Salian ti semah, aya oge 'tamu', Kang... Enya, eta oge jalma anu datang ka
imah urang, ngan ieu mah henteu 'ngahesekeun nu boga imah' tapi 'mawa tata
jeung semu', ringkesna mah sopan lah...
AJ
mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
US boga prinsip hade ka semah. duka ti iraha eta teh. meureun pangna aya
eta kecap teh sabab sok mindeng kasemahan, boh baraya atawa deungeun. adat
eta nepi ka mangaruhan cara urang nyieun imah. aya hiji rohangan nu
dipapaes sangkan alus, malah mun bisa mah pangalusna, nyaeta ruang tamu.
sabab make jurus hade ka semah, semah dihormat, dihade-hade lalawuhna
atawa susuguhna. kadaharan nu hade dibikeun ka semah, kajeun ka budak
atawa ka anggota kulawarga henteu. "ulah eta mah keur semah," kecap nu
ilahar ti indung ka budak nu rek nyokot kadaharan nu ngeunah.
meureun aya semah nu teu ngarti atawa kurang etis atawa duka kumaha, nepi
ka semah teh diplesetkeun jadi ngahesekeun nu boga imah. nya da boga sikep
hade ka semah tea, sagala diayakeun pikeun nyuguhan semah. antukna jadi
ngahesekeun atawa ngariweuhkeun nu boga imah. silaturahmi jadi kurang hade
alatan urusan teknis sarupaning lalawuh atawa susuguh.
balik deui ka soal imah tea, ruang tamu teh beh dieu mah seringna sepi,
jarang aya tamu ngulampreng, salian ti tamuna ngarasa sieun ngahesekeun nu
boga imah tea, oge meureun ayeuna mah, utamana di kota, make prinsip
fungsional. hartina namu teh ngan ari aya perlu pisan. da masih bisa ku
cara teu datang, make telpon, sms, komo ayeuna aya e-mail. nya alus oge,
sabab mun kudu ngajugjug hiji tempat bari anggang mah meureun beurat di
ongkos. sanajan tangtu bae pikeun leuwih ngaraketkeun duduluran, tepung
jonghok alus pisan.
legana ieu wadul, ayeuna -ah geus ti baheula- wewengkon tatar sunda sigana
panglobana kasemahan di ieu nagreg. sabab jakarta ayana di sabudeureun
urang. loba semah atawa tamu nu matuh malah. jaradi urang jawa barat atawa
banten, tapi teu ngaku yen nu cicingan teh tatar sunda, wilayah budaya
urang Sunda. loba ketang nu ancrub nyunda, marake adat US siga basa atawa
kasenian sejenna.
mj
http://geocities.com/mangjamal
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
Corporate culture
Business culture of china
Organizational culture
Organizational culture change
Organizational culture assessment
Jewish culture
---------------------------------
YAHOO! GROUPS LINKS
Visit your group "urangsunda" on the web.
To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
---------------------------------
---------------------------------
Yahoo! Mail
Bring photos to life! New PhotoMail makes sharing a breeze.
[Non-text portions of this message have been removed]
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/