Sabenerna mah kuring haroream ngawaler deui thread ieu teh, tapi kumargi 
kang Yudi nyebat kuring "tururut munding" sagala ( tuturut munding kasaha?), 
kapaksa ngawaler deui, "bela diri" tidituna mah.  Kang, upami akang kantos 
kuliah di Fakultas Sastra jeung Budaya atawa resep macaan buku nu aya 
hubunganana jeung kabiasaan hiji etnik, nu kararieu teh teu aneh, malah 
dipelajari. Sabab keur mempelajari hiji etnik, kudu terang heula 
kalakuanana. Tingali geura artikel "poyok Ungkal" dina situs majalah 
"Cupumanik". Perkara "poyok" ieu geus ngahasilkeun S1 jeung S2 sababaraha 
urang. Aos oge seratan "urang Subang Teureuh Panjalu", nu nyarioskeun 
anjeunna kantos kuliah di Sastra Arab dugi ka terang "etnografi Arab" 
sagala.

Di Barat, kuring terang aya undang-undang "hate crime", pangpangna di 
Inggris, Canada jeung Amerika. Sing saha wae ngahasut ku didasaekun ku 
etnis, agama, tiasa digerewel. Pidato nu ngahasut jelema sina nyerebu, 
ngabenci etnik lain, tah eta nu keuna "hate crime" mah (komo make sweeping 
sagala mah jiga diurang!). Tapi ieu mah heureuy, teu ngandung rasa benci 
sagala. Ngan saukur ngaheureuykeun urang Arab teh kagunganana "ageung" jeung 
"badag". (nu urang Indonesia oge harayangeun sabenerna mah buktina "Ma Erot" 
buka praktek dimana-mana ....). Kitu deui soal gede sahwat, kuring nulis 
kulantaran hayang nanyakeun ka baraya, sugan aya nu terang, leres henteu eta 
teh. Wani nulis eta teh, lain kunaon-naon, sabab kuring nyangka di millis 
teh jiga kumaha we nu ngobrol didarat jeung babaturan nu geus wanoh pisan. 
Maklum sabagean urang Kusnet, kuring wawuh lain di dunya maya wae, tapi 
papanggih di darat, jadi geus teu asa-asa. Kuring oge mere conto sinetron 
Bajay Bajuri,  sinetron pangpopulerna di Indonesia, naha eta sinetron teh 
ngalakukeun "hate crime"?. Cobi diemut sakali deui, Naha "ageung" jeung 
"badak" atawa "gede sahwat" , tiasa nyababkeun kabencian ka urang Arab? Geus 
aya urang Arab diusir/disweeping di Indonesia kulantaran "gede" jeung 
"badag"?.  Ah ulah kaleuleuwihi kang ....

Tapi upami tos gaduh prasangka titadina (katingali aya sigeungan kana 
tulisan kuring dina thread nu benten deui), naon nu ditulis ku kuring teh 
salah we. Dipasihan alesan nu asup akal oge, lepat. Dihumorkeun lepat ( nu 
heureuy ieu teh lain kuring wae, tapi aya sababaraha urang nu mostingkeun). 
Nya atos urang tutup we dugi kadieu, da tangtosna oge moal nyambung, lamun 
geus dimimitian ku prasangka mah.

Hapunten, lamun aya basa kurang merenah.

Baktos,
WALUYA

----- Original Message ----- 
From: "Yudi Irmawan" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Wednesday, March 08, 2006 4:11 PM
Subject: [Urang Sunda] Re: Heureuy (tadina:Arab ceuk batur kuring)


> Hatur nuhun panggeuingna Mamang/Uwa? Surtiwa.. Benten da ari nu tos
> legok tapak genteng kadek mah, langsung nanceb kana inti masalah...
>
> Upami teu lepat pan kamari teh urang padungdeng ngeunaan elmu sareng
> Qur'an, asana teh aya nu pok bade misahkeun elmu sareng Qur'an? Nya
> intina mah panginten bade nanjeurkeun pikir/elmu tibatan dogma/taklid
> atanapi tuturut munding tea sanes? Atuh anggap we ieu teh ngabahas
> heureuy nu sae sareng nu henteu tina kacapanon 'hubungan
> internasional' atanapi universal
>
> Upami bade langkung tebih nyawangna, di sawatara nagara (hususna
> nagara barat), ngaheureuykeun batur dumasar ku etnik bisa dianggap
> kalakuan rasis nu hukumanna teu kinten-kinten. Bilih wae aya baraya nu
> gaduh rizki ka nagara2 ieu, tur sigana mah moal lila oge hukum siga
> kieu teh bakal datang nagara urang, atuh anggap we atuh ieu mah
> padungdeng heureuy teh supados urang teh heureuyna sanes heureuy
> tuturut munding, nu tiasa janten nyilakakeun.
>
> Ngaheureuykeun kagorengan hiji etnik teh dianggap goreng sabab jelma
> mah euweuh nu bisa milih lahir di etnik mana. Antukna, nganggap hiji
> kagorengan napel ka hiji etnik teh teu kiat dasarna. Ecesna mah kieu,
> naha kalakuan nurutkeun sahwat urang Arab teh kulantaran manehna urang
> Arab? Leres ageung sahwat mah tiasa janten genetis napel ka urang,
> tapi milih naha nyalurkeun sahwatna ku cara sae/awon mah pilihan nu
> dipangaruhan ku lingkungan (pendidikan, kayakinan, jst).
>
> Ku dasar ieu, tangtos abdi oge moal nyatujuan ngaheureuykeun urang
> Aprika salaku 'bandar narkoba' sanaos seueur urang Aprika nu katewak
> janten pengedar. Atanapi ngaheureuykeun urang Barat/kaukasian "beuki
> budak leutik" sanajan loba sababaraha urang Australi nu katewak
> ngaboboan budak alit di Bali.
>
> Pami heureuy polisina pa Ganjar mah teu kalebet heureuy siga di luhur,
> sabab janten polisi mah pan kedah sakola 3 taun, diajaran kumaha
> janten polisi nu hade. Janten aya standar kalakuan hade polisi nu
> dipiharep ku masyarakat. Benten sareng etnis, naha pas urang di
> kandungan ngiring kitu "pelatihan jadi Urang Sunda"? Teu aya. Kukituna
> wajar bae mun aya urang Sunda nu jadi koruptor tapi loba oge nu hade.
> Wajar oge urang ngambek mun di heureuyan: "kamu cowok Sunda ya,
> berarti kamu suka kawin dong"
>
> Perkawis ceunah heureuy siga kitu mah tos biasa? Ah ieu mah moal
> dipanjangkeun. Sapertos disigeung di luhur, emutan kieu mah caket2
> kana taklid/tuturut munding sanes? Ayeuna mah mangga wae kumaha urang,
> bade tuturut ka nu leres atanapi bade tuturut ka nu biasa?
>
> Upami tos milih dumasar kayakinan mana nu leres mana nu henteu, eta
> mah nafsi-nafsi. Amal anjeun keur anjeun amal kuring keur kuring,
> atanapi pluralitas tea.
>
> Kitu panginten pamendak abdi mah
> Wassalam
> Yudi
>



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke