Ceuk cenah prajurit Siliwangi teh prajurit profesional. Panglima 
SIliwangi jeung pimpinan nu sejenna, umumna tamatan sakola akademi 
militer jaman Walanda( Nasution, Ahmad Kartakusumah, Kawilarang 
tamatan Akademi Milter di Bandung, Hidayat M, tamatan akademi Milter 
Breda di Walanda). Aranjeunna dididik ku pendidikan militer a'la 
Eropa, nu leuwih nekenkeun ka militer proffesional tinimbang jadi 
militer "politik". Profesionalna Siliwangi tiasa ditingali ku tiasa 
numpes pemberontakan di ampir sakuliah Indonesia.

Siliwangi di taun 1965, hiji Divisi tantara nu sabenerna 
mah "pikasieuneun" jeung dipisirik ku divisi sejenna. Siliwangi, hiji-
hijina divisi militer di Indonesia nu lebet kana "Jane Military 
Book", handbookna militer sadunya. Tapi saperti umumna tantara 
profesional, tantara Siliwingi teu resepeun kana urusan politik, 
tetep satia kana parentah pimpinan. Eta ditunjukkeun ku Ibrahim 
Adjie. Sagalak-galakna "maung" Ibrahim Adjie, tetep anjeunna tentara 
profesional, nu kudu nurut ka pimpinan. Padahal upami Pa Adjie gaduh 
ambisi politik, sakedap oge jakarta dikawasa, komo deui Panglima 
Kodam Jaya, jaman harita, urang "Siliwangi" keneh, nyaeta Umar 
Wirahadikusumah.


Kuring tetep reueus ka Divisi Siliwangi, da sabenerna tantara teh 
kudu kitu, kudu jiga prajurit Siliwangi jaman kapungkur, profesional, 
teu ngiluan politik, tapi tetep satia ka Nagara.

Baktos,
WALUYA  

--- In [email protected], mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> hehe. kapinteran strategis suharto memang ampir sampurna. tangtara 
mah pan
> hirup dina cara komando. sanajan ngangge ruh sunda, angger kudu 
taat bin
> satia ka jakarta. ongkoh suharto jenderal senior AD, jadi presiden. 
kumplit
> we kadiktatoranana. ciri has nagara berkembang.
> 






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke