Aa. Mun teu salah sateuacana tos aya nu ngalawer cenah bandung teh 
ayeunamah angkotna geus tertib, daerahna bersih, jrrd. Jadi waleran 
etateh kumaha? Bohong kituw?

AA misan wrote:

>Ieu mah kadar wawar ka Neng Ana nu ayeuna aya di Malang,
>  Bdg masih keneh pabaliut ku rupa-rupa alat transportasi. Angkot, 
> beca,beus,keretek,taksi plus kendaraan pribadi nu teu saeutik jumlahna.
>  Kitu deui soal runtah,komo mun Neng Ana nganjang ka tempat runtah mah.
>  Tah ayeuna sual banjir, ah teu kudu dicaritakeun deui. komo mun keur usum 
> ngijih mah. Daerah Kumuh ? Rarasaan mah daerah kumuh teh aya di nagara mana 
> bae oge, hartina teu didominir ku Bandung wungkul. Atuh mudah-mudahan bae 
> kapayun mah teu kitu.
>  Ku kituna atuh peupeujeuh ka Neng Ana omat ulah waka ka Bandung upami kota 
> ieu can jiga New York, Paris, Tokyo atanapi kota liana di nagara sanes
>  nu tos tumaninah oge genah dicicingana. InsyaAlloh enjing jaganing pageto 
> eneng diwartosan upami kira-kira kaayaan kota Bandung tos nyugemakeun Neng 
> Ana. Teu hilap 'ide' atanapi 'saran-saran' ti Neng Ana diantos pisan ku urang 
> Bandung sangkan kota ieu tumaninah dicicinganana. Ulah mung rumahuh wungkul 
> nu antukna moal bakal ngarobah kaayaan . Cag ah !
>   
>  Urang Bandung
>  Misan -
>    
>
>ana kristiana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>  Pribados tos dua warsih teu ka Bandung, bade tumaros ka baraya anu masih 
> calik di Bandung.
>   
>  1. Naha di Bandung angkotna masih pabaliut kitu ?
>  2. Naha Bandung masih janten kota sampah ?
>  3. Naha Bandung selatan masih banjir ?
>  4. Naha daerah Kircon (Kiara Condong), Cicadas, Kebon Bibit, Sekeloa, 
> Cihampelas, Cipedes... jst ...masih janten daerah terkumuh sa Indonesia.
>   
>  
>


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke