Ha ha... Kayungyun Kang Tito mah... Tapi biasana mah tara disebut (atawa tara
make) baju kampret, tapi baju pangsi... Biasana baju pangsi teh rupana
hideung, jeung euweuh kancingan...
Beh dituna mah dina ngagondang teh sok aya lisung di tengah panggung, teu
tinggaleun haluna...
Satutasna lagu anu 'dihaleuangkeun' ku Kang Tito, anu wirahmana dinamis,
terus eureun sakedapan, dituluykeun kana lagu anu wirahmana rada ancad laer,
saperti kieu:
Para jakaka:
Kersa milih ka kuring jajaka kota, duh gagah perkasa, banyak harta.
Para wanoja:
Teu percaya, rayuan pemuda, pemuda jaman sekarang, bicara sembarang gampang,
katanya abang sayang, bersumpah abang cinta, padahal matanya mata kranjang
Para jajaka:
Duuuuhhh, teungteuingeun nampik teh sapajodogan, walau dinda tidak cinta, di
hati tetap terbayang
Aya bagian saterusna, kitu bae patembalan. Ti dinya, balik deui kana wirahma
dinamis tea:
Solale solale wa uwa uwa eng...
AJ
Tito Suryana <[EMAIL PROTECTED]> wrote: baraya...masih aya kitu
kasenian maen gondang atawa kaulinan urang lembur..
sok inget mun nyoréang katukang basa keur SMA mun 17-an di kampung sok
manggung maén calung, gondang atawa kaulinan urang lembur.
tah mun ngagondang téh 8 urang, wanoja 4 urang bari dikabaya jeung disamping
satengah bitis bari nutuan lisung atuh lalakina 4 urang make iket, baju
kamprét nyoléndang sarung.
(harita mah teu aya band, dangdut, estuning ngagambarkeun ciri khas urang
lembur).
malah masih aya nu napel kakawihan teh jiga kieu :
neng nong neng ja
toroktok embé jangotan
pa kuwu kariaan
kejona kejo gadung
laukna lauk bilatung
tangtung bedog rumpung
tong tang bedog rompang
het het embé jangotan
kélék monyét héhéotan....
(duka naon tah maksudna kakawihan téh)..
cag ah....
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
Corporate culture
Business culture of china
Organizational culture
Organizational culture change
Organizational culture assessment
Jewish culture
---------------------------------
YAHOO! GROUPS LINKS
Visit your group "urangsunda" on the web.
To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
---------------------------------
---------------------------------
Yahoo! Mail
Bring photos to life! New PhotoMail makes sharing a breeze.
[Non-text portions of this message have been removed]
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/