Mojang bedegong nu ngaku urang jelekong, lamun hitut siga sora 
bangkong
Mojang bedegong nu ngaku urang jelekong, lamun kerek siga sora bagong
Mojang bedegong nu ngaku urang jelekong, ti bau cikur geus icalan 
cintrong
Mojang bedegong nu ngaku urang jelekong, cita-cita haying boga 
salaki ka garong

Di alun-aluan panggih jeung si Engkong, pangsiunan budak buraong
        Urang Cibintinu si Engkong teh….!
Nu ayeuna jadi Bandar bangkong, dimodalan ku Babah Pehong
Beuki deukeut beuki raket, siga keretas dirapet, Henteu lila ti 
harita urusan eujeung KUA
Rumah tangga anyang-anyangan loba pisan pacengkadan, loba piring 
ting kalayang ka tatangga ngagandengan.

Mojang bedegong nu ngaku urang jelekong, teu bisa tumarima kana 
kaayaan si Engkong
Nu panghasilan tina saukur bati dagang bangkong.
Malah haying telepisi oge kakara kabeuli gambar toong.

Laki rabi awet rajet recet siga anak bancet, rumah tangga paburantak 
sigaaa……taeun katincak buyatak gila aing mah…!
Laki rabi awet rajet recet siga anak bancet, rumah tangga paburantak 
sigaaa…….samangka katincak

Sok siga bioskop rumah tangga bubaran, mojang bedegong ngaranda, si 
Engkong jadi duda….
Duda ostraliaaa…….
Mojang bedegong beuki maceuh ngelmu bagong…….
Dangdanana eta Bah…euy….siga nu gelo….
Maksudna mah dangdan siga nu gelo the, keur mejeng supaya meunang 
deui jodo

Lalakon hirup manusa sok teu disangka-sangka……………
Jadi inget kana pilem anu judulna naon………Prety Woman…teuing Frety 
Woman, teuing make F atawa P n amah ngan pokona pilem eta….Eti Omen

Mojang bedegong nu ngaku urang jelekong, ujug-ujug aya nu mikanyaah, 
lalaki bageur jeung kasep…
Cenah mah PAJABAT BASAH eta teh………Jibrug…..
Lain jibrug, ai pajabat basah teh jalma anu ngajabat dihiji meja, nu 
mejana duit hungkul, lain pajabat nu mandi…….lain…
PAJABAT BASAH kitu caritana……
Pajabat basah teh pajabat anu ngurus……wah….duitna pasuliwer didinya 
loba palingeunnana

Nya rumah tangga nepi ka awet sagala, tara kadenge pasea, romantis 
luar biasa..
Nuhun ari geus senang mah nyai…, atuh ayeuna mah geus senang mah 
ulah bangor deui nya..sing bageur hirup teh bener…!

Tapi ti saprak harita, kuring jadi mineng pisan panggih. Pernah 
papanggih jeung salakina mawa mobil…..
Make mobil, herang, mewah…teuing pokona mah Mercedes tipe sabaraha 
da ka urang mah teuing asup teuing acan….
Berliannana oge meni reunceum, dina beuheung na ge…4 imaheun mah aya 
lamun di jual mah..
Ngan aya kaleuwihannana, kulantaran manehannana hirup lila di jalan..

Sifat jelema jalanan tara poho ka babaturan, malahhan ka kuring 
pernah maksa milu makan malam….
Ceuk bahasa maranehanna mah Diner……Diner….
Baheula kan aya orkes Diner Mustika….eh…lain Diner makan malam….

Keur dahar turing…………….
Dahar turing teh kieu….dahar samemeh dahar ngatur heula piring, nu 
disebut dahar turing teh dahar ngatur heula piring… make serbet, 
make peso, make garpuh, sendok terus tisu, terus cai kokobok……..
Jadi samemeh dibere kejo teh……aya buah2an…..boled mah raja bekok……

Tapi kabeneran yeuh….kabeneran salakina keur rada bongoh..ku kuring 
the ditanya ngaharewos…
Kieu ku sayah ditanya teh…..
Nyai sanes kapungkur mah palay gaduh caroge ka GARONG, naha teu 
janten, naha robih pamadegan..
Ai tembal teh…..ah heunteu Kang DOEL, justru abdi the ngemut-ngemut, 
upami abdi palay gaduh caroge ka GARONG tangtos rada sesah, margi 
saur pamendak abdi moal mungkin aya GARONG anu wanton ngangken 
GARONG…..sieun di tewak……..

Atuh kaleresan abdi teh pendak sareng pameget, keur mah kasep, jaba 
pajabat, pajabat nage PAJABAT BASAH, atuh abdi teh bungah kabina-
bina. Teras ku abdi disidik-sidik teh…..Caroge abdi nu PAJABAT BASAH 
teh,….ah nya syukur sagala rupina langkung ti GARONG…..lamun upami 
garong mah ngaggarong teh ngan sabumi dua bumi, ieu mah tiasa 
RATUSAN bumi di garong teh……kitu.
Muhun jadi abdi the asa mendak leuwih….

Ditembalan kitu the atuh sayah teu bisa nyarita…..
Da dipikir-pikir enya oge nya euy…..
Nya meureun leuwih ti GARONG matak manehna bagja oge…
Jadi Si Eta meunang milik, nu tadina boga cita-cita salaki ka 
garong, tungtungna meunang lalaki anu leuwih kaharti kadudukannana 
leuwih ti GARONG, jadi weh kalaksanakeun duanana….

Tah eta.. ari jelema anu disebut HOKI……..HOKI ceuk Cina mah, ceuk 
Hongsui mah HOKI cenah Sunyah….Sunyah tah eta….teuing hartina mah 
teu nyaho lah…..

Ngan lamun bener eta nepi ka kitu….!
Keun bae da geus jodona, ngan ayeu n amah, urang du'akeun we ku 
salarea…ka Mang Usep, ka Mang Omen, ka Mang Epol, ka Pa Wawan 
Ompong, Satpam, Riki, Tison,kabeh teu poho deui utama Bah Eon, Urang 
du'akeun supaya si Mojang Bedegong anu urang Jelekong teh, sing 
gancang cageur, benerna the sing nya'an2 bener, atuh salakina anu 
PAJABAT BASAH anu leuwih ti GARONG tea, sing cageur, sing bener, 
sinnggg………………sing Amin pokona mah……kitu..

Sabab kieu, aya katerangan………..
Lamun urang kabiasaan hirup tina nafkah JADDAH, kana kalakuan 
saumur2 kabawa JADDAAAAHH….!
Sakali deui………sakali deui……..nafkah naon……nafkah…..naon….?
Lamun dahan nafkah JADDAAHHH, osok kabawa jadi 
JADDAAAAAHHHHHHHHHH……..!
Matak urang ulah ngiring JADDAAAAHHHHHHHH…..!
Tah…urang ngadu'akeun salamet soteh, ka kabehan…supaya urang teu ka 
asup golongan JADDAAAAAHHHHHHHH………….!







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke