Mj,

Niat kacida mairan ieu jejer, ngan hanjakal keur pakepuk pisan hehehe. Enya,
anu katewak kamari tina riungan, aya sari ukur panineungan kajayaan baheula
materi-materi anu ditepikeun teh. Komo eta lebah anu ngaguar lalakon baheula
nepi ka ngaleuwihan waktu anu diancokeun.

Sok sanajan kitu, aya eta oge kamelang jeung perhatian kumaha pikahareupeun
mah. Sakumaha anu ditalatahkeun ku Mang Ihin, yen nulis buku teh lain ukur
nostalgia kajayaan baheula, tapi kudu oge diringkelkeun kumaha
pikahareupeun. Niat jeung prak anu boga hajat sorangan, mimiti neuleuman
kasundaan pikeun ngahudangkeun deui "kajayaan" nu boga lalakon geus kacida
matak pikabungaheunana. Ku sakitu, basa kamari MJ ngaharewos yen boa-boa
ngotektak ajen-inajen teh kulantaran eleh dina teknologi, rada digebes na
hate hehehe. Keun Mj, jeroanana oge penting kacida, sugan ke ku sumangetna
aya kakuatan keur mibanda strategi katut teknologi anyar anu diperlukeun.

Di sagigireun ti eta, tina riungan gumplukan leutik ba'da rehat, samemeh
pleno (da kuring oge teu nepi ka sidang pleno ngaluuhan teh), tetela
kapanggih yen teu sakabeh prajurit apal kana sajara Sunda (garis badagna wae
teu nepi ka ringkelan anu laleutikna oge). Eta wae, waktu si kuring
nyabit-nyabit "Amanah Galunggung" teh aya anu molohok siga anu karek
harita miresep eta naskah kuno (padahal diantara eusi ieu naskah kuno
teh jadi bahan makalah pajeumuhan ti panitia). Geus lir ari anu "sinis" kana
sajarah Sunda mah, teu kudu diberebetkeun di dieu, bisi pada nyarekan.

Kacindekanana mah taya lian, memang perlu usaha soson-soson pikeun
ngarumuskeun naon wae anu perlu diringkelkeun dina buku samodel kitu. Hiji
buku anu di sagigireun nostalgia kajayaan baheula oge cenah dipiharep
jadi hiji tuturus lengkah pikahareupeun.

Sakitu heula.

baktos,
manAR


On 3/14/06, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> hehe. kapinteran strategis suharto memang ampir sampurna. tangtara mah pan
> hirup dina cara komando. sanajan ngangge ruh sunda, angger kudu taat bin
> satia ka jakarta. ongkoh suharto jenderal senior AD, jadi presiden.
> kumplit
> we kadiktatoranana. ciri has nagara berkembang.
>
> sigana salah sahiji   cara sangkan serdadu siliwangi lindeuk ka jkt nya
> kucara dicampur ku batur. pikeun ngurangan adat pundung US. mun pundung,
> siliwangi ngamuk, ngaberontak. RI  dijamin....bubar.  mamtak meureun ieu
> mah, panglimana urang mana mendi dina raraga nasionalisme tea. sisi
> sejena,
> tatar sunda teh ti baheula jadi tuan rumah sagala perkara di ieu nagreg.
> us,
> serdaduna, ngan bagean nu susahna. kudu numpes pemberontakan dimana-mana,
> malah milu ngajaga perdamean di timteng oge kongo tea.
>
> punten pami teu nyambung
>
> On 3/13/06, dede mariana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > ngan hanjakalna teh sok tara didongengkeun (diserat) mangrupi fakta
> > sejarah yen tentara siliwangi teh taun 1966 mah 'eleh/teu walayakaya'
> diceos
> > ku suharto, malah pan pa Ibrahim Adjie na ge di dubeskeun+di batam keun
> > sanes. Tapi memang jigana mah mun didongengkeun bisi matak putus harepan
> ka
> > para perjuritna oge para jendral2na nu kadieunakeun, d malum panginten
> ari
> > sajarah tentara mah kedah dongeng nu kenging/digjaya tea. Padahal
> penting
> > oge kunaon ber teu walakaya? malah pa Dharsono mah tug dugi ka pupusna
> ge
> > mun teu lepat mah masih ditalikung ku suharto. Mudah2an we aya kawantun
> ti
> > para ahli sajarah kanggo ngungkab fakta sajarah nu langkung utuh.
> >
> > dmar
> >
> > http://geocities.com/mangjamal
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> >
> >
> >
> >
> > SPONSORED LINKS
> >        Corporate culture   Business culture of china   Organizational
> > culture     Organizational culture change   Organizational culture
> > assessment   Jewish culture
> >
> > ---------------------------------
> > YAHOO! GROUPS LINKS
> >
> >
> >    Visit your group "urangsunda" on the web.
> >
> >    To unsubscribe from this group, send an email to:
> > [EMAIL PROTECTED]
> >
> >    Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
> >
> >
> > ---------------------------------
> >
> >
> >
> >
> > Send instant messages to your online friends
> http://uk.messenger.yahoo.com
> >
> > [Non-text portions of this message have been removed]
> >
> >
> >
> > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> >
> > Yahoo! Groups Links
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
>
>
> --
> geocities.com/mangjamal
>
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>


[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke