heu..heu...meni pabeulit nya...mana atuh nu bener ? Nu jelas mah, di Bandung teh ayeuna mah matak lieur. rebo kamari, basa tos lalajo pasanggiri pupuh di UPI, nyimpang heula ka Cihampelas nganjang kost-an basa keur jaman kokoboyan di Gang Bongkaran. Ti dinya, satadina mah rek ka Linggawastu. Rarasaan mah ti cihampelas teh mengkol wungkul ka kenca, ka Wastukencana, tuluy mengkol deui ge geus nepi. Tapi harita mah, ti Cihampelas teh geuning mapay jalan layang tea, jol-jol teh geus aya di balubur.
Ti balubur teh balik deui we, mapay2 Unisba, bari luak-lieuk sugan aya keneh batagor Mang Oyen, ngan teu nimu. Anjog deui ka Wastukencana, tapi kalah ka sa jalur geuning, ahirna mah mapay2 jalan merdeka, satadina mah rek muter ka stasion meh liwat ka cicendo. tapi teuing ku geus lieur teuing ku salah jalan, da kaweur tea, da geus peuting, jalan teh sa-arah wae, jol we ka arah tegal lega. Emh...beuki lieur wae .. komo pulisi ge meni curinghak nempo nu sasab teh... Sa-jam satengah kukurilingan di kota bandung, ahirna mah nimu jalan ka Pasteur, tuluy ngabiur deui balik ka jakarta. teu jadi we ka linggawastu teh, da kaburu peuting. maklum, geus mangtaun-taun jeung bitaun-taun teu nganjang ka bandung, padahal baheula mah tukang ulin. -dul- --- In [email protected], durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Aa. Mun teu salah sateuacana tos aya nu ngalawer cenah bandung teh > ayeunamah angkotna geus tertib, daerahna bersih, jrrd. Jadi waleran > etateh kumaha? Bohong kituw? > > AA misan wrote: > > >Ieu mah kadar wawar ka Neng Ana nu ayeuna aya di Malang, > > Bdg masih keneh pabaliut ku rupa-rupa alat transportasi. Angkot, beca,beus,keretek,taksi plus kendaraan pribadi nu teu saeutik jumlahna. > > Kitu deui soal runtah,komo mun Neng Ana nganjang ka tempat runtah mah. > > Tah ayeuna sual banjir, ah teu kudu dicaritakeun deui. komo mun keur usum ngijih mah. Daerah Kumuh ? Rarasaan mah daerah kumuh teh aya di nagara mana bae oge, hartina teu didominir ku Bandung wungkul. Atuh mudah-mudahan bae kapayun mah teu kitu. > > Ku kituna atuh peupeujeuh ka Neng Ana omat ulah waka ka Bandung upami kota ieu can jiga New York, Paris, Tokyo atanapi kota liana di nagara sanes > > nu tos tumaninah oge genah dicicingana. InsyaAlloh enjing jaganing pageto eneng diwartosan upami kira-kira kaayaan kota Bandung tos nyugemakeun Neng Ana. Teu hilap 'ide' atanapi 'saran-saran' ti Neng Ana diantos pisan ku urang Bandung sangkan kota ieu tumaninah dicicinganana. Ulah mung rumahuh wungkul nu antukna moal bakal ngarobah kaayaan . Cag ah ! > > > > Urang Bandung > > Misan - > > > > > >ana kristiana <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Pribados tos dua warsih teu ka Bandung, bade tumaros ka baraya anu masih calik di Bandung. > > > > 1. Naha di Bandung angkotna masih pabaliut kitu ? > > 2. Naha Bandung masih janten kota sampah ? > > 3. Naha Bandung selatan masih banjir ? > > 4. Naha daerah Kircon (Kiara Condong), Cicadas, Kebon Bibit, Sekeloa, Cihampelas, Cipedes... jst ...masih janten daerah terkumuh sa Indonesia. > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

