tadi peuting si andiw tukang kaos kusnet tea datang ka rajamantri. ngadon
bebeja manehna keur diusulkeun ku unit PSIK jeung himpunana, Geofisika &
Meteorologi, jadi calon Presiden Keluarga Mahasiswa ITB 2006-2007. calon
nu geus aya 6 urang.

peryogi ka uninga, di sakola cap gajah cindeten mah, istilah Ketua BEM
atawa ketua senat mahasiswa teh Presiden. nurutan ti senirupa. ketua
himpunana ti baheula disebut presiden. hehe.

neda pangdu'a ti sadayana. teuing kumaha kahayangna. balik ngangon kanguru
dua bulan, ngorbankan 12sks (3 mata kuliah bisa ujian susulan cenah)
ayeuna ngadon daptar jadi calon presiden km itb. rek dicaram, da hak
manehna. keun bae lah, ari kahayang si kurin ogel anceukna nu sejen mah
sakola we- lulus, terus gawe-siga si kuring baheula. ari ieu ngadon ulin
bae. anak bungsu tea meureun...punten ka nu bungsu oge...hehe

talatah teh kade we maneh ulin kamalinaan, poho kuliah, ke di drop out.
insya alloh moal cenah.

reueus boga adi nataktak kitu, tapi lolobana mah keuheul nu aya ka si eta
teh. mun kapilih teh, urang Gunungcupu, tutugan gunung Syawal Ciamis, aya
nu jadi presiden keluarga mahasiswa itb.

duka tah, ngurus kaosna -ayeuna tos aya gambar Cepot ti kang Duli make
model Che Guevara- bisa terus diurus si eta atawa henteu.


mj

http://geocities.com/mangjamal






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke