Hehehe, si Kang Kumi geus rek boga budak euy. Enya
Kang Kumi, jiga nu dicaritakeun ku Bah Willy,
ngalarang budak molototan TV teh, lain pagawean
gampang. Aya dongeng pangalaman pribadi yeuh, perkara
per-TV-an teh. Pernah dina mangsa si cikal balita
keneh, kuring jeung indung budak ngayakeun gempungan -
nurutan anggota dewan - terus nyieun draft rancangan
UURT-ASTV (Undang - Undang Rumah Tangga Anti Siaran
TV). Hehehe.

Eta UURT teh ngan efektif teu lana. Sajalan jeung
nambahna umur budak, kagiatan sosial budak oge
nambahan. Nu asalna, ngan resep ngahekok di jero imah,
tambah gede, budak oge natangga boga batur ulin
sorangan. Nya eta gerakan ASTV teh teu bisa
diterapkeun di imah tatangga mah. Akhirna, UURT-ASTV
teh  diamandemen. Keur nyalurkeun kagiatan budak,
kapaksa meuli TV. Ngan diwatesan we nontonna bari
sakapeung sok ngahajakeun dibaturan.

Memang upama ditaragal mah hese, ngalarang lalajo TV
teh. Nya sok diakalan, budak teh ti keur leutik keneh,
sina ulin dina tumpukan buku. Alhamdulillah, ku resep
maca, rada kapengparkeun kana TV teh. Ngan heunteu we
ari nepi ka diculkeun mah. 

Tah kitu dongeng ringkesna mah.

(mh)

--- waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Ngring mairan Kang Kumi. Nu jelas ngalarang budak
> lalajo TV, hiji pagawean panghesena ....hehehe.
Budak 
> kuring tilu, kabehanana resep lalajo TV. 
> Kadang-kadang ribut parasea parebut televisi, da 
> karesepna beda-beda. Tapi nu gede, geus mahasiswa, 
> geus mimiti palah-pilih 
> acara TVna teh, teu kabeh dilalajoan. Manehna ngan
> resep lalajo maen 
> ball jeung balap mobil. Film oge teu resepeun, iwal
> lamun filmna anu 
> memang sae (direkomendasi ti kuring ....hehehehe).
> Nu penting mah 
> dina yuswa balita, budak ulah sina caket teuing
> lalajona kana pesawat 
> TV, bisi kumaonam socana ......
> 
> Baktos,
> WALUYA


=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke