Hheheheh....muhun kang, sim kuring jadi bingung ieu tehhh...padahal mah tadi na heureuy, tapi jadi 1000 rius kieu ieu tehhh...heheheh
Sim kuring ge ngalungkeun balesan/postingan kamari, teu.. teu lain hayang ngagogorengkeun atawa ngaheureuykeun kana salah sahiji RAS (khususon Arab anu keur di padungdengkeun), tapi "postingan" sim kuring mah di dasarkeun kana " Fakta sareng Kanyataan" di dieu, da tadina aya nu nanya / panasaran ngeunaan " gede, panjang, sahawat" heheh, kitu ge pedah wae ayeuna nganjrek di dieu, jadi apal tur kanyahoan naon wae adat jeung kabiasaan urang dieu (Arab). Tos ahh...bade beberes deui pail (file)..heheh Punten wae ka sadayana bilis aya anu kacawad ku cariosan sim kuring.....da ngan ukur Heureuy.... Siga keur lebaran wae menta hampura...heheheheh (tah ieu ge kabiasaan goreng, da menta hampura mah henteu keur lebaran wae)...hehehh Baktos, Yosep -----Original Message----- From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Waluya Sent: Wednesday, March 08, 2006 4:44 PM To: [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Heureuy (tadina:Arab ceuk batur kuring) Sabenerna mah kuring haroream ngawaler deui thread ieu teh, tapi kumargi kang Yudi nyebat kuring "tururut munding" sagala ( tuturut munding kasaha?), kapaksa ngawaler deui, "bela diri" tidituna mah. Kang, upami akang kantos kuliah di Fakultas Sastra jeung Budaya atawa resep macaan buku nu aya hubunganana jeung kabiasaan hiji etnik, nu kararieu teh teu aneh, malah dipelajari. Sabab keur mempelajari hiji etnik, kudu terang heula kalakuanana. Tingali geura artikel "poyok Ungkal" dina situs majalah "Cupumanik". Perkara "poyok" ieu geus ngahasilkeun S1 jeung S2 sababaraha urang. Aos oge seratan "urang Subang Teureuh Panjalu", nu nyarioskeun anjeunna kantos kuliah di Sastra Arab dugi ka terang "etnografi Arab" sagala. Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

