Ceuk cenah mah, pangpangna aya basa lemes teh saestuna ku sabab aya  karajaan 
atawa eta wewengkon teh deukeut kana puseur karajaan atawa  kakeunaan ku 
'hegemoni' karajaan... Di tempat lianna mah estu ngan  budaya 'egaliter' nu 
aya... Duka tah, da éta mah cekeng oge cenah...  Can pareng nalungtik, lah...
  
  Ari 'saestuna' naon? Ceuk R.C. Jamar Media tea mah (aya keneh henteu nya eta 
sandiwara tunggal teh?) kieu:
  
  saestuna saestuna
  nu hess tembong huntuna
  
  
  Punten ah,
  AJ

durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:          heu..heu...hayang seuri heula.
  
  Sareua kang emod. Di ciledug, di imah kuring. Eweuh undak usuk basa, da.
  Basa sunda nya basa sunda wae hiji. Euweuh basa lemes, sedeng, kasar.
  Rek ngomong jeung kolot, budak, babaturan sarua bae eta-eta keneh
  kalimat nu dipake. Conto yeuh dialog kuring jeung abah kuring;
  
  abah; "Geus madang encan, man? Tuh masih ngayah kejo."
  maman; "Encan. Dengeuna aya naon bae bah? Aya celem kangkung henteu?"
  abah; "Kop bae kadia saaya-aya. Tuh gereng dage oge aya." 
  
  Aya ketang nu make basa sunda+undak-usuk basa. Nyaeta dikalangan MENAK
  alias PRIYAYI (guru sakola, pegawe kehutanan, pagawe negeri nu sejena.
  Tapi....henteu sepenuhna bener oge ketang. Maranehnamah ayeuna geus make
  BAHASA INDONESIA di imahna).  
  
  
  > -----Original Message-----
  > From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] 
  > Sent: Wednesday, March 01, 2006 1:31 PM
  > To: [email protected]
  > Subject: Balasan: Re: Balasan: Re: [Urang Sunda] Sunda Kulon & Sunda
  > Wetan ->Kang Emod
  > 
  > Atuh karunya urang Sunda pasisian ( di luar Priangan ) anu masih keneh
  > nyekel bahasa karuhunna kaasup jalma anu teu saropan, jeung teu taqwa
  > deuih.
  >    
  >   Kuring ngobrol jeung kolot, jeung tatangga saluhureun, sahandapeun di
  > lembur make bahasa kasar (ceuk urang kota), euweuh nu kasinggung, sugan
  > aya no ngomong " Teu sopan siah...!" biasa we hog hag.
  >    
  >   contona : Saya berkata, Raja/Nabi bersabda,
  > Tuhan/Alloh berfirman (hartina sarua nyaeta
  > "nyarita/ngucapkeun" tapi kecap anu digunakeun beda
  > 
  >   Kecap Firman mun teu salah mah bahasa Arab, ari urang Indonesia mah
  > pinter memperhalus basa ( cenah..! ), teuing urang Indoesia mana ?
  >    
  >   Conto: Rawan pangan, nu puguh mah KALAPARAN, teuing tah naon
  > maksudna..?
  >    
  >   Ceuk beja...ieu mah....! Undak usuk basa teh asalna ti Jawa ( Jawa
  > Tengah ). Undak usuk = undak undakkan = bertingkat, cacah, sedeng,
  > menak. Mun teu salah mah kapan Karajaan Sunda teh kungsi di jajah ku
  > Mataram, tah tidinya kabudayaan Jawa asup ka Sunda, tong heran lamun
  > dina panganten adat Sunda Lalakina nyoren KERIS, di Pasantren ( Jawa
  > Barat ) Al-Qur'an / Hadist diterjemahkeun heula kana basa Jawa terus
  > kana basa Sunda, jadi santri teh kudu bisa basa Jawa.
  >    
  >   Kuring pernah maca artikel Ajip Rosidi di koran PR, Kunaon urang Sunda
  > ninggalkeun bahasa Sunda, nyaeta ku ayana undak usuk basa. Undak usuk
  > basa ngan saukur ngabedakeun manusa tina sisi sosial, undak usuk basa
  > bahasa Feodalis, mun teu percaya sok teangan dina asrsip koran PR.
  >    
  >   Tah lamun nulis milis didieu bebas meureun...? asal sopan...! ari
  > batasan sopan ( ngomong ) tiap-tiap daerah boga batasan masing-masing,
  > teu sarua heu..ueh..!
  >   Boga budaya masing-masing. Da Sunda teh lega, rupa-rupa deuih.
  >    
  >   Cag ah...Lapar euy...!
  >    
  >   Emod Morales, Cikijng Majalengka.
  >   SD : TARUNA Bandung
  >   SMPN 6 Bandung
  >   STMN Pembangungan Cimahi - Bandung
  >   UNJANI Cimahi - Bandung, menang gelar ST = Sarjana Teu anggeus
            

    Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
    

                      

          SPONSORED LINKS    
                                                        Corporate culture       
                                   Business culture of china                    
                      Organizational culture                                    
                                      Organizational culture change             
                             Jewish culture                                     
                        
        
---------------------------------
    YAHOO! GROUPS LINKS  
  
      
    Visit your group "urangsunda" on the web.
     
    To unsubscribe from this group, send an email to:
 [EMAIL PROTECTED]
     
    Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.  
  
      
---------------------------------
  
  
          

                        
---------------------------------
 Yahoo! Mail
 Use Photomail to share photos without annoying attachments.

[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke