de
  Saussure (1857-1913), urang Prancis kalahiran Jenewa,
  anu tadina nalungtik perkara basa Sansekerta, ahirna
  jadi"perintis" anu ngaluarkeun teori 'strukturalisme
  jeung linguistik modern', anu jadi acuan pikeun para
  ahli basa (linguistik) sadunya. Saha anu terang,
  boa-boa ku ayana bangsa deungeun nalungtik basa Sunda,
  engke bakal kaluar teori linguistik keur basa-basa di
  wewengkon Asia Tenggara.

  Tapi ras inget ka Urang Sunda sorangan. Utamana di
  milis ieu, rame madungdengkeun basa kasar, basa lemes,
  basa warisan jajahan basa Jawa. Piceun basa nu teu
  mangpaat. Naha eta "pendapat" teh geus "dibeuweung
  diutahkeun"? Geuning bangsa deungeun mah ningali basa
  Sunda teh basa anu beunghar kosakatana? Ku naon atuh
  bisa kitu?
  Sigana wae aya pamikiran anu kaliru di kalangan Urang
  Sunda, nepi ngahasilkeun hiji kacindekan, basa jeung
  budaya Sunda teu perlu  "dipelajari" soson-soson, teu
  boga pangaruh kana kahirupan jeung kajembaran anu
  makena, da udaganana ngan kana widang ekonomi wae.


  --- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  > 
  > heuheu. ampun paralun kang, sanes ka dinya maksad
  > seratan sim kuring teh.
  > mung mupuas ka urang sunda sorangan nu paroho deui
  > basa sunda. hehe.
  > 
  > tangtos we ari sikep sim kuring ka kang Denis mah
  > reueus nu aya. margi
  > sanaos dengeun2, tos kersa diajar basa Sunda. urang
  > dieu diajar basa
  > Inggris Perancis Jerman teu aneh, tapi mun batur
  > diajar basa Sunda rada
  > aneh, margi kabisaaan di urang, nu diajar basa teh
  > dipatalikeun sareng
  > kapentingan ekonomi, sakola atanapi padamelan.
  > 
  > sim kuring oge ngaraos reueus ka Mikihiro Moriyama,
  > nu desertasina di
  > Leiden perkawis budaya cetak kesastraan Sunda abad
  > 19. ngulik sajarah basa
  > Sunda, tos tiasa ngengingkeun gelar Doktor.  Bukuna,
  > Semangat Baru,
  > Kolonialisme, Budaya Cetak dan Kesastraan Sunda Abad
  > ke 19, baris dibedah
  > di pangulinan sim kuring, Rebo 5 April 2006.
  > 
  > tah kang Denis oge diantos karyana perkawis basa
  > Sunda atanapi budaya
  > Sunda sanesna.
  > 
  > baktos ti bdg
  > mj


  __________________________________________________
  Do You Yahoo!?
  Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
  http://mail.yahoo.com 


  Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




  SPONSORED LINKS Corporate culture  Business culture of china  Organizational 
culture  
        Organizational culture change  Jewish culture  


------------------------------------------------------------------------------
  YAHOO! GROUPS LINKS 

    a..  Visit your group "urangsunda" on the web.
      
    b..  To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]
      
    c..  Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. 


------------------------------------------------------------------------------



[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke